wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSAT SEMESTER 2 BAHASA SUNDA KELAS X 2025

Total questions: 40

Worksheet time: 23mins

Name
Class
Date
1.

"Sim kuring ngadeg di ieu papanggungan kanggo ngadugikeun biantara dina raraga miéling poé kamerdékaan RI ka-73..."

Sempalan biantara di luhur kaasup kana bagian ....

a)

Mukadimah

b)

Ngahaturkeun nuhun

c)

Ngadadarkeun (menjelaskan) tujuan

d)

Sanduk-sanduk

2.

Bilih aya kaceletot basa salami biantara, hapunten ka sadayana.

Ungkara di luhur teh biasana diomongkeun dina biantara minangka bagean ....

a)

panutup

b)

doa

c)

bubuka

d)

eusi

3.

Solawat miwah salam mangga urang haturkeun ka jungjungan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW, ka para sohabatna, ka kulawarga, tug dugi ka urang salaku umatna.

Ungkara di luhur teh dina biantara kaasup kana bagean ....

a)

panutup

b)

doa

c)

bubuka

d)

eusi

4.

Tema biantara nu luyu pikeun ditepikeun dina acara paturay tineung nya eta :

a)

miara kabersihan lingkungan

b)

ngalaksanakeun bakti sosial

c)

milih pergaulan nu sehat

d)

papisah lain hartina megatkeun silaturahmi

5.

Mung sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna kangge urang sadayana. Hapunten bilih aya kakirangan.

Kalimah di luhur mangrupa conto kalimah ... dina biantara.

a)

Salam bubuka

b)

Bubuka

c)

Eusi

d)

Panutup

6.

Hadirin hormateun simkuring, dina danget ieu simkuring bade ngadugikeun sababaraha perkawis.

Kalimah di luhur kaasup bagian ... dina biantara.

a)

Salam bubuka

b)

Bubuka

c)

Eusi

d)

Panutup

7.

Biantara nu ngadadak, henteu tatahar heula disebut ....

a)

Metode talaran

b)

Metode maca naskah

c)

Metode catetan ringkes

d)

Metode dadakan

8.

Biantara kucara ngagunakeun naskah disebut ....

a)

Metode talaran

b)

Metode maca naskah

c)

Metode catetan ringkes

d)

Metode dadakan

9.

Biantara ku cara nempo raraga atawa runtuyan ringkes eusi biantara disebut .....

a)

Metode catetan ringkes

b)

Metode dadakan

c)

Metode maca naskah

d)

Metode talaran

10.

Biantara kucara ditalar atawa diapalkeun heula naskahna disebut.....

a)

Metode dadakan

b)

Metode talaran

c)

Metode maca naskah

d)

Metode catetan ringkes

11.

……...

Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….


ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

mamanis biantara

12.

...

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi bianta

d)

mamanis biantara

13.

Anu katelah salaku orator ulung nyaeta ...

a)
b)
c)
d)
14.

Teknik biantara anu carana nyiapkeun gurat badag picaritaeun disebut teknik ...

a)

Manuskrip

b)

Memoriter

c)

Ekstemporan

d)

Impromtu

15.

Para hadirin anu ku simabdi dipikahormat, dina kasempatan ieu simabdi bade ngadugikeun hiji pidato atawa biantara nu judulna “pentingna ngalestarikeun budaya bahasa sunda dikalangan remaja atawa budak ngora di Jawa Barat”. Eta conto kalimah disebut ...

a)

sanduk-sanduk

b)

Du'a

c)

Nepikeun jejer

d)

Catur nuhun

16.

Ieu foto kaasup kana conto biantara anu make gaya ...

a)

Religius

b)

Agiator

c)

Sentimentil

d)

Konversasi

17.

Ieu foto kaasup kana conto biantara anu make gaya ...

a)

Konversasi

b)

Religius

c)

Didaktik

d)

Agiator

18.

Ieu foto kaasup kana conto biantara anu make gaya ...

a)

Didaktik

b)

Konversasi

c)

Agiator

d)

Teater

19.

Ieu gambar kaasup conto biantara anu make gaya ...

a)

Sentimentil

b)

Didaktik

c)

Agiator

d)

Konversasi

20.

Ieu foto kaasup kana conto biantara anu make gaya ...

a)

Religius

b)

Didaktik

c)

Konversasi

d)

Sentimentil

21.

metodeu/teknik dina nepikeun biantara ku cara nuliskeun poin poin nu dianggap penting nyaeta...

a)

ngapalkeun biantara

b)

improptu

c)

ekstemporan

d)

persuasif

e)

maca naskah biantara

22.

Pak president biantara na sok nyandak wae naskah. Hal eta dilantarankeun biantarana paranjang.

Disebut naon metode anu digunakeun ku presiden teh...

a)

Impromtu

b)

Ekstemporan

c)

Memoriter

d)

Diapalkeun

e)

Manuskrip

23.

Jalma nu ahli biantara disebut …..

a)

orator

b)

hotib

c)

operator

d)

proklamator

24.

Sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang keur biantara/pidato, iwal…...

a)

Sikep tenang jeung wajar ulah di jieun-jieun

b)

Eusi/ materi biantara kudu luyu jeng acara nu keur dilaksanakeun

c)

Tagog/penampilan kudu gaya

d)

Merhatikeun waktu nu disadiakeun ku panata acara

25.

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara, diantarana saperti ieu dihandap iwal….

a)

nutup materi nu ditepikeun

b)

nghaturkeun nuhun ka na perhatian nu hadir

c)

medar topik/tema biantara

d)

mere salam panutup

26.

Bagian-bagian dina biantara aya tilu, nya eta saperti ieu di handap, iwal

a)

eusi

b)

panutup

c)

bubuka

d)

salam panutup

27.
Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut …..
a)
Dongeng
b)
Biantara
c)
Pupuh
d)
Pantun
e)
Carita Wayang
28.

 Nu ngatur lumangsungna kagiatan diskusi atawa rapat disebut ...

a)

Panumbu Catur

b)

Girang Pangajén

c)

Pamilon

d)

Girang Serat

29.

Saméméh ngalaksanakeun tugas jadi panumbu catur, aya sawatara hal anu perlu dilakonan, di antarana:

Mikanyaho runtuyan acara. Conto dina mikanyaho runtuyan acara panumbu catur nya éta ...

a)

Hadéna mah urang geus maca heula makalah atawa matéri unggal narasumber.

b)

Moderator kudu bisa ngatur pamilon sangkan sumanget dina miluan kagiatan diskusi.

c)

Sangkan teu salah nyebut ngaran atawa pagawéan narasumber.

d)

Lilana waktu anu disadiakeun pikeun unggal narasumber, tanya-jawab, istirahat, jeung bisa ngatur suasana diskusi.

30.

Panumbu catur katelah ogé ku istilah...

a)

Moderator

b)

MC

c)

Protokol

d)

Pembawa acara

31.

Dina prak-prakan jadi panumbu catur téh strukturna kabagi jadi sababaraha bagian, nyaéta bubuka, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, méré kasempetan nanya ka

pamilon, jeung panutup. Nu kaasup conto dina bubuka nya éta ....

a)

Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.

b)

Wilujeng sumping ka para pamilon ieu diskusi. Ieu diskusi téh dilaksanakeun lantaran ayana rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu beuki dieu téh beuki ruksak, di antarana dilantarankeun ku miceun runtan di mana waé, nu antukna nimbulkeun caah atawa banjir. Tujuan ieu diskusi téh nyaéta kumaha sangkan urang bisa ngajaga lingkungan sangkan beresih, séhat, jeung henteu nimbulkeun musibah.

c)

Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’.

d)

Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Asép Soléhudin, badé ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas matéri salami 10 menit.

32.

Panumbu catur atawa moderator sakapeung mah sarua jiga panata acara, panumbu catur teh hartina ....

a)

Jalmi nu ngatur sakabeh sesi kagiatan tina acara

b)

Jalmi nu ngawanohkeun pamilon

c)

Jalmi nu ngatur hiji sesi kagiatan tina acara

d)

Jalmi nu sok heureuy

e)

Jalmi nu mikanyaho kasangtukang pangjejer

33.

Jalma nu ngatur jalanna dina diskusi teh disebutna ....

a)

Girang serat

b)

Pangjejer

c)

Panumbu catur

d)

Pamilon

e)

Narasumber

34.

Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widangkaséhatan lingkungan, badé ngabahas matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihanjeung Kaséhatan Lingkungan’.Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....

a)

bubuka

b)

ngawanohkeun narasumber

c)

méré kasempetetan nanya

d)

pedaran singget diskusi

35.

Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sarengsukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Haturnuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuringkanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongn panumbu catur dina bagian ....

a)

bubuka

b)

ngawanohkeun narasumber

c)

méré kasempetetan nanya

d)

pedaran singget diskusi

36.

Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. Muga-muga mangpaat sarengjadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagalakalepatan. Wassalamualaikum wr.wb.Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....

a)

bubuka

b)

pedaran singget diskusi

c)

ngawanohkeun narasumber

d)

panutup

37.

"Wilujeng siang/sonten/wengi"

Pokpokan Panumbu Catur di luhur mangrupa... dina acara sawala.

a)

Ngawanohkeun diri

b)

mungkas sawala

c)

Salam bubuka

d)

ngamimitian sawala

38.

Mandu acara poe senen dina kagiatan upacara bendera, kaasup kana papasing mandu acara...

a)

Formal

b)

Teu Formal

c)

Semi Formal

d)

Impromtu

39.

Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.

Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongn panumbu catur dina bagian

a)

bubuka

b)

ngawanohkeun narasumber

c)

méré kasempetetan nanya

d)

pedaran singget diskusi

e)

panutup

40.

Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. Muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Wassalamualaikum wr.wb.

Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian

a)

bubuka

b)

ngawanohkeun narasumber

c)

méré kasempetetan nanya

d)

pedaran singget diskusi

e)

panutup