Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Pretes Drama Kelas 12

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut ....

a)

épilog

b)

dialog

c)

monolog

d)

prolog

e)

katalog

2.

Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh ....

a)

antagonis

b)

protagonis

c)

piguran

d)

aktor

e)

aktris

3.

Titenan gambarna! Dina galur carita drama, lebah tanda tanya disebut ....

a)

éksposisi

b)

komplikasi

c)

antiklimaks

d)

klimaks

4.

Drama anu caritana campuran antara lulucon jeung kasedihan nu kaalaman ku tokoh-tokohna disebut ....

a)

tragédi

b)

komédi

c)

stratégi

d)

sandiwara

e)

komédi-tragédi

5.

Conto drama tragédi kawentar anu ditulis ku dramawan Inggris anu kasohor, William Shakespeare, nyaéta ....

a)

Roméo jeung Juliét

b)

Rama jeung Sinta

c)

Nganti-nganti Godot

d)

Tunangan

e)

Jas Hujan Pesenan

6.

Tengetan runtuyan ieu di handap:

1) loba improvisasi

2) peran sutradara penting kacida

3) dipintonkeun di tempat terbuka

4) make naskah

5) taya wates jeung nu nongton

 

Téater rayat atawa drama tradisional cirina dituduhkeun ku nomer ....

a)

1, 2, 3, 4, 5

b)

1, 3, 5

c)

2, 4, 5

d)

1, 3, 4, 5

e)

1, 4, 5

7.

Mana runtuyan struktur manggungkeun drama anu merenah?

a)

nyadiakeun naskah drama, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, manggung

b)

nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, nulis naskah, latihan, manggung

c)

nangtukeun aktor jeung aktris, nyusun naskah, nangtukeun sutradara, latihan, manggung

d)

manggung, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, nyusun naskah

e)

nyusun naskah, latihan, nangtukeun sutradara jeung aktor/aktris, latihan

8.

Ceuk MA Salmoen, istilah "drama" dina basa Sunda téh kaasup anyar, lantaran éta istilah nepi ka taun .... teu kapanggih.

a)

1950-an

b)

1960-an

c)

1970-an

d)

1980-an

e)

1990-an

9.

Drama tradisinal anu séting panggungna ngagunakeun pakarangan terbuka, maké oncor nu ditancebkeun maké tihang awi, sarta waktu magelaran pamaénna bisa interaksi langsung jeung nu nongton disebut ....

a)

ubrug

b)

banjet

c)

sandiwara

d)

tunil

e)

longsér

10.

Mana dina pernyataan ieu di handap anu kagolong kana ciri-ciri téater rayat atawa drama tradisional?

a)

pagelaran jeung sétingna dinamis

b)

pamaénna (aktris jeung aktorna) dipilih dumasar hasil casting

c)

umumna dipagelarkeun di téater tertutup

d)

pamaénna leuwih ngandelkeun improvisasi

e)

pagelaranana dilaksanakeun dumasar atawa matok kana skénario

11.

Drama Sunda anu dialog-dialogna diréka maké tembang atawa lagu siga opera di Eropa disebut ....

a)

tunil

b)

gending karesmén

c)

sandiwara rayat

d)

banjet

e)

tarling

12.

kulantaran ngebrehkeun paripolah palku, nyaeta palaku teh sina langsung meta, boh lahirna boh batina, Drama teh sok disebut sastra...

a)

carita

b)

pintonan

c)

lakon

d)

hirup

e)

paeh

13.

karya sastra dina wangun pagunemana (dialog) diantara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran) disebutna..

a)

gending karesmen

b)

sinetron

c)

drama

d)

pilem

e)

teater

14.

Ieu dihandap anu teu kaasup kana unsur unsur naskah drama nyaeta..

a)

babak jeung adegan

b)

wirahma

c)

prolog jeung epilog

d)

pertelaan palaku

e)

cacandran

15.

Di desa Cihapit ribut yen aya garong nu sok ngararad sakur nu aya di hareupeunnana. Hansip beak carita miskin pangakalan sangkan bisa newak eta garong.

Cutatan diluhur dina naskah drama kaasup kana bagean ...

a)

pertelaan palaku

b)

epilog

c)

prolog

d)

babak

e)

adegan