WorksheetsXII M 3 - PH - Carita Buhun Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 0mins
Naha carita buhun dianggap penting dina kahirupan masarakat Sunda?
Lantaran ngandung unsur humor pikeun hiburan barudak
Lantaran dipaké pikeun nyebarkeun agama anyar
Lantaran dipaké minangka sarana pendidikan, adat, jeung spiritual
Lantaran ngan ukur ditulis dina naskah kuna
Lantaran ukur nyaritakeun mitos gaib
Dumasar kana ciri-cirina, naon nu ngabédakeun carita pantun jeung wawacan?
Carita pantun ditémbongkeun dina téater, sedengkeun wawacan ngan dibacakeun.
Carita pantun ditepikeun ku juru pantun sacara lisan bari diiringan kacapi, sedengkeun wawacan aya dina wangun tulisan pupuh.
Carita pantun biasana pondok, sedengkeun wawacan panjang.
Carita pantun mibanda eusi sajarah, sedengkeun wawacan mibanda eusi hiburan.
Carita pantun henteu boga struktur, sedengkeun wawacan boga struktur kaku.
Lamun hiji komunitas ngagunakeun carita pantun dina ruwatan atawa seren taun, ieu nuduhkeun fungsi carita pantun salaku…
Hiburan kolektif
Ritual jeung sakralitas
Pangreka sajarah
Seni estetika
Élmu pangaweruh
Naon implikasi lamun generasi ngora teu deui wawuh jeung carita buhun?
Nilai spiritual Sunda bakal bertambah
Identitas budaya Sunda bisa luntur ku pangaruh globalisasi
Wawacan bakal leuwih populér tibatan carita pantun
Dongéng Sunda bakal leuwih kieu modern
Tradisi seren taun moal bisa dilaksanakeun deui
Dina struktur carita pantun, rajah pamuka miboga fungsi utama pikeun…
Ngawanohkeun tokoh jeung nyuhunkeun kasalametan ti Nu Maha Kawasa
Nyalesean konflik tokoh utama
Méré gambaran ringkes carita nu bakal datang
Ngadamel alur jadi leuwih pondok
Méré hiburan saméméh eusi dimimitian
Carita pantun kaasup kana sastra rékaan (fiksi), tapi kunaon masih dipikaresep minangka sumber ajén budaya?
Lantaran eusina sok lucu jeung enteng
Lantaran nyimpen ajén moral, spiritual, jeung filosofis nu bisa dipaké dina kahirupan nyata
Lantaran ngandung kasaksian sajarah asli tanpa fiksi
Lantaran ukur aya dina wangun tulisan
Lantaran ukur jadi bagian ti dongéng barudak
Dina fungsi sosialna, carita pantun dianggap minangka "jandéla budaya". Naon hartina ieu ungkara?
Carita pantun saukur jadi tontonan hiburan
Carita pantun jadi jalan pikeun masarakat Sunda nempo jeung ngajaga ajén karuhunna
Carita pantun ngan ukur pikeun sakola formal
Carita pantun mangrupakeun sarana ngajarkeun basa asing
Carita pantun teu aya gunana pikeun jaman kiwari
Lamun hiji panalungtik hayang ngabandingkeun carita pantun jeung carita wayang, hal mana nu paling penting diperhatikeun?
Jumlah tokoh nu aya dina caritana
Unsur musik jeung pupuh nu ngiringan
Asal-usul budaya jeung cara pagelaranna
Basa simbolis nu dipaké ku dalang jeung juru pantun
Sabaraha lila waktu pintonanana
Naha ajén seni dina carita pantun bisa disebut luhur?
Sebab ngagunakeun basa Sunda biasa
Sebab eusina nyaritakeun mitos karajaan
Sebab boga irama, simbol, jeung gaya basa éndah nu ditepikeun sacara musikal
Sebab sok diselapkeun carita lucu pikeun hiburan
Sebab ngan ukur diiringan kacapi
Dina analisis carita Badak Pamalang, alurna disebut "campuran (simbolis-spiral)". Naon maksudna?
