wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Konsep Sastra Sunda

Total questions: 45

Worksheet time: 2hrs 33mins

Name
Class
Date
1.

“Hanjuang Beureum di Kutamaya” nyaéta sempalana tina Babad Sumedang. Jejerna ngagunakeun sajarah ....

a)

ngadegna Karajaan Pajajaran

b)

lokal

c)

ékonomi

d)

politik

e)

hirupna Ki Sayang Hawu

2.

Sajarah lokal nyaéta sajarah nu aya patalina jeung wewengkon atawa tempat di mana urang cicing. Sumber sajarah lokal ilaharna ....

a)

buku téks

b)

carita babad

c)

koran

d)

hasil wawancara jeung tokoh agama

e)

majalah

3.

Carita babad sok disebut ogé dongéng babad sabab loba ngandung unsur pamohalananana. Di handap ieu, nu kaasup conto unsur pamohalan dina babad, nyaéta ....

a)

melak hanjuang di alun-alun karaton

b)

halimun bisa leungit ngadadak

c)

hanjuang jadi tanda éléh meunangna jalma dina perang

d)

pasukan karajaan ngaraso saacan ngarurug karajaan batur

e)

jelema nyamar jadi aki-aki bari mawa itek

4.

Amanat téh nyaéta pesen anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Amanat kadang disumputkeun dina carita. Supaya bisa apal amanat tina carita, kudu ....

a)

néangan sumber caritana

b)

maca caritana nepi ka réngsé

c)

bisa niténan kaayaan sabudeureun

d)

nanyakeun langsung ka pangarangna

e)

mikeun kabeungharan kecap

5.

Cara pangarang nyaritakeun palaku dina caritana disebut ....

a)

puseur sawangan

b)

amanat

c)

jejer

d)

galur

e)

palaku

6.

Tiap wangun prosa fiksi pasti ngabogaan unsur palaku. Palaku anu ngabogaan karakter anu pikaresepeun, jeung cindekna tokoh anu bageur disebutna ....

a)

tritagonis

b)

protagonis

c)

antagonis

d)

palaku tambahan

e)

palaku gaganti

7.

Babad ilaharna ngabogaan kecap has dina nepikeun carita buhun. Ieu di handap conto kecap nu sok aya dina carita babad nyaéta ....

a)

Kacaritakeun

b)

Di hiji lembur

c)

Nepangkeun

d)

Wilujeung!

e)

Sampurasun!

8.

Baca téks ieu di handap. "Ti dinya terus indit, néangan urang Sumedang nu arindit teuing ka mana. Teu kungsi lila, papanggih jeung jelema nu lalar liwat. Kakara waé meunang béja, yén ayeuna téh caricigna di Dayeuh luhur." Téks di luhur ngébréhkeun salasahiji unsur basa nu aya dina carita babad, nyaéta ....

a)

ngandung unsur pamohalan

b)

ngagunakeun kalimah naratif

c)

ngaboagaan informasi faktual

d)

ngagunakeun kalimah déskriptif

e)

ngagunakeun ungkara nu ngandung harti konotatif

9.

Galur nyaéta runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Galur sok disebut ogé ....

a)

antiklimaks

b)

plot

c)

konflik

d)

manggala sastra

e)

klimaks

10.

Salahsahiji unsur nu ngawangun galur nu nuduhkeun masalah mimiti muncul nyaéta ....

a)

klimaks

b)

antiklimaks

c)

manggala sastra

d)

konflik

e)

pungkasaan carita

11.

Baca sempalan téks ieu di handap.

"Kacaturkeun Ki Sayang Hawu jeung baturna nu tuluan geus nepi ka tempat pasukan Cirebon kumpul. Teu loba tatanya, der wé perang campuh. Opatan ngalawan ratusan. Tapi teu iueh éléh najan opat- opat, lantaran Ki Sayang Hawu ngawatek ajianc wédok banyu jeung halimunan." Nurukeun wacana di luhur, kagambarkeun yén Ki Sayang Hawu téh hiji jalma anu ....

a)

gedé wawanén

b)

wanian teu jongen jeung jeueuhan

c)

sakti mandraguna

d)

teu gedag bulu salambar

e)

wanian taya kagimir

12.

Baca sempalan téks ieu !

"Mangga. Ngan kuring aya paménta. Badé melak hanjuang beureum di alun-alun karaton. Éta téh pertanda, mun éta hanjuang daunna garing, tandana kuring éléh. Tapi mun éta hanjuang daunna anggér, hartina kuring masih kénéh hirup." "Heug!" ceuk Prabu Geusan Ulun. Cédok Ki Sayang Hawu nyembah, terus indit néangan hanjuang. Hanjuang téh dipelakkeun di alun-alun. Geus kitu mah arindit, dibaturan ku Ki Nanggeudan, Ki Kondang Hapa, jeung Ki Térong Peot. Salasahiji ciri dongéng babad dumasar kana sempalan téks di luhur, nyaéta ....

a)

unggal ungkara kalimahna ngandung harti konotatif

b)

palaku dina caritana jalma nu lain sabenerna

c)

dina caritana ngandung kalimah langsung

d)

nyaritakeun carita jaman buhun

e)

ngandung unsur pamohalan

13.

