WorksheetsLatihan Bahasa sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 15mins
Kecap “leutik” lawanna nyaéta _
(a)
Kecap “pangalaman” asalna tina kecap dasar...
Alam
Ngalam
Galam
Ngalaman
Jalma anu diajar di sakola disebut
(a)
“Ujang indit ka sakola isuk-isuk.” Jenis kalimahna nyaéta...
Kalimah pananya
Kalimah parentah
Kalimah carita
Kalimah ajakan
Carita: “Gotong Royong di Kampung”
Dina hiji poe Minggu isuk-isuk, warga Kampung Sukamaju ngayakeun kagiatan gotong royong. Sadayana pada sumanget pisan. Aya nu nyapu jalan, ayanu ngala jukut di sisi kebon, aya ogé nu nyiraman tatangkalan.
Deni jeung sobatna, Rani, meunang tugas ngabersihan taman balé desa. Maranéhna nyokot sapu jeung karung plastik pikeun ngumpulkeun runtah. Sanajan panas, tapi Deni jeung Rani teu ngeluh, malah silih nyemangatan supaya taman balé desa jadi rapih jeung éndah.
Samentara éta, bapak-bapak ngadamel saluran cai anyar di sisi jalan. Ibu-ibu masak di dapur balé desa pikeun nyayagikeun dahareun keur sadayana. Teu lila, bau sangu liwet jeung sambel terasi nyebar ka mana-mana, ngadadak nyieun batur beuki sumanget digawé.
Sanggeus pagawéan réngsé, sadaya warga kumpul di balé desa pikeun tuang babarengan. Kepala desa ngucapkeun nuhun ka sakumna warga anu geus silih tulungan. Deni ngarasa bagja, sabab ku gotong royong, kampungna jadi beresih jeung silaturahmi warga ogé jadi leuwih raket.
Saha nu ngabersihan taman balé desa?
Rani jeung Deni
Kepala desa
Bapak-bapak
Ibu-ibu
Dina poe Minggu, Rina indit ka pasar bareng indungna. Maranéhna rék meuli sayuran jeung buah-buahan pikeun masak sapoé. Di pasar, Rina nulungan indungna milih tomat, cabe, jeung bawang. Sanggeus sadayana kabeli, maranéhna reureuh heula bari nginum es cendol di warung. Sanggeus éta, Rina jeung indungna balik ka imah bari ngagendong kantong beuleum.
Saha nu indit ka pasar babarengan jeung Rina?
Babaturanana
Dulurna
Bapana
Indungna
Leutik warnana hideung, sok aya di dapur, resep kana gula jeung kadaharan amis. jeung bisa ngapung
(a)
Lamun aya nu keur maca di hareupeun kelas, murid séjén kudu...
Ngobrol
Ngaribut
Ngadengekeun
Ngalamun
Kecap "diajar" asalna tina kecap dasar...
Diajaran
Pangajaran
Ngajar
Ajar
Kecap antonim tina “rajin” nyaéta...
Sehat
Malas
Gumbira
Cageur
Dina kalimah “Ani maca buku dina kelas”, kecap pagawéanana nyaéta...
Ani
Maca
Buku
Kelas
Isuk-isuk, Budi hudang ti sare. Anjeunna ngabantosan indungna nyapu halaman jeung nyiapkeun sarapan. Sanggeus tuang, Budi siap-siap indit ka sakola bari mawa buku jeung tasna. Di sakola, anjeunna diajar kalayan serius, nyatet pelajaran anu dijelaskeun ku guru. Sanggeus pulang, Budi nulungan bapa di kebon nyiram tatangkalan. Ku rajinna, Budi meunang pujian ti kolot jeung guru.
Di sakola, Budi ngalakukeun naon?
Maén jeung babaturan
Nonton TV
Diajar jeung nyatet pelajaran
Ngabantosan guru nyapu
susun kalimah
(indit / isuk-isuk / ka sakola / Andri)
(a)
(murid / ngajarkeun / Guru / ka / pelajaran Sunda)
Susun kalimah
(a)
(sore / ngala / sayuran / kebon / Bapa)
(a)
(karajinan / di / murid / nyieun / sakola)
(a)
Kalimat nu maké kecap paréntah nyaéta…
Mangga tuliskeun ieu PR.
Anjeun nuju maca buku.
Anjeun indit ka pasar.
Manehna keur saré.
Kalimat nu maké kecap panyambut tamu nyaéta…
Kuring keur maca buku.
Manehna keur saré.
Anjeun indit ka pasar.
Wilujeng sumping di bumi abdi!
Anjeunna nuju (a) di kelas.
Abdi jeung réréncangan (a) di lapangan unggal poe
