wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Evaluasi Pedaran Budaya Sunda dina Kawinan

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Pihak lalaki biasana méré barang minangka panyangcang sangkan éta awéwé teu di ka sasahakeun deui.

Éta prosési disebut .....

a)

Neundeun Omongan

b)

Narosan/Ngalamar

c)

Ngaras

d)

Nyandakkeun

2.

Dina prosési adat kawinan Sunda, aya nu disebut meuleum harupat. Pangantén istri nyodorkeun lilin tuluy pangantén pameget meuleum harupat ku éta seuneu tina lilin. Sanggeus kitu harupat nu geus diduruk téh diasupkeun kana kendi nu eusina cai sarta éta kendi téh dicekel ku pangantén istri. Makna tina simbol adat ieu nya eta ...

a)

Harupat nu dicekel ku pangantén pameget ngalambangkeun amarah, sedengkeun lilin anu dicekel ku pangantén istri ngalambangkeun ngagedurna émosi.

b)

Seuneu mangrupa lambang tina emosi négatif sedengkeun cai mangrupa lambang tina emosi positif, hartina istri kudu bisa terus méré hal positif ka salakina sanajan salaki ngalampahkeun hal négatif.

c)

Dipiharep pangantén istri jeung pangantén pameget bisa nungtaskeun sagala rupa masalah rumahtangga babarengan. Istri nyekel kendi nu eusina cai ngalambangkeun yén istri kudu bisa niiskeun sakumna pasualan anu keur karandapan ku salaki.

d)

Seuneu téh éléhna ku cai, nya kitu deui salaki, éléhna pasti ku istri (pamajikan)

3.

Pupuhu atawa jelema anu mandu dina upacara adat mapag pangantén, iwal .....

a)

Ki Léngsér

b)

Penari Payung

c)

Penari Mamayang

d)

Naib

4.

Bérés di papag tuluy pangantén lalaki dibagéakeun ku cara dikalungkeun kembang malati ku kolot pangantén awéwé.

Kembang malati anu diruntuykeun jadi kalung disebut .....

a)

Panglay

b)

Banglé

c)

Manglé

d)

Balé

5.

Pihak lalaki méré kalengkepan nikah kayaning duit, raksukan/baju, parabotan imah, kadaharan, jsb. disebut .....

a)

Neundeun Omong

b)

Seserahan

c)

Ngalamar

d)

Ngaras

6.
  1. 1. Nincak endog

2. Sawér pangantén

3. Meuleum harupat

4. Nyadiakeun sato ékah

5. Huap lingkung

Tradisi Sunda anu nyampak dina upacara adat kawinan dituduhkeun ku nomor .....

a)

1, 2, 3, 4

b)

1, 2, 3, 5

c)

1, 2, 4, 5

d)

2, 3, 4, 5

7.

Gambar di gigir mangrupa salah sahiji tradisi dina adat kawinan nu ngaranna ...

a)

Tingkeban

b)

Sungkem

c)

Huap Lingkung

d)

Siraman

8.

Dina tradisi kawinan, aya ngaranna tradisi huap lingkung. Kadaharan nu dipaké huap lingkung téh nyaéta .....

a)

Sangu Konéng

b)

Rujak

c)

Rendang

d)

Bubur Bodas jeung Beureum

9.

Tradisi meuleum harupat nyaéta tradisi anu dilaksanakeun ku cara meuleum harupat (wujudna siga nyéré) tuluy diduruk sanggeus kitu diasupkeun kana kendi anu aya eusian cai. Éta tradisi téh kaasup prak-prakan tradisi dina....

a)

Tingkeban

b)

Nyunatan

c)

Nikahan

d)

Babarit

10.

Anu mingpin prosés akad nikah nyaéta .....

a)

Tokoh Masyarakat

b)

Wali Nikah

c)

Naib

d)

Saksi

11.

Éta gambar téh nuduhkeun tradisi .....

a)

Nyalametkeun Pangantén

b)

Sawer Pangantén

c)

Siraman Pangantén

d)

Syukuran Pangantén

12.

Nincak endog dina prak-prakanana pangantén lalaki nginjek endog tuluy pangantén awéwé ngabersihan sampéan salakina ku cai nu aya dina kendi tuluy di lap nepi ka garing.

Éta kagiatan ngalambangkeun .....

a)

Istri kudu ngabdi kanu jadi salaki

b)

Istri kudu bisa nahan emosi

c)

Istri kudu bisa masak

d)

Istri kudu kudu jadi pamingpin

13.

Harupat dibeuleum (diseungeut/dihurungkeun), ngahasilkeun seuneu nu mangrupa gambaran amarah atawa hawa napsu, éta seuneu téh ditiup ku duaan malah sok terus diasupkeun kana kendi anu dieusi cai.

Ieu pertingkah téh mangrupa gambaran .....

a)

Panganten kudu sapapait samamanis

b)

Kudu silih hormatan

c)

Panganten kudu saling ngajaga

d)

Kudu bisa ngendalikeun amarah

14.

Meupeuskeun kendi dina upacara adat kawinan ngabogaan tujuan sangkan panganten .....

a)

ngagedekeun masalah dina kahirupan rumah tangga

b)

dina nyanghareupan masalah kudu cacarita ka batur

c)

bisa ngabereskeun masalah ku cara leuwih wijakasana

d)

ngabereskeun masalah kudu cacarita ka kolot

15.

Dina pabetot bakakak, pangantén anu meunang bagéan panggedéna bakal .....

a)

Gedé sambetan/hutang

b)

Gedé milik rezekina

c)

Gedé hulu

d)

Gedé daharna

16.

Dina acara kawinan sok aya tradisi sawéran. Nyawér téh saenyana mah mapatahan atawa nganaséhatan pangantén. Bahan-bahan anu digunakeun nyawer ngabogaan harti atawa ngalambangkuen hiji hal. Salah sahijina "konéng" ngalambangkeun .....

a)

Kabagjaan

b)

Rukun jeung Harmonis

c)

Beunghar

d)

Kamulyaan

17.

Dina acara kawinan sok aya tradisi sawéran. Nyawér téh saenyana mah mapatahan atawa nganaséhatan pangantén. Bahan-bahan anu digunakeun nyawer ngabogaan harti atawa ngalambangkuen hiji hal. Salah sahijina "béas" ngalambangkeun .....

a)

Kabagjaan

b)

Rukun jeung Harmonis

c)

Beunghar

d)

Kamulyaan

18.

Dina acara kawinan sok aya tradisi sawéran. Nyawér téh saenyana mah mapatahan atawa nganaséhatan pangantén. Bahan-bahan anu digunakeun nyawer ngabogaan harti atawa ngalambangkuen hiji hal. Salah sahijina "permén" ngalambangkeun .....

a)

Kabagjaan

b)

Rukun jeung Harmonis

c)

Beunghar

d)

Kamulyaan

19.

Dina acara kawinan sok aya tradisi sawéran. Nyawér téh saenyana mah mapatahan atawa nganaséhatan pangantén. Bahan-bahan anu digunakeun nyawer ngabogaan harti atawa ngalambangkuen hiji hal. Salah sahijina "duit" ngalambangkeun .....

a)

Kabagjaan

b)

Rukun jeung Harmonis

c)

Beunghar

d)

Kamulyaan

20.

Dina kawinan pihak lalaki jeung awéwé sujud ka kolot sewang-sewangan nyaéta .....

a)

nincak endog

b)

sungkem

c)

Meleum harupat

d)

Huap lingkung