Baca sempalán téks ieu !

“Mangga. Ngan kuring aya paménta. Badé melak hanjuang beureum di alun-alun karaton. Éta téh pertanda, mun éta hanjuang daunna garing, tandana kuring éléh. Tapi mun éta hanjuang daunna anggér, hartina kuring masih kénéh hirup.”

“Heug!” ceuk Prabu Geusan Ulun. Cedok Ki Sayang Hawu nyembah, terus indit néangan hanjuang. Hanjuang téh dipelakkeun di alun-alun. Geus kitu mah arindit, dibaturan ku Ki Nanggeudan, Ki Kondang Hapa, jeung Ki Térong Peot.

Gunana tangkal hanjuang nu dipelak Ki Sayang Hawu di alun-alun karaton, nyaéta jadi ciri yén …

a)

paéh hirupna Ki Sayang Hawu

b)

maju mundurna Karajaan Sumedang

c)

papisahna Ki Sayang Hawu jeung tilu baturna

d)

pindahna puseur dayeuh Karajaan Sumedang ka Dayeuh Luhur

e)

dimimitian perang antara Karajaan Sumedang jeung Cirebon

14.

Nu jadi poko pasualan nu hayang ditepikeun ku pangarang dina hiji carita disebut …

a)

téma

b)

galur

c)

amanat

d)

setting/latar

e)

puseur sawangan

15.

Hal-hal anu hadé (papatah) anu ditepikeun ku pangarang dina hiji carita disebut …

a)

téma

b)

puseur sawangan

c)

latar

d)

watek

e)

amanat

16.

Aksara Sunda ngabogaan opat wangun aksara, salasahijina nyaéta rarangkén nu hartina …

a)

tanda baca

b)

aksara nu ngagambarkeun angka

c)

pananda sora

d)

pananda angka

e)

pananda konsonan

17.

Nu ngabédakeun aksara Sunda jeung aksara Latén téh nyaéta aksara Sunda mah mangrupa aksara silabis, nu maksudna saaksara ngagambarkeun …

a)

Sasora

b)

Saengang

c)

Saaksara

d)

Sakecap

e)

Sakalimah

18.

Ieu di handap, nu teu kaasup kana opat wangun aksara Sunda, nyaéta aksara …

a)

Ngalagena

b)

Swara

c)

Hanacaraka

d)

Angka

e)

Rarangkén

19.

Dina aksara Sunda, aya sabaraha wangun aksara nu mirip jeung aksara nu lain. Ieu di handap, nu wangunna mirip nyaéta …

a)

<la>, <sa>, jeung <za>

b)

<ka>, <sa>, jeung <ra>

c)

<ra>, <za>, jeung <na>

d)

<ca>, <sa>, jeung <ka>

e)

<ba>, <ka>, jeung <ta>

20.

Cara nulis 21 Méi 2021 dina aksara Sunda nyaéta …

a)

/᮱᮲/ ᮙᮦᮄ /᮲᮰᮲᮱/

b)

/᮲᮱/ ᮄᮙᮦ /᮲᮰᮲᮱/

c)

/᮲ᮄ/ ᮙᮦᮄ /᮲᮰᮲᮱/

d)

/᮱᮲/ ᮙᮦᮄ /᮱᮰᮱᮲/

e)

/᮲᮱/ ᮙᮦᮄ /᮲᮰᮲᮱/

21.

Subjek dina téks di handap nyaéta …

a)

Kadaka

b)

Bata

c)

Lala

d)

Bapa

e)

Nada

22.

Kecap pagawéan dina téks di handap nyaéta …

a)

Indit

b)

Bata

c)

Mawa

d)

Mangkat

e)

Kadaka

23.

Rarangken panéléng fungsina nyaéta ngarobah vokal aksara /a/ jadi /é/. Rarangken panéléng ditulis …

a)

Saukuran jeung aksara ngalagena

b)

Handapeun aksara ngalagena

c)

gigireun kénca aksara ngalagena

d)

Luhureun aksara ngalagena

e)

Sajajar jeung aksara ngalagena

24.

