Font size
WorksheetsSOAL ASAS BAHASA SUNDA KELAS 9 GANJIL
Total questions: 8
Worksheet time: 1hrs 12mins
Sempalan teks di handap ieu pikeun soal No. 1 nepika No. 5
Anu has ti Kampung Naga nya éta wangunan imah warga jeung pamangku Kampung (Adat). Wangun imahna pangung, suhunan capit gunting.Bahan imahna tina awi jeung kai. Hateup imahna tina kiray anu ditutupan ku injuk. Lanténa dijieun tina palupuh atawa papan. Pipindingna ku bilik maké anyaman sasag. Aya pantangan yén imah di Kampung Naga henteu meunang dicét, iwal dimeni jeung dipulas ku apu. Warga Kampung Naga ogé tabu nyieun imah gedong. Sakabéh imah kudu nyanghareup ka kalér atawa ka kidul, ngujur ngulon atawa ngétan.
Di sisi kampung belah kulon Kampung Naga aya Bumi Ageung paranti neundeun barang-barang pusaka. Ari di tengah-tengah kampung aya masigit paranti ibadah solat warga atawa sémah anu daratang ka dinya. Di belah wétan di sisi walungan Ciwulan, aya balong jeung aya saung lisung. Saung lisung dipaké ku warga kampung Naga pikeun nutu paré dina lisung maké halu.
Ciri wangunan imah di kampung Naga dibéréndélkeun di handap, nya éta
Lanténa palupuh, dicét jeung hateupna injuk
Pipinding bilik, suhunan tina awi jeung lanté keramik
Hateupna tina kiréy, pipinding bilik jeung diméni
Hateupna kenténg, pipindingna bilik jeung diméni
Kalimah di handap mana nu ngagambarkeun kaayaan legana kampung naga?
Luas kampung naga aya 5 hektar diwangun ku 1,5 lahan leuweung, tatanen 3,5 lahan paimahan
Lahan tatanén jeung leuweung leuwih heureut batan/ daripada lahan paimahan
Lahan tatanen - leuweung ampir sarua jeung lahan paimahan
Luas kampung naga aya 5 héktar diwangun ku 3,5 lahan leuweung, tatanén, 1,5 lahan paimahan
Salah sahiji wangunan nu aya di Kampung Naga nya éta balé patemon. Naon fungsi balé patemon téh?
Tempat ngalaksanakeun ibadah
Tempat nyimpen keris
Tempat pakumpulan warga
Tempat nyimpen paré
Aspek sosial sarta jadi keun ciri has di kampung Naga nyaeta?
Pipinding dapur kudu carang, sangkan katingali mun tatangga teu masak
Ngalaksanakeun gotong royong nyieun jalan
Babarengan nyieun imah tatangga
Ngalongok lamun aya tatangga nu gering
Kalimah anu nuduhkeun karakteristik kampung adat Naga nya éta?
Kampung Adat Naga kaitung jauh ti mana mana
Kampung adat Naga wangunan tradisional sarta jauh tina modérn
Kampung adat Naga sanajan wangunan imah tradisional tapi modérn
Kampung Adat Naga kawilang jauh ti puseur kota Tasikmalaya
Sempalan teks di handap ieu pikeun soal No. 6 nepika No. 9
Warga kasepuhan Ciptagelar kudu ngaluyukeun tékad ucap, jeung lampah. Pikeun warga kasepuhan padoman hirup mangrupa tatali paranti karuhun anu kudu dilaksanakeun. Lamun dirémpak, balukarna bakal jadi mamala (kabendon) keur dirina sorangan jeung masarakat. Warga kasepuhan pantang ngahéler paré, ngajual béas, ngaluarkeun paré tina leuit dina poé wedal, pantang héhéotan di sabudeureun kampung, jeung pantang ngagarap sawah dina poé Jumaah jeung Ahad.
Nurutkeun kepercayaan warga kasepuham, ngarempak paré jeung tata cara miarana bakal ngabalukarkeun gagalna panén. Saagala siklus tatanén, teu leupas tina upacara saperti upacara sasarap, ngaberesihan, ngaseuk, tebar, mipit, ngadiukan, nganyaran, ponggokan jeung sérén taun. Dina usum upacara sérén taun ieu, kampung Ciptagelar lir jadi kampung wisata anu didatangan ku turis mancanagara. Kitu deui, dina pakakas tatanén rea ngagunakeun pakakas tradisional saperti étém, lisung, halu, rengkong (rancatan tina golondongan awi pikeun ngakut paré ti lantayan ka leuit). Sanajan nyepeng pageuh kana adat karuhunna, masarakat kampung Adat Ciptagelar bisa ngigelan zaman. Hal ieu dibuktikeun ku ayana satelit local, teu kolot teu budak nyarepeng Hp.
