Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS GANJIL BASA SUNDA KELAS 5

Total questions: 40

Worksheet time: 46mins

Name
Class
Date
1.

Di handap ieu mangrupakeun kaulinan barudak jaman baheula, kajaba ....

a)

sondah

b)

congklak

c)

luncat tali

d)

minecraft

2.

Kaulinan nu biasa dilakukeun ku barudak awewe nyaeta ....

a)

beklen

b)

peperangan

c)

maen kaleci

d)

maen langlayangan

3.

Kaulinan barudak jaman baheula anu dimaenkeunana ku dua regu, sareguna opatan atawa limaan, sarta diwates ku kalang nyaeta ....

a)

congklak

b)

galah asin

c)

langlayangan

d)

luncat tali

4.

Ngaran kaulinan dina gambar eta teh nyaeta ....

a)

bebentengan

b)

boy-boyan

c)

egrang

d)

oray-orayan

5.

Kaulinan oray-orayan ditunjukkeun ku gambar ....

a)
b)
c)
d)
6.

Kaulinan loncat tali ditunjukkeun ku gambar ....

a)
b)
c)
d)
7.

Ngaran kaulinan dina eta gambar nyaeta ....

a)

endog-endogan

b)

perepet jengkol

c)

bebentengan

d)

papanggalan

8.

Di handap ieu nyaeta perkara-perkara anu aya kaitanana jeung maen langlayangan, kajaba ....

a)

dimaenkeun ku budak lalaki

b)

biasana dimaenkeun pas hujan

c)

lokasi maenna di lapang anu lega

d)

talina mangrupa kenur atawa gelasan

9.

Ngajleng make suku sabeulah dina kaulinan sondah disebut ....

a)

engkle

b)

luncat

c)

jingkang

d)

ajleng

10.

Istilah kaulinan dina maen galah, anu sok digorowokkeun lamun bisa balik deui ka tempat asal nyaeta ....

a)

taluk

b)

asin

c)

kaci

d)

lasut

11.

Dina kaulinan sorodot gaplok kudu aya tumpukan ... anu diruntuhkeun.

a)

rokrak

b)

jarami

c)

batu

d)

dampal sendal

12.

Dina kaulinan peperangan, barudak diajar ngatur strategi, sangkan bisa ... regu lawan.

a)

ngulinkeun

b)

ngelehkeun

c)

meakkeun

d)

mepedkeun

13.

Pamaen dina kaulinan maen kaleci sakurang-kurangna kudu aya ....

a)

saurang

b)

duaan

c)

tiluan

d)

opatan

14.

Anu kaasup kalimat konotatif nyaeta….

a)

Manehna jadi bentang pelajar di sakolah

b)

Langit bengras mah bentang teh tembong baranang

c)

Gagang kembang teh seger katingalna

d)

Dini jadi kembang desa

15.

Anu kaabus kalimat denotatif teh nyaeta.....

a)

Bentang teh meuni sae pisan

b)

Rina pinter pisan

c)

Barudak miceun runtah kana tempatna

d)

Buruan sakola bareresih

16.

Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara atawa basa no boga harti….

a)

Denotatif

b)

Konotatif

c)

Pasif

d)

Aktif

17.

Rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh disebutna ... *

a)

pupu

b)

kawih

c)

sajak

d)

sisindiran

18.

Kagiatan ngalagukeun kawih disebutna ... *

a)

ngawih

b)

maca sajak

c)

nabeuh gamelan

d)

maca sisindiran

19.

Harti kecap anu teu langsung atawa injeuman disebutna ... *

a)

harti konotatif

b)

harti denotatif

c)

harti aktif

d)

harti pasif

20.

Di handap ieu mangrupakeun conto kalimah nu miboga harti konotatif, nya eta ...

a)

Gunung Galunggung diharudum ku halimun.

b)

Isuk-isuk Bah Adang masih diharudum ku sarung.

c)

Jajang diharudum ku salimut lantaran awak na katirisan.

d)

Barudak sare bari diharudum ku sarung.

21.

Di handap ieu mangrupakeun conto kalimah nu miboga harti konotatif, iwal ti ... *

a)

neng Sari katelah kembang desa.

b)

Risma jadi kembang na di kelasna.

c)

Budak leutik nu capetang tur lucu sok disebut kembang buruan.

d)

Teh Neni keur metik kembang malati di buruan.

22.