Caritana maju runtut tanpa ulangan
Alurna balik deui ka awal tanpa aya tungtung
Caritana campur antara kronologis jeung simbolis nu ngawangun émosi spiritual
Caritana pondok jeung gampang kaharti
Alurna ngan ukur nyaritakeun hiji tokoh utama
Dina nilai budaya carita pantun, silih asah, silih asih, silih asuh nuduhkeun kana…
Nilai adat
Nilai sosial
Nilai élmu jeung filsafat
Nilai seni
Nilai spiritual
Upama carita pantun diposisikeun minangka alat pendidikan, naon strategi nu paling efektif pikeun ngenalkeun deui ka generasi digital kiwari?
Ngarubah jadi film animasi atawa aplikasi digital bari tetep ngajaga ajén moral jeung spiritualna
Ngarobah carita pantun jadi novel cinta modern
Ngarobah struktur rajah supaya leuwih pondok
Ngan ukur ngagunakeun carita pantun dina ujian sakola
Nyaritakeun carita pantun ngan di sakola dasar
UNESCO geus ngakuan wayang minangka "Masterpiece of Oral and Intangible Heritage of Humanity" dina taun 2003. Naon implikasi pangpentingna tina pangakuan ieu pikeun generasi ngora?
Wayang ngan ukur dianggap seni hiburan internasional
Generasi ngora meunangkeun dorongan pikeun ngajaga jeung ngamumule budaya lokal
Wayang otomatis jadi tontonan wajib sakola
Wayang henteu perlu dimekarkeun deui sabab geus diakui dunya
Generasi ngora leuwih resep budaya luar tibatan wayang
Carita wayang di Indonesia miboga akar budaya lokal jeung pangaruh Hindu-India. Naon bukti anu nuduhkeun akulturasi ieu?
Wayang ngan aya di Jawa Barat
Caritana sakabéhna asli Sunda
Epos Mahabharata jeung Ramayana diadaptasi sarta dileuleuskeun ku budaya lokal
Wayang ngan ukur dipaké pikeun dakwah Islam
Wayang henteu boga hubungan jeung budaya luar
Upama dalang nyelapkeun kritik sosial dina pagelaran wayang, tokoh anu biasana dipaké nyaéta…
Arjuna
Cepot
Gatotkaca
Yudistira
Rahwana
Nalika agama Islam sumebar ka Nusantara, utamana ka Jawa dina abad ka-15, wayang dipaké minangka médium dakwah ku para Wali Songo, utamana Sunan Kalijaga. Anjeunna ngalakukeun adaptasi wayang supaya teu bertentangan jeung ajaran Islam. Modifikasi dilakukeun kana:
· Bentuk wayang (henteu nyarupaan manusa sajati)
· Bahan: digunakeun kulit kebo
· Nilai carita: diasupan ku ajaran Islam
· Masa Karajaan Islam jeung Satuluyna
Sunan Kalijaga mibanda peran penting dina pamekaran wayang nalika penyebaran Islam. Kumaha strategi anu dipaké ku anjeunna?
Ngabolaykeun pertunjukan wayang
Ngarobah carita wayang jadi carita barudak
Ngadaptasi wayang sangkan saluyu jeung ajaran Islam
Nyieun wayang tanpa unsur budaya lokal
Nganggo basa Arab dina carita wayang
Aya rupa-rupa jenis wayang. Upama hiji wayang dijieun tina kai jeung dipintonkeun di Jawa Barat, éta kaasup kana…
Wayang kulit
Wayang wong
Wayang golék
Wayang bébér
Wayang suluh
Waktu naék ka punclut, Drupadi jeung Pandawa sadulur hiji hiji – pupus, kasered ku kasalahan sarta dosa maranéhanana anu saéstuna. Tapi Yudistira sanggup ngahontal punclut gunung, alatan manéhna henteu cacad ku dosa sarta kabohongan. Watek Yudistira anu saéstuna mecenghul waktu ahir Mahabarata. Di luhur punclut gunung, batara Indra datang pikeun mawa Yudistira ka Sawarga jeung karéta kancananna. Waktu Yudistira ngaléngkah ngadeukeutan karéta, sang Indra ngajurungna ambéh ninggalkeun anjing anu jadi batur lalampahanana, alatan mahluk nu teu suci henteu meunang asup ka sawarga. Yudistira mundur ka tukang, nampik pikeun ninggalkeun mahluk anu salila ieu ditangtayunganana. Indra jadi héran – "Manéh sanggup ninggalkeun dulu sarta henteu ngabeuleum layon maranéhanana...tapi manéh nampik pikeun ninggalkeun anjing anu teu nyaho jalan!".