Kumaha kabiasaan Kampung Adat Ciptagelar dina ngolah paré?
Dina prak prakana jadi beas, pare di héler
Ngala paré make pakakas modern
Pikeun ngaseuk ngagunakeun alat modern
Sagala rupa ngolah paré ku cara tradisional
Upacara adat kampung Ciptagelar nya éta?
Seren Taun jeung tatanén
Seren Taun jeung ngaseuk
Seren Taun jeung sasarap
Seren Taun jeung mipit
Mana anu nuduhkeun karakteristik Kampung Adat Ciptagelar?
Kampung Adat Ciptagelar nyepeng pengkuh adat sarta nolak kana modérnisasi
Kampung Adat Ciptagelar nyepeng konsep adat jeung modérnisasi
Kampung Adat Ciptagelar kacida hormat ka Dewi Sri sarta nolak modernisasi
Kampung Adat Ciptagelar loba kontribusi ku cara ngadistribusikeun béas ka wewengkon lain
Naon balukarna upama masarakat Kampung Adat Ciptagelar ngarémpak kana kabiasaan karuhunna?
Diusir ti kampungna
Dijauhan ku masarakatna
Aya mamala/ bencana ka dirina/lingkungan
Dihukum ku pupuhu adat
Sempalan teks di handap ieu pikeun soal No. 10 nepika No. 15
Tanggal 1 Sura pikeun warga Cireundeu, ampir sarua jeung lebarana. Dina upacara adat, kaum lalaki maké baju pangsi warna hideung, ari kaum awéwé mah maké kabaya atawa baju bodas. Gugunungan sasajén, mangrupa bungbuahan jeung rasi, anu dibawa ka tengah ririungan (Kumpulan) warga di Balé Adat. Warga tapakur mirengkeun wejangan ti sesepuh Kampung adat Cireundeu. Upacara Tutup taun Saka mangrupa salasahiji wujud sukur ka nu Maha kawasa. Ieu upacara téh dimimitian ku pintonan wayang golék jeung sarupaning kasenian tradisional has Cireundeu, nya éta angklung buncis. Aya hiji léngsér nu dangdananan maké pakéan sarwa hideung, pangsi jeung kamprét has Sunda, lengkep jeung iket has Cireundeu. Tuluy tamu dititah diuk ku léngsér di Balé saraséhan.
Upacara adat ditandaan ku cara melak tangkal ku kuncén nu engkéna éta tangkal téh bakal dipelakeun di Gungung kunci Cireundeu. Anu tujuanana pikeun ngajaga kasaimbangan alam.
Kumaha wangunan imah kampung adat Cireundeu?
Pipinding témbok, hateup maké kenténg, lantena maké keramik
Pipinding bilik, hateup maké kenténg, lantena keramik
Hateup maké kirey,pipinding bilik jeung lanté palupuh
Hateup maké kenténg,pipinding bilik jeung lante palupuh
Maksud upacara Tutup taun Saka pikeun kampung adat Cireundeu nya éta ?
Sangkan bebas tina mamala
Bukti Syukur ka Pangagung
Sangkan panen mucekil
Bukti masarakat guyub
Anu jadi pantangan di kampung adat Cireundeu nya éta?
Ngabogaan alat éléktronik
Nyieun nambah imah
Imahna nyanghareup ngaler ngidul atawa ngidul
Dahar sangu
Aspek social di kampung adat Cireundeu nya éta ?
Nyieun imah warga gotong royong
Melak paré babarengan
Rereongan udunan mun aya nu gering
Silih anjangan mun tutup taun
Konsep kasaimbangan kampung Cireundeu aya tilu. Lahan pikeun ngajaga sumber cai disebut?
Leuweung baladan
Leuweung tutupan
Leuweung larangan
leuweung adat
Lahan ieu tangkalna meunang di tuar tapi kudu dipelakan deui minangka gagantina. Leuweung nu dimaksud nya éta?
Leuweung baladan
Leuweung tutupan
Leuweung larangan
Leuweung adat
Wangun suhunan di handap, nu kaasup wangun julang ngapak nya éta?
Wangun suhunan di handap, nu kaasup wangun parahu kumereb nya éta?
