WorksheetsSoal Kasenian Sunda (Kelas 3)
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
SABILULUNGAN
Sanggian : Mang Koko
Sabilulungan, dasar gotong royong
Sabilulungan, sipat silih rojong
Sabilulungan, genteng ulah potong
Sabilulungan, persatuan tembong
Penggalan teks di luhur mangrupa ….
Dongeng
Prosa
Rumpaka
Kawih
Judulna nyaeta ….
Sanggian
Sabilulungan
Mang Koko
Gotong Royong
Anu nyanggi nyaeta ….
Sabilulungan
Mang Koko
Gotong Royong
Sipat silih rojong
Sabilulungan téh dasar tina ….
Gotong royong
Silih rojong
Ulah potong
Persatuan tembong
Nu bakal tembong tina sabilulungan nyaeta ….
Silih pikaheman
Gotong royong
Persatuan
Sipat silih rojong
Anu ulah nepi ka potong dina kawih éta nyaeta ….
Persatuan
Gotong royong
Genteng
Sipat
Kawih kaasup wangun puisi ngan sok dihariringkeun dipirig ku ….
Waditra
Tarian
Kasenian
Kaulinan
Kasenian dina gambar nyaeta …. (Gambar nunjukkeun sakelompok budak maké baju héjo bari maénkeun waditra tabung bambu di panggung.)
Jaipongan
Calung
Angklung
Gamelan
Waditra anu sadana digesek nyaeta ….
Suling
Goong
Kendang
Rebab
Waditra anu ditiup contona ….
Goong
Bonang
Suling
Saron
Di sakola urang sok diajar upacara nganggo ….
Angklung
Calung
Suling
Kendang
Waditra ieu sadana ditakol, iwal ti ….
Saron
Tarompet
Bonang
Goong
Waditra ieu namina …. (Gambar waditra tina kai jeung kulit, aya sababaraha ukuran dina lanté.)
Kendang
Calung
Goong
Bonang
Waditra ieu sadana dipetik nyaeta …. (Gambar waditra kawas sitar/leubeut kai, aya senar jeung patok-patok.)
Rebab
Ganbyong
Bonang
Kacapi
Alat musik nu sanes khas Sunda atawa Jawa Barat nyaeta ….
Kacapi
Angklung
gitar
kendang
Tarian khas Jawa Barat salah sahijina nyaeta ….
Jaipongan
Penca silat
Wayang golek
Rampak sekar
Anu kaasup seni olah raga sunda nyaeta ….
Keliningan
Jaipongan
Penca silat
Celempungan
Jenis wayang ti Jawa Barat nyaeta ….
Wayang kulit
Wayang golek
Wayang uwong
Wayang tali
Anu kalebet seni musik nyaeta ….
Jaipongan
Penca silat
Ketuk tilu
Rampak sekar
Tari topeng nu kasohor asalna ti ….
Cirebon
Bandung
Sumedang
Subang