Dina carita Pandawa Mangkat, Yudistira nolak ninggalkeun anjing anu ngiringan lalampahanana. Naon makna moral anu bisa dicokot tina lalakon ieu?
Kasatiaan jeung welas asih leuwih luhur tibatan ganjaran lahiriah
Jalma kudu milih kabagjaan sorangan tibatan kulawarga
Sadaya mahluk teu boga hak pikeun diasih
Anjing téh simbol dosa anu kudu ditinggalkeun
Surga ngan keur jalma nu boga kakuatan
Naon béda utama antara tokoh protagonis jeung antagonis dina carita wayang?
Protagonis biasana sok licik, antagonis jujur
Protagonis ngalawan nagara, antagonis ngajaga karajaan
Protagonis biasana tokoh utama nu ngajarkeun nilai hadé, antagonis jadi panyebab konflik
Protagonis biasana lucu, antagonis sok serius
Protagonis ngan ukur tokoh lalaki, antagonis ngan ukur tokoh awéwé
Fungsi wayang salaku "media kritik sosial" nuduhkeun yén…
Wayang ngan ukur dipaké pikeun hiburan kolektif
Wayang jadi alat pikeun nyampeurkeun pamadegan sosial ku cara simbolik
Wayang teu bisa dipaké pikeun dakwah
Wayang ngan ngandung ajaran Hindu
Kritik dina wayang biasana frontal tanpa simbol
Pandawa Mangkat
Yudistira naék gunung Himalaya minangka lalampahan pamungkasna. Sanggeus mangsa wiwitan Kali Yuga sarta maotna Kresna, Yudistira sadulur léngsér nurunkeun tahta karajaan ka hiji hijina turunan maranéhanana anu salamet dina perang rongkah di Kurusetra, Parikesit, incuna Arjuna.
Kalawan ninggalkeun sagala hal kadunyaan, para Pandawa ngalakonan lalampahan pamungkas maranéhanana ku cara ziarah ka Himalaya.
Waktu naék ka punclut, Drupadi jeung Pandawa sadulur hiji hiji – pupus, kasered ku kasalahan sarta dosa maranéhanana anu saéstuna. Tapi Yudistira sanggup ngahontal punclut gunung, alatan manéhna henteu cacad ku dosa sarta kabohongan. Watek Yudistira anu saéstuna mecenghul waktu ahir Mahabarata. Di luhur punclut gunung, batara Indra datang pikeun mawa Yudistira ka Sawarga jeung karéta kancananna. Waktu Yudistira ngaléngkah ngadeukeutan karéta, sang Indra ngajurungna ambéh ninggalkeun anjing anu jadi batur lalampahanana, alatan mahluk nu teu suci henteu meunang asup ka sawarga. Yudistira mundur ka tukang, nampik pikeun ninggalkeun mahluk anu salila ieu ditangtayunganana. Indra jadi héran – "Manéh sanggup ninggalkeun dulu sarta henteu ngabeuleum layon maranéhanana...tapi manéh nampik pikeun ninggalkeun anjing anu teu nyaho jalan!".
Yudistira némbalan, "Druadi jeung dulur-dulur kuring geus ninggalkeun kuring, lain kuring nu ninggalkeun maranéhanana." Dina waktu éta kénéh si anjing robah wujud jadi Batara Darma, bapana, anu keur nguji dirina. Yudistira dibawa indit ku karéta Indra.