Sempalan teks di handap ieu pikeun soal No. 18 nepika No. 25
Kampung Adat Pulo
Di Kabupatén Garut, tepatna di Désa Cangkuang, Kacamatan Leles, aya hiji kampung anu kacida unikna, nya éta Kampung Adat Pulo. Ieu kampung téh aya di hiji pulo leutik anu aya di tengah Situ Cangkuang. Pikeun ngahontal ka dinya, urang kudu ngagunakeun rakit , sabab jalan darat henteu aya. Situ Cangkuang sorangan mangrupakeun salah sahiji objek wisata anu kasohor di Tatar Sunda.
Kampung Pulo geus aya ti abad ka-17. Dina mangsa harita, Islam mimiti sumebar ka daérah Garut. Hiji tokoh agama ngaranna Mbah Dalem Arif Muhammad, saurang utusan ti Karajaan Mataram, datang ka wewengkon Cangkuang pikeun nyebarkeun ajaran Islam. Anjeunna dipikawanoh minangka tokoh penting anu jadi panutan warga Kampung Pulo. Nepi ka ayeuna, di sisi Situ Cangkuang masih aya makamna anu sok jadi tempat ziarah.
Saméméhna, warga Kampung Pulo boga kapercayaan Hindu. Ieu bisa katitén tina ayana Candi Cangkuang, hiji-hijina candi Hindu nu aya di Tatar Sunda nu masih kénéh utuh. Jadi, Kampung Pulo téh mangrupa bukti peralihan budaya ti Hindu ka Islam anu lumangsung sacara harmonis.
Aya sababaraha aturan adat anu ngajadikeun Kampung Pulo béda jeung kampung séjén. Salah sahiji nu paling kasohor nyaéta jumlah imah anu tetep. Di Kampung Pulo ngan aya genep imah jeung hiji masjid. Genep imah téh , tilu di kénca jeung tilu di katuhu. Nepi ka ayeuna, jumlah imah teu meunang ditambah atawa dikurangan. Mun aya imah rusak, kudu langsung diganti kalayan jumlah tetep genep.
Hukum waris di Kampung Pulo ogé béda jeung adat séjén. Harta pusaka jeung imah biasana diturunkeun ka anak awéwé pangkolotna. Upami aya lalaki anu geus nikah, anjeunna kudu pindah ka luar kampung sanggeus dua minggu ti poe nikah. Hal ieu pikeun ngajaga kasaimbangan jumlah imah jeung struktur kulawarga di kampung éta.
Di kampung adat Pulo, garis warisan béda jeung syariat islam. Naon istilah garis keturunan anu di maksud? Pilih jawaban leuwih ti 1!
Patrilinial
Matrilineal
Awewe
Lalaki
Kalimah di handap mangrupa gambaran /ciri kampung adat Pulo ? Pilih jawan leuwih ti 1!
Aya pakaitna jeung teknologi
Teh meunang dahar sangu
Wangunan imah salilana ngan 6
Budak lalaki kudu pindah mun geus rumah tangga
Kalimah anu luyu jeung eusi wacana di luhur nya éta ? Pilih jawaban leuwih ti 1!
Aspek social kampung Adat Pulo ayana candi di desa cangkuang kecampatan Lélés
Aspek sajarah ayana candi anu ti abad ka 17, mangsa Islam mimiti nyebar
Aspek adat di kampung pulo ayana imah anu pahareup hareup kénca-katuhu 3-3
Kampung adat Pulo hiji kampung adat anu ditengah danau/situ
Nu kaasup larangan di kampung adat pulo nya eta?
Teu meunang ngangon sato gedé sukuna 4
Teu meunang maké baju hideung dina poé Salasa
Jumlah imah teu meunang leuwih ti 6
Balé ageung teu meunang didatangan poé Jumaah
SMPN 10 Cimahi rek ngayakeun wisata budaya ka Kampung Adat Pulo. Kumpul teh jam 05.30, sedengkeun beus mimiti maju ti pemkot cimahi jam 06.30. Ditengah tengah perjalanan beus eureun heula kira kira ¾ jam, kapegat macet di Nagreg kurang leuwih 1,20’.Nepika Kampung pulo teh jam 10.20. Di Kampung pulo rombongan teh ngan 4 jam sanggeus kitu perjalanan di teruskeun ka Cipanas Tarogong kurang leuwih 1jam. Perjalanan ti Cipanas ka Cimahi deui meakeun waktu 3.30’ jam.
Pilih kalimah di handap nu luyu jeung teks diluhur, jawaban leuwih ti !
Jam 18.50’ rombongan nepi ka Cimahi deui.
