wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Pretes Sisindiran Kelas 11

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Ka Bandung ge meni ulah

Balik-balik rek ka mana

Ka Bandung arek kuliah

Balik-balik jadi Sarjana

Dumasar strukturna, sisindiran di luhur ka asup....

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

wawangsalan

d)

tatarucingan

2.

Ka Bandung ge meni ulah

Balik-balik rek ka mana

Ka Bandung arek kuliah

Balik-balik jadi Sarjana

Dumasar eusina, sisindiran di luhur kaasup jenis....

a)

sesebred

b)

silihasih

c)

piwuruk

d)

pangeling

3.

Karya sastra anu ngagunakaeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun nyaḗta....

a)

paguneman

b)

sisindiran

c)

tatarucingan

d)

drama

4.

Cangkang dina paparikan ayana dina padalisan ka . . .

a)

1 jeung 2

b)

1 jeung 3

c)

2 jeung 3

d)

2 jeung 4

5.

Dumasar kana wangun atawa strukturna, sisindiran dibedakeun jadi tilu rupa, nya eta.....

a)

silihasih, piwuruk, sesebred

b)

paparikan, rarakitan, tatarucingan

c)

paparikan, silihasih, wawangsalan

d)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

6.

Sing getol nginum jajamu

nu guna nguatkeun awak

Sing getol neangan elmu

nu guna dunya aherat

Sisindiran di luhur dumasar struktur jeung eusina kaasup wanda/jenis....

a)

rarakitan sesebred

b)

rarakitan piwuruk

c)

paparikan piwuruk

d)

rarakitan silihasih

7.

Abdi mah caruluk Arab

Teu tarima tḗh teuing....

Sisindiran di luhur kaasup wanda....

 

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

tatrucingan

d)

wawangsalan

8.

Belut sisit saba darat.

Kapiraray siang weungi.

Wangsalna ....

a)

oray

b)

soang

c)

kadal

d)

singa

9.

Meuli hayam ka buruan ,
Balikna mah meuli nangka .
Lamun urang sok ngalawan ,
Pasti asup ka naraka.

Sisindiran di luhur dumasar struktur jeung eusina kaasup wanda .....

a)

rarakitan silihasih

b)

rarakitan piwuruk

c)

paparikan silihasih

d)

paparikan piwuruk

10.

Neang wadah nu teu bolong,
Ngan ditéang laleungitan.
Hate mah teu bisa bohong,
Mun didinya bogoh pisan.

Dumasar struktur jeung eusina sisindiran di luhur kaasup wanda .....

a)

paparikan silihasih

b)

paparikan sesebred

c)

papatrikan piwuruk

d)

rarakitan silihasih

11.

Di handap ieu mangrupakeun conto sisindiran wanda paparikan sesebred, nyaḗta ....

a)

Meuli cabe eujeung babat,
Balikna nyimpang ka Ema.
Urang kudu getol salat,
Salat wajib anu lima

b)

Kaso pondok kaso panjang,
Kaso ngaroyom ka jalan.
Sono mondok sono nganjang,
Sono papanggih di jalan

c)

Hayang pisan geura dahar,
Ngan taya rencang sanguna.
Hayang pisan jadi beunghar,
Ngan kudu getol usahana

d)

Bankuang di kebon cikur,

kelewih jeung buah leunca.

Si Akang ngaku direktur,

kapanggih keur ngabḗca.

12.

Tumbila disde boksen,

ditonjokkan ku adina.

Beuki lila beuki ......

tuda geus aya gantina.

Kecap pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaḗta ....

a)

cinta

b)

bosen

c)

nya'ah

d)

deudeuh

13.

Kleup mḗngbal ti Itali,

...............................................

Wangsalna: Juvḗntus.

Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan wawangsalan di luhur nyaḗta .....

a)

moal betus nyimpen rusiah.

b)

sahatḗ sareng panutan.

c)

nasib abdi dinyeunyeuri.

d)

teu kedah bimbang salempang

14.

Kleup mengbal kareueus Bandung,

nasib abdi dinyeunyeuri

Wangsalna...

a)

Persari

b)

Persib

c)

Pernas

d)

Parodi

15.

Pernyataan nu salah di handap ieu nyaeta .....

a)

pada sasaruana dina pantun bahasa Indonesia nyaeta baris

b)

padalisan sasaruana dina pantun bahasa Indonesia nyaeta bait

c)

cangkang sasaruana dina pantun bahasa Indonesia nyaeta isi

d)

engang sasaruana dia pantun bahasa Indonesia nyaeta sukukata

16.

Leumpang ka kebon jambu,
Mawa kantong eusina sangu.
Lamun hayang loba élmu,
Kudu daék rajin diajar unggal waktu.

Naon fungsi utama eusi sisindiran di luhur?

a)

Nyaritakeun pangalaman sapopoé.

b)

Méré hiburan ka nu maca.

c)

Méré piwuruk sangkan rajin diajar.

d)

Ngébréhkeun rasa kanyaah.

17.

Aya saurang siswa nyebutkeun yén sisindiran henteu aya gunana sabab ngan ukur sastra baheula.

Pendapat anu panghadéna pikeun nangtang éta pamadegan nyaéta....

a)

Sisindiran ngan cocog keur kolot.

b)

Sisindiran henteu bisa dipaké deui.

c)

Sisindiran ngan diajarkeun di sakola.

d)

Sisindiran masih relevan sabab eusina loba piwuruk anu masih cocog jeung kahirupan ayeuna.

18.