Dina waktu ngahontal sawarga manéhna henteu manggihan dulur-dulurna anu soléh atawa pamajikanana, Drupadi.
Tapi manéhna nempo Duryodana katut baladna anu jahat. Sang Batara ngabéjaan yén barayana keur aya di naraka pikeun nebus dosa leutik maranéhanana, samentara Duryodana aya di surga saprak manéhna gugur di pakalangan anu diberkahan, Kurukshetra. Yudistira kalawan ihlas indit ka naraka pikeun nepungan barayana, tapi tetempoan sarta sora anu ngarautan haté jeung getih kentel ngajadikeun manéhna sieun.
Waktu tergoda pikeun kabur, manéhna ngawasa diri sarta hawar-hawar ngadéngé sora Drupadi jeung barayana nu dipikacinta...nyambat dirina, ngajurungna pikeun cicing di sagédéngeun maranéhanana dina kasangsaraan. Yudistira mutuskeun pikeun cicing di naraka, sarta ngajurung sangkan kusir karétana balik ka sawarga...sabab manéhna milih pikeun cicing di naraka bareng jeung jalma-jalma hadé batan hirup di sawarga jeung jelema jahat. Dina waktu éta tetempoan robah. Saterusna Indra ngomong yén Yudistira keur diuji deui, sarta sabenerna dulur-dulurna geus aya di sawarga. Sanggeus nampa kanyataan kasebut, Yudistira ngalaan warugana sarta nampa sawarga. Dina waktu éta tetempoan robah. Saterusna Indra ngomong yén Yudistira keur diuji deui, sarta sabenerna dulur-dulurna geus aya di sawarga. Sanggeus nampa kanyataan kasebut, Yudistira ngalaan warugana sarta nampa sawarga.
Galur dina carita wayang biasana ngawengku bubuka, konflik, klimaks, antiklimaks, jeung tungtung.
Upama dalang ngalalakonkeun Yudistira diuji ku Batara Indra pikeun ninggalkeun anjingna, éta kaasup kana bagian…
Bubuka
Konflik awal
Puncak konflik (klimaks)
Antiklimaks
Tungtung
Naha wayang disebut minangka sarana dakwah anu éféktif dina mangsa Islamisasi?
Sebab dalang sok ngagunakeun basa Arab dina pintonan
Sebab wayang dipaké pikeun medarkeun ajaran agama sacara halus ngaliwatan simbol jeung carita
Sebab wayang dipintonkeun di masjid
Sebab carita Mahabharata jeung Ramayana diganti ku Al-Qur'an
Sebab tokoh-tokohna diganti ku para wali
Wayang golek mibanda fungsi pikeun ngajaga jeung miara kabudayaan Sunda. Upama generasi ngora henteu wawuh deui kana wayang golek, naon resiko anu bakal kajadian?
Kabudayaan Sunda bakal leuwih kuat
Identitas budaya Sunda bisa luntur
Wayang golek otomatis diganti ku wayang kulit
Seni Sunda bakal gampang dipopulerkeun
Budaya luar bakal mundur
Carita wayang biasana ngandung ajaran yén "nu hadé bakal meunang dina tungtungna". Naon fungsi moral anu ditepikeun ku prinsip ieu?
Ngadorong jalma supaya sok percaya kana kaadilan
Ngajarkeun yén jalmi goréng pasti meunang
Ngadorong jalma pikeun jadi licik
Ngabuktikeun yén dalang sok berpihak
Nunjukkeun yén perang téh hal biasa
Tokoh Cepot, Dawala, jeung Garéng biasana muncul pikeun…
Jadi raja utama
Jadi simbol kahadéan spiritual
Méré unsur lawakan jeung kritik sosial
Ngawakilan tokoh antagonis
Ngajarkeun basa asing
Yudistira dina carita Pandawa Mangkat langkung milih cicing di naraka bareng kulawargana tibatan nyalira di surga. Ieu nembongkeun ajén karakter…
Egoisme jeung kahayang pribadi
Solidaritas jeung satia ka kulawarga
Pangaweruh élmu gaib
Rasa sieun ka Indra
Rasa ambek ka Batara Darma
Naon strategi anu paling hadé pikeun ngenalkeun deui carita wayang ka generasi digital kiwari?