Kalimah 'Mobil téh luak-léok, ngenca-ngatuhu.' ditulis ku aksara Sunda...

a)

ᮙᮧᮘᮤᮜ᮪ ᮒᮨᮂ ᮜᮥᮃᮊ᮪- ᮜᮦᮇᮊ᮪, ᮍᮨᮔ᮪ᮎ-ᮍᮒᮥᮠ

b)

ᮙᮧᮘᮤᮜ᮪ ᮒᮨᮂ ᮜᮥᮃᮊ᮪- ᮜᮦᮇᮊ᮪, ᮍᮨᮔ᮪ᮎ-ᮍᮒᮠᮥ

c)

ᮙᮧᮘᮤᮜ᮪ ᮒᮨᮂ ᮜᮥᮃᮊ᮪- ᮜᮇᮊ᮪, ᮍᮨᮔ᮪ᮎ-ᮍᮒᮥᮠᮥ

d)

ᮙᮧᮘᮤᮜ᮪ ᮒᮨᮂ ᮜᮥᮃᮊ᮪- ᮜᮦᮇᮊ᮪, ᮍᮨᮔᮎ-ᮍᮒᮥᮠᮥ

e)

ᮙᮧᮘᮤᮜ᮪ ᮒᮨᮂ ᮜᮥᮃᮊ᮪- ᮜᮦᮇᮊ᮪, ᮍᮨᮔ᮪ᮎ-ᮍᮒᮥᮠᮥ

25.

Angka 3 × 5 + 6 = 21, lamun ditulis ku aksara Sunda, nyaéta…

a)

᮶× ᮵+ ᮶ = ᮲᮱

b)

᮶ × ᮵ + ᮶ = ᮲᮱

c)

᮵ × ᮳ + ᮶ = ᮲᮱

d)

᮵ × ᮳ + ᮶ = ᮲᮱

e)

᮳ × ᮵+ ᮶ = ᮲᮱

26.

Baca téks ieu di handap.

ᮞᮜᮊᮥ ᮙᮞᮛᮊᮒ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ , ᮅᮛᮀ ᮇᮌᮨ ᮊᮥᮓᮥ ᮄᮜᮥ ᮍᮙᮨᮊᮛ᮪ᮊᮔ᮪ ᮏᮩᮀ ᮍᮙᮞᮛᮊᮒ᮪ᮊ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ. ᮒᮥᮏᮥᮃᮔᮔ ᮞᮍ᮪ᮊᮔ᮪ ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮒᮩ ᮅ ᮊᮜᮩᮌᮤᮒᮔ᮪ ᮏᮒᮤ ᮓᮤᮛᮤᮔ

Eusi téks di luhur nyaéta ngajakan urang sangkan…

a)

diajar aksara Sunda di sakola

b)

maké aksara Sunda unggal poé

c)

ngilu ngamasarakatkeun aksara Sunda

d)

maké basa Sunda keur basa sapopoe

e)

boga tatakrama mun nyarita ku basa Sunda

27.

Di handap ieu nu teu kaasup aksara ngalagena nyaéta . . . .

a)

b)

c)

d)

e)

28.

Rarangkén anu ngarobah vokal aksara /a/ jadi /i/ nyaéta . . . .

a)

paneuleung

b)

pangwisad

c)

panghulu

d)

pamepet

e)

panyakra

29.

Rarangkén anu ngarobah vokal aksara /a/ jadi /-la/ nyaéta . . . .

a)

panyiku

b)

panyuku

c)

panyakra

d)

panghulu

e)

panglayar

30.

Aksara Sunda nu bener pikeun nuliskeun kecap “sakola” nyaéta . . . .

a)

ᮞᮊᮧᮜ

b)

ᮞᮊᮧᮜᮏ

c)

ᮞᮊᮧᮜᮃ

d)

ᮞᮊᮧᮜᮁ

e)

ᮞᮊᮧᮜᮔ

31.

Aksara Sunda perlu dimodifikasi lantaran basa Sunda kapangaruhan ku basa asing. Aksara serepan tina aksara asing, nyaéta . . .

a)

<za>, <fa>, <va>, <qa>, <xa>

b)

<la>, <va>, <qa>, <xa>, <za>

c)

<tsa>, <va>, <qa>, <xa>, <za>

d)

<kha>, <va>, <qa>, <xa>, <za>

e)

<dha>, <va>, <qa>, <xa>, <za>

32.

Dina aksara Sunda aya nu disebut aksara ngalagena lantaran . . . .

a)

aya konsonan asing nu dipaké

b)

ngabogaan tujuh aksara swara

c)

ngabogaan rarangkén (pananda sora)

d)

wianjana (konsonan) dituturkeun ku sora /a/

e)

wianjana (konsonan) dituturkeun ku sora /eu/

33.

Aksara Latén tina kalimah ᮊᮀ ᮓᮥᮓᮤᮀ ᮖᮨᮃᮒ᮪ ᮊᮀ ᮚᮚᮒ᮪ ᮍᮛᮀ ᮜᮌᮥ “ᮙᮛᮧᮏᮨᮀᮏ” nyaéta . . . .

a)

Kang Dadang feat Kang Yayat ngarang lagu "Marojéngja".

b)

Kang Dudung feat Kang Yoyo ngarangg lagu "Marojéngja".

c)

Kang Dodong feat Kang Yayat ngarang lagu "Marojéngja".

d)

Kang Duding feat Kang Yayat ngarang lagu "Marojéngja".

e)

Kang Diding feat Kang Yoyo ngarang lagu "Marojéngja".

