Font size
Worksheetsbahasa sunda xi
Total questions: 20
Worksheet time: 13mins
Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut …..
Anggana Sekar
Cacandran
Éksposisi
Biantara
Dongéng
Fungsi biantara nu tujuanana pikeun mangaruhan nu ngadangu, disebut fungsi…..
Instruktif
Inséntif
Persuasif
Informatif
Simpatif
Fungsi biantara nu tujuanana pikeun maréntah , disebut fungsi…..
Instruktif
Inséntif
Rékréatif
Informatif
Simpatif
Fungsi biantara nu tujuanana pikeun meunangkeun pangwelas, disebut fungsi…..
Instruktif
Informatif
Insentif
Persuasif
Simpatif
Di handap ieu métode-métode biantara, iwal…..
Présentasi
Talaran
Ékstémporan
Impromtu
Manuskrip
Métode ngabiantara kalawan ngapalkeun naskah biatara disebut métode….
Présentasi
Talaran
Ékstémporan
Impromtu
Manuskrip
Métode ngabiantara kalawan nyiapkeun gurat badag hungkul ideu poko biantara, disebut métode ….
Présentasi
Talaran
Ékstémporan
Impromtu
Manuskrip
Métode ngabiantara kalawan maca naskah disebut métode….
Présentasi
talaran
Ékstémporan
Impromtu
Manuskrip
Rarangkén tengah -al- aya dina kecap…
galudra
salasa
salaman
galumbira
balangsak
Rarakitan mibanda salahsahiji ciri ieu dihandap, nya eta kecap mimiti dina jajaran…
ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua
ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi
ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi
ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi sarua
ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi
Dumasar kana sipatna, sisindiran teh bisa dibedakeun jadi tilu rupa, nya eta….
paparikan, rarakitan, wawangsalan
piwuruk, sesebred, silihasih
cangkang, eusi, wangsal
wawangsalan, tatarucingan, paparikan
tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
sae nu jadi kapala
……………………………
diasupkeun ka sakola
banda nu leuwih ti harta
Ungkara nu merenah keur ngeusian jajaran kadua, nya eta….
urang nu jadi siswa
menak nu ka purwakarta
Banda Aceh di Sumatera
Selat Sunda Jawa Sumatera
wakilna mah saha wae
Rincik rincang rincik rincang
angeun lompong ditutuan
sidik pisan sidik pisan
nu ompong euweuh huntuan
Sisindiran diluhur ka asup kana golongan ....
Silihasih
Papatah
Sesebred
Piwuruk
heureuy
"Cacangkir bahana beling
masing welas lahir batin”
Sisindiran diluhur wangsalna ....
bangsing
gelas
piring
hawu
botol
Sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Eta cangkang jeung eusi teh padadapak di puhuna (mindoan kawit).
Rarakitan
paparikan
wawangsalan
padalisan
pada
Sisindiran anu diwangunan henteu kudu papak di puhuna (mindoan kawit). Tapi ukur deukeut sorana, sarta murwakanti dina unggal padalisanana (purwakanti laras wekas).
rarakitan
paparikan
wawangsalan
padalisan
pada
"Sapanjang jalan soreang
Moal weleh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal weleh diakal”
Sisindiran diluhur kaasup kana golongan sisindiran ....
rarakitan
paparikan
wawangsalan
padalisan
pada
"Kendang gede pakauman
dag-dig-dug rasaning ati”
Sisindiran diluhur wangsalna nya eta....
dulag
dug dug
bedug
guludug
budug
"Bangkong lodor meuntas jalan
Titis tulis bagja awak”
Sisindiran diluhur wangsalna nya eta....
bakiak
bayawak
bakakak
calawak
awak
gambarkeun rasa nu nuju karandapan ku hidep!