Ngarobah carita wayang jadi kaulinan video, animasi, atawa film digital bari ngajaga ajén budaya jeung moralna
Ngurangan pementasan wayang di tempat umum
Ngan ukur ngajarkeun wayang dina buku teks
Ngabatesan budaya luar supaya wayang teu kaéléhkeun
Nyieun carita wayang anyar anu teu nyambung jeung budaya Sunda
wawacan téh kaasup kana sastra Sunda anu ditulis dina wangun pupuh. Naon harti pentingna wangun pupuh dina wawacan?
Ngawatesan eusi wawacan supaya singget
Ngaronjatkeun rasa estetika jeung aturan wirahma
Supaya gampang dipintonkeun dina bentuk wayang
Ngaronjatkeun logika carita jadi rasional
Ngajaga wawacan tina unsur gaib
Sajarahna, wawacan asalna ti budaya Jawa (Mataram) abad ka-17. Naon dampak asupna wawacan ka Tatar Sunda?
Wawacan ditulis maké basa Jawa nepi kiwari
Wawacan ngaganti tradisi pantun Sunda
Wawacan diadaptasi jadi basa Sunda jeung eusina dipaké nyebarkeun ajaran Islam
Wawacan leungit kusabab kalah ku prosa
Wawacan ngan dipaké di karaton Mataram
Naon bedana wawacan jeung carita pantun dumasar kana médiana?
Wawacan dilisankeun bari diiringan kacapi, sedengkeun pantun ditulis dina pupuh
Wawacan ditulis dina pupuh pikeun dibacakeun, sedengkeun pantun dilisankeun bari diiringan kacapi
Duanana sami, ngan beda dina tokohna
Wawacan ngan aya dina naskah kolonial
Carita pantun asalna ti Jawa, sedengkeun wawacan asli Sunda
Dina wawacan, pupuh Sinom biasana dipaké pikeun nepikeun nasihat. Naon kaunggulan pupuh Sinom dina ngajarkeun piwuruk?
Ngandung wirahma nu éndah jeung alus pikeun nyampeurkeun rasa moral
Dipaké pikeun humor jeung sindiran sosial
Eusi caritana singget jeung gampang diapalkeun
Teu ngandung unsur simbolis
Mung bisa dipaké ku dalang
Wawacan mindeng dipidangkeun dina seni beluk. Kumaha cara maca wawacan dina beluk?
Dibacakeun lempeng tanpa wirahma
Dicaritakeun ku dalang bari make boneka
Ditembangkeun dumasar kana pupuh nu dipaké
Diaprésiasi ku musik modern
Dipintonkeun ngaliwatan drama
Wawacan miboga struktur anu diwangun ku tilu bagian: manggalasastra, eusi, jeung kolofon. Naon fungsi utama kolofon?
Nyaeta bubuka pikeun nepikeun doa
Nyaeta inti carita anu ngandung dialog
Nyaeta penutup nu eusina titimangsa jeung pesen
Nyaeta panganteur ka pupuh séjén
Nyaeta sarana hiburan
Ringkesan Teks Wawacan Pupuh Sinom (17 pada)
(01) Pada 1–3 : Carita dimimitian ku panutur (narator) nu nyaritakeun papanggihan antara dua dulur, nyaeta Ki Ganda jeung Ki Sari. Maranéhna geus lila teu papanggih, tuluy silih sapa, silih tanya, sarta silih jamu bari nyarita ngeunaan kahirupan.