Di handap ieu mangrupakeun conto kalimah nu miboga harti kecap denotatif, iwal ti ... *

a)

Manehna neuteup bentang baranang di langit

b)

Bentang di langit peuting ayeuna mani baranang.

c)

Peuting kamari mah taya bentang baranang di langit.

d)

Manehna katelah bentang lapang Persib.

23.

harti kecap anu langsung atawa sabenerna nuduhkeun barang na disebutna ...

a)

harti konotatif

b)

harto denotatif

c)

harti kiasan

d)

harti injeuman

24.

Di handap ieu mangrupakeun parnyataan anu bener, nya eta ... *

a)

konotatif=kiasan

b)

konotatif=sabenerna

c)

denotatif=kiasan

d)

denotatif=injeuman

25.

Di handap ieu kaulinan nu dipaénkeun ku maké kuwuk minangka alatna nyaéta

a)

simar

b)

boy-boyan

c)

béklen

d)

gatrik

26.

Kaulinan anu maké siki asem minangka alatna nyaéta......

a)

gatrik

b)

simar

c)

galah asin

d)

béklen

27.

Perhatoskeun kaulinan di handap ieu!

(1) Béklen.

(2) Pérépét jéngkol.

(3) Kokolécéran.

(4) Ngadu kaléci.

(5) Oray-orayan.

Dumasar kana kaulinan di luhur, anu termasuk kana kaulinan nu dibarungan ku kawih nyaéta nomer.....

a)

(1) jeung (3)

b)

(2) jeung (4)

c)

(2) jeung (5)

d)

(3) jeung (5)

28.

Kaulinan anu biasana maké potongan kenténg nyaéta.

a)

boy-boyan

b)

bébénténgan

c)

papanggalan

d)

simar

29.

Di handap ieu kaulinan pikeun budak awéwé nyaéta ....

a)

congklak

b)

bal-balan

c)

bebentengan

d)

gatrik

30.

Rupa kaulinan anu make awi bambu disebut

a)

gatrik

b)

congklak

c)

damdaman

d)

oray-orayan

31.

Guru lagu dina cutatan pupuh di handap, nyaeta....

"Sastra Sunda teh kagolong karya seni"

a)

a

b)

i

c)

u

d)

o

32.

Jumlah guru wilangan dina cutatan pupuh di handap, nyaeta....

"Urang kudu boga sobat dalit"

a)

8

b)

9

c)

10

d)

11

33.

Katangtuan sora vokal dina engang panungtung unggal padalisan, disebutna.....

a)

guru lagu

b)

guru wilangan

c)

guru juru

d)

guru sakola

34.

Di handap ieu, anu teu kaasaup kaulinan barudak, nyaeta.....

a)

kukudaan

b)

ucing patung

c)

sisindiran

d)

sasalimpetan

35.

Kaulinan anu niru-niru jalma nu keur ngagotong jalma atawa barang make jampana, nyaeta......

a)

sondah

b)

galah

c)

jajampanaan

d)

tatarucingan

36.

Titenan kawih di handap!

Oray-orayan luar-leor ka kebon

Entong ka kebon, ….

Tuluyan kawih di luhur nu bener nyaeta ….

a)

parena keur sedeng beukah

b)

loba anu mandi

c)

loba barudak keur ngangon

d)

anu mandina pandeuri

37.

Karya sastra puisi  buhun nu kauger (terikat) kulobana padalisan (baris) dina tiap pada (paragraph) nu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan , disebut….

a)

sajak  

b)

pupuh

c)

dangding

d)

kawih

38.

Aya nu lumpuh musafir

Bari sila sisi jalan

Kadupak ku anu lolong

Anu eukeur balangsiar

Neangan sandang pangan

Anu lolong gebut labuh

Nu kadupak katindihan

 

Pupuh di luhur aya … padalisan.

a)

1

b)

7

c)

8

d)

10

39.

Aya nu lumpuh musafir

Bari sila sisi jalan

Kadupak ku anu lolong

Anu eukeur balangsiar

Neangan sandang pangan

Anu lolong gebut labuh

Nu kadupak katindihan

Guru wilangan dina padalisan katilu nyaeta ….

a)

6

b)

7

c)

8

d)

9

40.

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas
Luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna

Guru lagu jeung guru wilanganna nya eta…

a)

12u-6i-7e-12o

b)

12u-6a-8e-12a

c)

12u-6i-8e-12a

d)

12u-6a-8o-12a