12 .20 lilana perjalanan antara Lélés – Cimahi
Jam 15.20 rombongan ngajugjug ka Tarogong
Jam 09.00 beus kapegat macet di Nagrég
Salain aya imah adat, masjid jeung makam mbah Dalem arif Muhammad, aya wangunan naon deui di kampung pulo teh?
Leuit
Candi
Imah ageung
Bale Patemon
Naon anu jadi alesan hiji wewengkon dijadikeun sacara administratif salaku kampung adat?
Tempatna anu memang jauh pisan ti puseur kota
Wangunan imahna anu masih tradisional make bilik
Masaraktna anu pageuh masih ngalaksanakeun adat karuhun
Masarakatna milih hirup anu basajan jauh ti unsur modern
Saupama dipaluruh konsep masarakat kampung adat nya eta?
Ngajaga pisan kana lingkungan alam
Poya poya / royal
Kasuksesan tina duniawi
Gaul tur modern
Sempalan Naskah Drama di handap ieu pikeun soal No. 26 nepika No. 28
Baca kalayan saregep sempalan naskah drama di handap!
PULISI 1
(Bari nyampeurkeun) Aya naon ieu téh?
PULISI 2
Biasa, tawuran! (Nunjuk ka barudak) sok dariuk!
PULISI 1
Geus tawuran deui waé. Pusing déwék mah nguruskeun barudak tawuran téh. Teu isuk teu soré, gelut jeung gelut wé. Sok geura pikir, rék kumaha majuna bangsa urang téh, ari mental barudakna kieu patut mah. Nu kieu tah nu matak rujad nagara téh. Nu di sakola barudak tawuran, atuh di luhur (bari nunjuk ka luhur), pajabatna silih ségag. Mani euweuh picontoeunana.Tuh tingali di nagara batur mah … (teu kebat kaburu ditémpas ku baturna)
PULISI 3
Leres, tapi saéna engké deui pidatona, Komandan Ayeuna mah ieu budak kudu dikumahakeun?
PULISI 1
(Rada nyentak) Aéh-aéh naha bet nanya ka déwék? Piraku ngurus barudak nu tawuran waé nanya ka atasan? (Nengetan barudak hiji-hiji) Ké ké bener ieu téh ngan opatan? Pan biasana nu sok tawuran mah aya puluhna.
Dumasar teks di luhur, aya sabaraha candraan ?
3
4
5
6
Pasualan naon dina teks di luhur ?
Polisi meunang aduan nu kacopetan
Di kantor polisi aya nun eror
Aya barudak tawuran katengkep polisi
Barudak keur parasea marebutkeun wilayah
Dumasar teks di luhur naon anu nyababkeun polisi 1 ngambek?
Keuheul ka bawahan nu itungan digawe
Keuheul ka bawahan nu tanya ngungkulan barudak tawuran
Keuheul ka bawahan digawena kurang saregep dina ngajalnkeun tugas
Keuheul ka bawahan nu teh ngargaan keur nundutan kahudangkeun
Sempalan Naskah Drama di handap ieu pikeun soal No. 29 nepika No. 30
Baca kalayan saregep sempalan naskah drama di handap!
PULISI 3
Alah ngangles, siah. Pan kaperego pisan, alias tertangkap basah, silaing keur tawuran di jalan buntu!
OHIM
Da abdi mah nuju megat angkot, Pa Pulisi. Ari pek ujug ujug aya nu ribut silih serang. Tuh, abdi gé ngiring kateunggeul puhu ceuli. (Bari muringis). Duh.. mani nyanyautan kieu
PULISI 1
Puas! Bongan saha maké tawuran!
OHIM
Leres, Pa Pulisi. Wantun sumpah abdi mah henteu tawuran. Abdi mah budak bageur, di sakola gé tara baong…
PULISI 1
Lah, teu percaya. (ngarérét ka Damiri) Silaing deuih, saha ngaran?
Da-mi-ri.
DAMIRI
Dumasar kana teks di luhur, anu karasa ayana konflik nya eta?
Barudak aya anu kateunggeul puhu ceuli
Tempat kantor polisi di ruksak masa
Polisi salah nangkep budak tawuran
Barudak anu teu jelas nyaritana
Ngaliwatan teks di luhur, naon amanat anu bisa dijadikeun eunteung pikeun hidep?
Neangan babaturan kudu apik/ teu sagawayah
Jadi budak anu capetang mere argumen
Polisi ngalaksanakeun tugas kalawan make hate
Kahirupan di kota pinuh ku riributan