(02) Pada 4–8 : Ki Sari nanya ka Ki Ganda ngeunaan makna poe-poe dina saminggu, boh tina segi laku (perilaku), boh ti sisi dewanya. Ki Ganda ngajelaskeun: • Ahad: lakuna sarangan, dewanya badak • Senen: lakuna kembang, dewanya lauk • Salasa: lakuna seuneu, dewanya oray • Rebo: mega di langit, dewanya macan • Kemis: lakuna angin, dewanya manuk • Jumaah: lakuna cai, dewanya bangkong • Saptu: lakuna bumi, dewanya monyet
(03) Pada 9–12 : Ki Sari hayang terang kumaha hubungan antara poe-poe éta jeung jisim awak manusa. Ki Ganda ngajelaskeun yén: • Ahad aya dina soca jeung hate • Senen dina manah • Salasa dina napsu jeung amarah • Rebo mangrupa roh idup • Kemis mangrupakeun napas (angin hirup) nu penting pisan keur kahirupan
(04) Pada 13–15 : Ki Ganda neruskeun: • Jumaah lain cai biasa, tapi cai mani, sumber asalna mahluk • Saptu lain taneuh fisik, tapi bumi jisim — perlambang awak nu jadi wadah kahirupan
(05) Pada 16 : Wawacan ditutup ku pesen yén Ki Ganda jeung Ki Sari, jeung dulur- dulurna, geus patepang deui. Ku ayana pangaweruh jeung kahadean, jalma ulah kasamaran dina mikawanoh diri jeung asalna.
Dina Pupuh Sinom, Ki Ganda ngajelaskeun hubungan antara poe-poe saminggu jeung jisim awak manusa. Naon tujuan filsafat ieu?
Nunjukkeun élmu astronomi
Ngaronjatkeun kasadaran hubungan manusa jeung alam
Méré hiburan basa sapopoé
Ngalakukeun ritual adat Sunda
Ngajarkeun aturan pertanian
Ringkesan Teks Wawacan Pupuh Asmarandana
(01) Pada 1–3 : Narator ngajak sanggem mikirkeun hal-hal anu rada teu biasa. Aya sindiran ka jalma kolot anu teu acan dewasa pikirna, nepi ka loba tingkah anéh 10 jeung kabagjaan palsu. Nya kitu ogé aya gambaran ngeunaan kahirupan nu kacida anehna, misalna kuya paéh tapi leumpang, parahu ngeueum di darat, jeung hileud naek ka gunung. Ieu pupuh ngandung siloka-siloka nu ngajak urang mikir leuwih jero ngeunaan hakikat kahirupan jeung kalalempahan akal.
(02) Pada 4–8 : Ki Ganda jeung Ki Sari ngobrolkeun perkara spiritual jeung elmu kasampurnaan. Ki Sari ngajak Ki Ganda sangkan mikir jeung neangan hakekat, sabab sajati na elmu mah aya dina diri sorangan, lain dina tulisan atawa kitab. Aya kiasan yén cai tanggung ku hujan, jeung bumi nanggung taneuh – nyarita ngeunaan kasaimbangan antara alam jeung diri.
(03) Pada 9–13 : Obrolan ngadeukeutan kana hakekat Gusti jeung manusa. Gusti téh sabenerna pohara deukeutna jeung manusa, leuwih deukeut ti napas urang sorangan. Aya babandingan yén dalang jeung wayang téh henteu bisa papisah – kitu ogé hubungan antara Gusti jeung makhluk. Mun urang nyembah tapi henteu ngarti kana saha nu disembah, éta mah ukur ngarah kana kabingungan.
(04) Pada 14–18 : Aya kritik kana jalma nu nyembah saukur bentuk atawa lahirna wungkul (sare’at), tapi teu nyaho kana hakekatna. Seuseueurna ngan ukur ngaji jeung nyebut ngaran tanpa ngartos eusi. Nyembah kudu dumasar kana elmu jeung pangaweruh diri, lain ngan nuturkeun kabiasaan atawa aturan kosong.
(05) Pada 19–21 : Ki Ganda anjog kana rasa sedih jeung sadar kana kabodohan sorangan, nepi ka nangis. Anjeunna hayang dipaparin elmu nu sajati. Ki Sari ngajak sangkan nyaah ka awak sorangan jeung terang kana elmu sajati, sabab jasmani jeung ruh kudu silih rojong.