Naon alesan pangarang sisindiran leuwih milih nepikeun piwuruk ngaliwatan sisindiran tibatan nyarita langsung?

a)


Supaya leuwih sopan, éndah, jeung gampang ditarima.

b)

Supaya leuwih panjang.

c)

Supaya leuwih hésé dipikaharti.

d)

Supaya leuwih loba kecapna.

19.

Perhatikeun ieu dua eusi sisindiran!

__________________

__________________

Tong sok males diajar,
Ilmu bekel hirup urang.

__________________

_____________________

Ulah sok bohong ka batur,
Kapercayaan téh mahal hargana.

Naon kasaruaan nilai anu aya dina dua sisindiran éta?

a)

Nilai ékonomi.

b)

Nilai pendidikan jeung karakter.

c)

Nilai hiburan.

d)

Nilai adat istiadat.

20.

Perhatikeun ieu cangkang.

Ngala peuteuy di sisi tukang sate,
Disimpen dina karanjang mang Karsa.

Eusi mana anu PALING merenah pikeun ngajaga kasaluyuan jeung amanatna?

a)

Lamun lapar geura dahar,

Ulah pèpènta ka batur

b)

Tong sieun diajar sanajan hésé,

sabab hasilna bakal karasa.

c)

Cai walungan hérang pisan,

Hayu urang babarengan renang

d)

Karanjang awi dijieun ku aki,

Useupan dijieun dirarasa

21.

Kaulinan barudak Sunda mangrupa kaulinan tradisional anu miboga ajén budaya. Tujuan utama kaulinan barudak Sunda nyaéta ....

a)

ngajarkeun barudak ngagunakeun gawai ti leuleutik

b)

ngalatih barudak sangkan resep kana kaulinan digital
salawasna meunang dina unggal kaulinan

c)

ngamekarkeun kamampuh sosial, fisik, jeung karakter ngaliwatan kaulinan

d)

ngajarkeun barudak sangkan leuwih resep ulin sorangan

22.

Kaulinan Oray-orayan biasana dipaénkeun ku loba barudak. Nilai karakter anu paling dipelak dina kaulinan éta nyaéta ....

a)

kamampuh dagang

b)

individualisme

c)

gotong royong jeung gawé babarengan

d)

persaingan tanpa aturan

23.

Di hiji sakola, ampir sakabéh murid leuwih resep maén kaulinan digital tibatan kaulinan tradisional. Guru Basa Sunda hayang ngenalkeun deui kaulinan barudak Sunda supaya dipikaresep ku murid. Léngkah anu panghadéna nyaéta ....

a)

ngahijikeun kaulinan barudak Sunda kana kagiatan proyek, lomba, jeung ngajelaskeun ajén budayana

b)

nyaram sakabéh kaulinan digital di lingkungan sakola

c)

ngawajibkeun murid maén kaulinan tradisional unggal poé tanpa ngajelaskeun mangpaatna

d)

ngan ukur méré tugas maca ngeunaan kaulinan tradisional

24.

Sanggeus ngayakeun Festival Kaulinan Barudak Sunda, guru manggihan yén murid jadi leuwih kompak, silih hormat, sarta leuwih mikawanoh budaya Sunda. Dumasar kana éta kaayaan, kacindekan anu pangmerenahna nyaéta ....

a)

kaulinan barudak Sunda ngan ukur pikeun hiburan wungkul

b)

kaulinan tradisional teu aya hubunganana jeung pendidikan karakter

c)

kaulinan barudak Sunda bisa jadi média pikeun ngamumulé budaya jeung ngawangun karakter murid

d)

kaulinan digital kudu diganti ku kaulinan tradisional

25.

Kaulinan barudak Sunda anu dipaénkeun ku cara ngalungkeun batu leutik kana kotak-kotak nu digambar dina taneuh, tuluy ngaluncat ku hiji suku nyaéta....

a)

Bebentengan

b)

Engklek (Sondah)

c)

Oray-orayan

d)

Boy-boyan

26.

Kaulinan anu aya dina gambar di gigir nyaéta....

a)

Boy-boyan

b)

Sondah (Engklek)

c)

Galah Asin

d)

Oray-orayan

27.

Kaulinan anu aya dina gambar di gigir nyaéta....

a)

Boy-boyan

b)

Sondah (Engklek)

c)

Galah Asin

d)

Oray-orayan

28.

Ajén (nilai) karakter anu paling kuat dimekarkeun dina kaulinan Galah Asin nyaéta....

a)

Kasaimbangan awak jeung gawé babarengan

b)

Individualisme dina kaulinan

c)

Gawé babarengan jeung strategi

d)

Kamampuh ngapalkeun
jejak

29.

Dumasar kana gambar-gambar di luhur, simpulan anu pangmerenahna ngeunaan kaulinan barudak Sunda nyaéta....

a)

Kaulinan anu teu cocog deui dipaénkeun ku barudak ayeuna.

b)

Kaulinan tradisional ngan bisa dipaénkeun di lembur jeung barudak nu teu mampuh miboga HP.

c)

Kaulinan tradisional ngan saukur hiburan pikeun ngeusian waktu luang.

d)

Kaulinan tradisional miboga fungsi pikeun ngajaga budaya, ngawangun karakter, jeung ngalatih kaparigelan sosial.

30.

Perhatikeun dua kaayaan dina gambar.

Kaulinan tradisional leuwih hadé pikeun ngamekarkeun....

a)

Interaksi sosial, kabugaran jasmani, jeung gawé babarengan.

b)

Kamampuh ngédit vidéo, jadi konten kreator.

c)

Kamampuh maén gim online jeung bisa mabar jeung babaturan sakuliah dunya.

d)

Kamampuh ulin jeung babaturan nepi ka poho waktu