Font size
Worksheetsdongeng babad
Total questions: 15
Worksheet time: 40mins
Babad ilaharna ngabogaan kecap has dina nepikeun carita buhun, contona kecap "kacaturkeun".
kekecapan di luhur teh kaasup kana...
unsur basa dina carita babad
unsur intrinsik dina carita babad
unsur ekstrinsik dina carita babad
puseur sawangan dina carita babad
unsur pamohalan dina carita babad
dongeng babad anu asalna ti Banten nyaeta...
luluhur baduy
sumur bandung, sumur karahayuan
prabu siliwangi
hanjuang beureum di kutamaya
sangkuriang
Kacaturkeun Ki Sayang hawu jeung baturna nu tiluan geus nepi ka pasukan cirebon. teu loba tatanya, der we perang campuh di eta lapang. Opatan ngalawan ratusan. Tapi teu ieuh eleh najan opatan oge, lantaran Ki Sayang Hawu ngawatek ajian weduk banyu jeung halimunan. Antukna mah pasukan ti Cirebon teh eleh. Nungtutan lalumpatan ka mana wae. Tuluy dibarerik ku nu opatan.
Dumasar kana kutipan di luhur, latar tempatna nyaeta...
lapang
cirebon
sumedang
ka mana wae
tempat perang
Kacaturkeun Ki Sayang hawu jeung baturna nu tiluan geus nepi ka tempat pasukan Cirebon kumpul. teu loba tatanya, der we perang campuh. Opatan ngalawan ratusan. Tapi teu ieuh eleh najan opatan oge, lantaran Ki Sayang Hawu ngawatek ajian weduk banyu jeung halimunan. Antukna mah pasukan ti Cirebon teh eleh. Nungtutan lalumpatan ka mana wae. Tuluy dibarerik ku nu opatan.
Dumasar kana kutipan dongeng di luhur, unsur pamohalan dina dongengna nyaeta...
pasukan ti cirebon eleh
opatan perang ngalawan ratusan
ayana ajian weduk banyu jeung halimunan
aya jelema ngarana Ki Sayang Hawu
pasukan dibeberik ku opatan
Barang ningali ti kajauhan ka Prabu Siliwangi, manehna lumpat ka talaga, terus manehna luncat ka tengah-tengah talaga sarta ngiles ilang tanpa karana, eta tempat teh nelah Ciherang. Ari Prabu Siliwangi kapidara sabada harita.
Dumasar kana kutipan dongeng di luhur anu kaasup kana tokoh atawa palaku nyaeta...
kapidara
ciherang
prabu siliwangi
harita
silihwangi
cocogkeun unsur intrinsik jeung contona sewang-sewangan ieu di handap...
wanci haneut moyan
latar waktu
di wahangan
latar tempat
nyi ratu
palaku
ngeunaan agama
tema
kudu bageur
amanat
Carita babad sok disebut oge dongeng babad sabab loba ngandung unsur pamohalana. Di handap ieu nu kaasup conto unsur pamohalan dina babad nyaeta...
pasukan karajaan ngaraso saacan ngarurug karajaan baut
jalma boga ajian halimunan
melak hanjuang di alun-alun
meunang perang
jelema nyamar jadi aki-aki bari mawa iteuk
Dongeng babad anu asalna ti Garut nyaéta...
luluhur baduy
hanjuang beureum di kutamaya
sumur bandung
prabu siliwangi
babad limbangan
Dina dongeng babad sumur bandung, anu ngajadikeun sumber cai sumur teh nyaeta (a) lamun dongeng hanjuang di kutamaya mah tangkal hanjuang jadi ciri (b)
galur teh nyaeta...
runtuyan kajadian dina hiji carita
runtuyan latar dina hiji carita
runtuyan amanat dina hiji carita
pesen anu hayang ditepikeun
nu teu asup akal
Ciri-ciri carita babad nyaeta (a) (b)
Dongeng Babad anu asalna ti Kabupaten bandung nyaeta (a) jeung aya deui dongeng babad anu lain ti Bandung nyaeta (b)
Ti dinya terus indit, neangan urang Sumedang nu arindit teuing kamana. Teu kungsi lila, papanggih jeung jelema nu lalar liwat. Kakara wae meunang beja yen ayeuna teh caricingna di Dayeuhluhur.
Teks di luhur ngebrehkeun salasahiji unsur basa nu aya dina carita babad nyaeta...
ngagunakeun kalimah naratif
ngagunakeun kalimah deskriptif
ngagunakeun ungkara nu ngandung harti konotatif
ngandung unsur pamohalan
ngabogaan informasi anu faktual
Amanat teh nyaeta pesen anu hayang ditepikeun ka nu maca. Amanat teh aya nu nyamuni (nyumput) di satukangeun alur carita, aya anu dibejakeun langsung. Carana sangkan apal amanat tina dongeng nyaeta kudu...
mikaya kabeungharan kecap
bisa nanyakeun ka babaturan
neangan sumber dongengna
maca dongengna nepi ka rengse
nanyakeun langsung ka pangarangna
Mangga dicocogkeun kalayan katerangan dina unggal unsur intrinsik ieu di handap
waktu jeung tempat lumangsungna carita
latar
pesen nu hayang ditepikeun ka nu maca
amanat
anu teu asup akal
unsur pamohalan
jalma nu ngalalkon dina carita
palaku
puseur dina hiji carita
tema