(06) Pada 22–24 : Ki Sari nyarita yén elmu nu sajati henteu bisa disebut sembarangan. Ieu elmu lain mantra, lain kalimah biasa, tapi rahasia nu kudu dijaga. Jalma nu maot henteu mawa naon-naon, iwal ti iman jeung hakekat sahadat sajati. Elmu téh kudu dipaké jeung sabar, tawakal, ulah sombong jeung pamer.
Pupuh Asmarandana ngandung kritik kana jalma anu nyembah ngan saukur lahiriah. Naon kritik utama nu ditepikeun?
Jalma kudu ulah ngaji
Jalma henteu perlu ritual agama
Jalma kudu ngarti hakekat, henteu cukup ritual lahiriah
Jalma kudu ngandelkeun mantra
Jalma cukup percaya ka kitab
Naon ciri utama basa dina wawacan?
Basa kasar jeung langsung
Basa campuran Sunda-Jawa
Basa lemes, éndah, jeung ngandung kiasan
Basa Indonesia resmi
Basa prosa polos
Naon salah sahiji fungsi wawacan dina budaya Sunda baheula?
Alat komunikasi diplomasi
Sarana hiburan jeung pendidikan moral
Média perlawanan kolonial
Dokumen hukum resmi
Catetan dagang
Tenggetan ringkesan rumpaka wawacan nu ngagunakeun pupuh sinom di handap
Ringkesan Pada 4–8 : Ki Sari nanya ka Ki Ganda ngeunaan makna poe-poe dina saminggu, boh tina segi laku (perilaku), boh ti sisi dewanya. Ki Ganda ngajelaskeun: • Ahad: lakuna sarangan, dewanya badak • Senen: lakuna kembang, dewanya lauk • Salasa: lakuna seuneu, dewanya oray • Rebo: mega di langit, dewanya macan • Kemis: lakuna angin, dewanya manuk • Jumaah: lakuna cai, dewanya bangkong • Saptu: lakuna bumi, dewanya monyet
Ringkesan Pada 13–15 : Ki Ganda neruskeun: • Jumaah lain cai biasa, tapi cai mani, sumber asalna mahluk • Saptu lain taneuh fisik, tapi bumi jisim — perlambang awak nu jadi wadah kahirupan
Dina Pupuh Sinom, poe Jumaah dihubungkeun jeung cai mani salaku sumber mahluk. Naon ajaran nu ditepikeun tina siloka ieu?
Manusa asalna tina taneuh
Hirup asalna tina cai, sumber kahirupan
Jalma kudu ulah mandi dina poe Jumaah
Jalma kudu nginum cai ti gunung
Cai ngan ukur simbol ritual
Bedana wawacan jeung wayang dumasar kana médiana nyaéta…
Wawacan ngagunakeun boneka, sedengkeun wayang ditulis dina pupuh
Wawacan seni visual, sedengkeun wayang seni audio
Wawacan sastra tulis pupuh, sedengkeun wayang seni pertunjukan boneka
Wawacan seni musik, sedengkeun wayang seni lukis
Wawacan ngan aya dina basa Jawa, sedengkeun wayang dina basa Sunda
Ki Sari nyarita yén elmu nu sajati henteu bisa disebut sembarangan. Ieu elmu lain mantra, lain kalimah biasa, tapi rahasia nu kudu dijaga. Jalma nu maot henteu mawa naon-naon, iwal ti iman jeung hakekat sahadat sajati. Elmu téh kudu dipaké jeung sabar, tawakal, ulah sombong jeung pamer.
Naon amanat utama Pupuh Asmarandana dina panutupna di luhur?
Jalma kudu ngandelkeun mantra
Jalma kudu pasrah, sabar, jeung ulah sombong dina ngagunakeun élmu
Jalma kudu ngajauhan agama
Jalma kudu nurut ka dalang
Jalma cukup percaya kana simbol lahiriah