34.

Kalimah “Laleur mapay areuy” tulisan aksara Sundana nyaéta . . .

a)

ᮜᮜᮩᮛ᮪ ᮙᮕᮚ᮪ ᮃᮛᮨᮅᮚ᮪

b)

ᮜᮜᮩᮛ᮪ ᮙᮕᮚᮔᮀ ᮃᮛᮅᮚ

c)

ᮜᮜᮩᮛ᮪ ᮙᮕᮚᮀ ᮃᮛᮅᮚ

d)

ᮜᮜᮩᮛ᮪ ᮙᮕᮚᮂ ᮃᮛᮅᮚ

e)

ᮜᮜᮩᮛ᮪ ᮙᮕᮚᮅ ᮃᮛᮅᮚ

35.

Cara nuliskeun aksara Sunda sarua saperti nulis aksara Latén, nyaéta . . . .

a)

ti kénca ka handap

b)

ti kénca ka katuhu ka handap

c)

ti luhur ka handap ka katuhu

d)

ti luhur ka handap ka kénca

e)

ti katuhu ka kénca ka handap

36.

Aksara Sunda anu ayeuna diulik di sakola mangrupa hasil modifikasi aksara . . . .

a)

Sunda Kuno

b)

Pallawa

c)

Brahmi

d)

Gupta

e)

Pégon

37.

Baca téks ieu di handap !

ᮜᮙᮥᮔ᮪ ᮘᮧᮌ ᮛᮨᮏᮨᮊᮤ ᮊᮥᮓᮥ ᮘᮤᮞ ᮍᮩᮛᮩᮒ᮪ ᮔᮩᮔ᮪ᮓᮩᮔ᮪ ᮙᮦᮂ ᮄᮞᮥᮊ᮪ ᮏᮌᮔᮤᮀ ᮌᮨᮒᮧ ᮒᮩᮅ ᮊᮒᮜᮀᮞᮛ

Maksud babasan di luhur nyaéta . . . .

a)

kudu nurut ka indung bapa salaku kolot nu ngalahirkeun ka dunya

b)

kudu bisa nyésakeun rejeki sangkan teu susah ka hareupna

c)

ulah adigung-adiguna sabab di luhur langit aya kénéh langit

d)

ulah poho ka nu boga jasa ngagedékeun urang

e)

kudu ati-ati boh tina babasaan boh tina paripolah

38.

Aksara Sunda mimiti kapanggih dina prasasti jeung naskah kuno. Dumasar kana pangapingan éta, kalayan ma‘nana yén aksara Sunda mimiti dipaké dina mangsa Karajaan . . .

a)

Galuh

b)

Kalingga

c)

Salakanagara

d)

Tarumanagara

e)

Pakuan Pajajaran

39.

Aksara Sunda anu bener tina kalimah “17 Agustus taun 1945” nyaéta . . . .

a)

/᮱/ᮃᮌᮥᮞ᮪ᮒᮥᮞ᮪ ᮒᮅᮔ᮪ /᮱᮹᮴᮵/

b)

/᮱/ /ᮃᮌᮥᮒᮥᮞ᮪/ /ᮒᮧᮔ᮪/ /᮱ᮙᮙᮥ/

c)

/᮱/ /ᮃᮌᮥᮒᮥᮞ᮪/ /ᮒᮧᮔ᮪/ /᮱ᮙᮙ᮫/

d)

/᮱/ /ᮃᮌᮥᮒᮥᮞ᮪/ /ᮒᮧᮔ᮪/ /᮱ᮙᮙᮜ/

e)

/᮱/ /ᮃᮌᮥᮒᮥᮞ᮪/ /ᮒᮧᮔ᮪/ /᮱ᮙᮙᮤ/

40.

Dumasar lalakon sajarahna, di handap ieu nu teu kaasupkeun aksara nu kungsi digunakeun ku urang Sunda, nyaéta aksara . . . .

a)

Sunda Kuno

b)

Pallawa

c)

Arab atawa Pegon

d)

Brahmi

e)

Cacarakan

41.

tulis ku aksara laten tina aksara swara ᮈ !

(a)  

42.

tulis ku aksara laten tina aksara swara ᮇ !

(a)  

43.

tulis ku aksara laten tina aksara ngalagena ᮑ !

(a)  

44.

tulis ku aksara laten tina aksara ngalagena ᮝ !

4 lines
45.

tulis ku kalimah laten tina kalimah ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ!

4 lines