wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Soal Biografi Aam Amilia

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Ieu sawatara pakasaban anu digarap ku Aam Amilia, iwal ti jadi ....

a)

Dosén

b)

Sastrawan

c)

Kolumnis

d)

Rédaktur

2.

Iraha tempat ping gumelarna Aam Amilia?

a)

Jatiwangi, 31 Januari 1938

b)

Cicaléngka, 21 Désémber 1946

c)

Purwakarta, 11 Januari 1953

d)

Tarogong, 04 April 1944

3.

Di awal karirna, Aam Amilia sok tulas-tulis maké ngaran samaran nyaéta ....

a)

Chyé Rétty

b)

Pipiet Senja

c)

Anna Mustikawati

d)

Widya Dhani

4.

Naon judul karya Aam Amilia dina basa Sunda anu pangmimitina medal dina média citak?

a)

Kuntum Mekar

b)

Halimun

c)

Puputon

d)

Timburu

5.

Salian ti sok tulas-tulis dina basa Sunda, Aam Amilia ogé produktif medalkeun karya sastra dina basa ....

a)

Malayu

b)

Inggris

c)

Jawa

d)

Indonésia

6.

Satamatna ti SMA, Aam Amilia nuluykeun atikanana ka paguron luhur nyaéta ....

a)

Fakultas Hukum Universitas Pasundan

b)

Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran

c)

Fakultas Hukum Universitas Padjadjaran

d)

Fakultas Bahasa dan Seni IKIP Bandung

7.

Di antara karir Aam Amilia, inyana dipercaya nyepeng rubrik ... di koran Pikiran Rakyat

a)

Peristiwa dalam Gambar

b)

Sekelumit Romantika Kehidupan

c)

Khazanah

d)

Halo-Halo Bandung

8.

Saha jenengan carogéna Aam Amilia anu ogé jadi sastrawan?

a)

Abdullah Mustappa

b)

Tatang Sumarsono

c)

Ajip Rosidi

d)

Yoséph Iskandar

9.

Aam Amilia anclub di sababaraha organisasi, salasahijina nyaéta organisasi para sastrawan Sunda wanoja anu ngaranna ...

a)

Patrem

b)

PP-SS

c)

Ikatan Penulis Wanita

d)

Indonesia Aksara

10.

Naon pancén anu dicepeng ku Aam Amilia dina organisasi PP-SS?

a)

Jadi pupuhu organisasi

b)

Jadi anggota aktif

c)

Méntor keur para sastrawan ngora

d)

Rédaktur karya sastra

11.

Di antara sastrawan Sunda anu kasebutkeun diorbitkeun ku Aam Amilia, iwal ti ....

a)

Holisoh M.E.

b)

Godi Suwarna

c)

Tatang Sumarsono

d)

Yoséph Iskandar

12.

Naon judul novel Aam Amilia anu diékranasi jadi pilem di kancah nasional?

a)

Imah Agréng

b)

Puputon

c)

Di Antara Tilu Jaman

d)

Sanggeus Halimun Peuray

13.

Naon judul novel Aam Amilia anu meunang Hadiah Sastera Rancagé?

a)

Imah Agréng

b)

Puputon

c)

Sanggeus Halimun Peuray

d)

Di Antara Tilu Jaman

14.

Ditilik tina judul-judul karya Aam Amilia, lolobana nyaritakeun ngeunaan ....

a)

kahirupan masarakat tradisional

b)

kaagamaan

c)

kahirupan wanoja

d)

kritik sosial

15.

Rojongan anu panggedéna keur Aam Amilia jadi sastrawan téh ti ....

a)

guru-guruna

b)

carogéna

c)

anak-anakna

d)

murid apinganana

16.

Di sagédéngeun jadi sastrawan, inyana ogé jadi rédaktur di sababaraha média citak. Naon sasaruaan harti tina kecap di sagédéngeun téh dina basa Indonésia?

a)

Di samping

b)

Di antara

c)

Di mana

d)

Di tengah-tengah

17.

Di sagédéngeun jadi sastrawan, inyana ogé jadi rédaktur di sababaraha média citak. Naon sasaruaan harti tina kecap inyana?

a)

Kuring

b)

Manéhna

c)

Manéh

d)

Urang

18.

Aam Amilia téh boga lalandian 'indung sastrawan Sunda', lantaran ....

a)

loba nuliskeun karya sastra anu jejerna ngeunaan indung

b)

loba meunang pangajén ti anugerah sastra

c)

mindeng jadi piunggul dina kajuaraan sastra Sunda

d)

loba ngalatih para sastrawan ngora nepi ka jadi sastrawan kasohor

19.

Naon panjangna tina singgetan organisasi PP-SS anu diadegkeun ku Aam Amilia?

a)

Paguyuban Pangarang Sastra Sunda

b)

Pusat Pengembangan Sistem Seleksi

c)

Pospartum Partner Support Scale

d)

Persatuan Penerbit Sastra Seluruh Indonesia

20.

Naon tuladan anu bisa diala tina biografi Aam Amilia?

a)

Nguniangkeun sumanget féminismeu keur para wanoja Sunda

b)

Konsistén ngagarap hiji wanda karya sastra

c)

Boga dédikasi anu luhur kana sastra Sunda

d)

Boga sikep teges jeung tatag dina nyorakeun kritik sosial