wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASESMEN BAHASA SUNDA KELAS 6 BAB 1

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Sajak nyaeta karya sastra bagian tina puisi nu teu kauger ku ... .

a)

patokan-patokan

b)

pupuh

c)

pupujian

d)

mantra

2.

Sajak munggaran medal dina sastra Sunda kira-kira dina taun....

a)

1946

b)

1953

c)

1956

d)

1963

3.

Unsur sajak nu mangrupa inti pikiran pangarang disebut ... .

a)

Tema

b)

Wirahma

c)

Amanat

d)

gaya basa

4.

Amanat dina sajak maksudna ....

a)

Dasar atawa poko pasualan nu ditepikeun dina sajak

b)

Pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka nu maca

c)

Gambaran nu karasa, kadenge atawa katenjo, najan ukur dina wangwangan

d)

Kecap nu dipake pikeun ngantebkeun maksud

5.

Tatar Sunda

Tatar Sunda palataran Nusantara

Pangancikan pirang-pirang seler bangsa

Saamparan sarantayan nusa-nusa

.....


ku: Etti R.S

Naon arti "seler bangsa" sajak diluhur?

a)

Tanah Sunda

b)

Sajarah Sunda

c)

Suku bangsa

d)

Elmu bumi

6.

Bhineka Tunggal Ika mangrupa ... nagara Indonesia

a)

kaayaan

b)

lambang

c)

seler bangsa

d)

pulo

7.

wirahma nyaeta....

a)

lentong (tarik-halona sora)

b)

sora anu bedas

c)

mimik

d)

suasana

8.

"Aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan"


rasa anu karasa dina sempalan sajak di luhur nyaeta....

a)

gumbira

b)

hade

c)

sedih

d)

prihatin

9.

Hejo pagununganana paul lautan

Taya kamarasan ngan katugeunahan

Hejo pagununganana paul lautan

Taya katengtreman ngan ancaman


Dumasar kana sempalan sajak di luhur, katangen sikep panyajak teh hayang ngabejaan ka nu maca ngeunaan.................

a)

Kaayaan tanah Sunda nu endah, tapi heunteu tengtrem tur loba ancaman

b)

Kaayaan tanah Sunda nu endah tur tengtrem pikabetaheun.

c)

Kaayaan pagunungan anu hejo lembok

d)

Kaayaan alam Sunda anu geus ruksak ku polusi

10.

Nu disebut Pada nyaeta…………..

a)

Baris atawa jajar

b)

Bait

c)

Tungtung sora

d)

Engang

11.

Nu disebut Padalisan nyaeta…………..

a)

Baris atawa jajar

b)

Bait

c)

Tungtung sora

d)

Engang

12.

Kecap anu make rarangken tengah -um nyaeta . . .

a)

Bareurang

b)

Sumujud

c)

Rarepot

d)

Baroga

13.

Kecap anu make rarangken tengah -ar nyaeta . . .

a)

Lumeho

b)

Piwejang

c)

Lumaku

d)

Nyareri

14.

Kecap anu make rarangken tengah -in nyaeta . . .

a)

Sinareng

b)

Karampa

c)

Sumerah

d)

Simbutan

15.

Kecap nu teu nagndung rarangken tengah, nyaeta ....

a)

kumaki

b)

barudak

c)

laleueur

d)

gumading

16.

Kecap nu teu ngandung rarangken tengah -ar- , nyaeta ....

a)

baralik

b)

jaragjag

c)

karadak

d)

arindit

17.

bareurang

maké rarangkén tengah ....

a)

-in-

b)

-ar-

c)

-um-

d)

-al-

18.

rumasa

maké rarangkén tengah ... .

a)

-in-

b)

-ar-

c)

-um-

d)

-al-

19.

raruksak

maké rarangkén tengah ... .

a)

-in-

b)

-ar-

c)

-um-

d)

-al-

20.

tinangtos

maké rarangkén tengah ... .

a)

-in-

b)

-ar-

c)

-um-

d)

-al-

21.

laleuleus

Maké rarangkén tengah ... .

a)

-in-

b)

-ar-

c)

-um-

d)

-al-

22.

aramis

maké rarangkén tengah ... .

a)

-in-

b)

-ar-

c)

-um-

d)

-al-

23.

Kecap anu maké rarangkén tengah -ar- nyaéta ... .

a)

gareulis

b)

tumerap

c)

pinareng

d)

lumeho

24.

Hirup mah kudu sumerah ka Gusti nu Maha Kawasa.

Kecap aya garis handapna maké rarangkén tengah ... .

a)

-in-

b)

-ar-

c)

-um-

d)

-al-

25.

Kecap anu maké rarangkén tengah -in- nyaéta ... .

(pilih jawaban lebih dari 2)

a)

nyareri

b)

rarepot

c)

sinareng

d)

tinangtos