Font size
WorksheetsRemedial Bahasa Sunda 8
Total questions: 50
Worksheet time: 53mins
Karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok disebutna...
Sajak
Novel
Wawaran
Carpon
Majalah Parahyangan nyaéta majalah anu pangheulana ngamuat carpon sunda dina taun...
1910
1920
1930
1940
Tokoh anu ngalalakon dina carpon disebutna...
Lalakon
Latar
Galur
Palaku
Salasahiji judul carpon nyaéta, iwal...
Carita luar biasa
Carita biasa
Papacangan
Néangan
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana disebutna...
Amanat
Galur
Latar
Jejer
Hal atawa perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca disebutna...
Jejer
Galur
Amanat
Latar
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita disebutna...
Latar
Jejer
Palaku
Galur
Buku kumpulan carpon munggaran dina basa sunda téh judulna...
Néangan
Dogdog pangréwong
Papacangan
Carita biasa
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita disebutna...
Latar
Galur
Palaku
Jejer
Sagala pitunjuk atawa katerangan nu aya kaitanana jeung tempat dina hiji carita disebutna ....
latar tempat
latar waktu
amanat
palaku
Jumlah kecap dina carita pondok nyae’ta aya ....
5.000-10.000 kecap
10.000-20.000 kecap
20.000-30.000 kecap
30.000-40.000 kecap
palaku anu ngabogaan watek hade sok biasa disebut oge...
antagonis
protagonis
tirtagonis
sadayana leres
di handap ieu anu teu kaasup kana ciri-ciri carpon, nyaeta ...
caritana pondok
nyaritakeun kahirupan sapopoe
non fiksi
kaharti ku akal
unsur intrinsik carpon, nyeta ..
jejer, tema, alur, padalisan, amanat
tema, alur, palaku, pesen, murwakanti
alur, latar, palaku, jejer, judul, naskah
alur, tema, palaku, amanat, latar
di handap ieu anu nuduhkeun kana unsur latar waktu, nyaeta ...
Haris merengut. Tadina mah rek terus ceurik, ngan ngarasa era.
Akhirna kalaksana oge kahayang Haris boga Hape teh.
Ti harita mimiti asup ka SMP, Haris ku bibina dibere hadiah Hape.
Lain sakali dua kali Haris menta hayang pangmeulikeun Hape teh.
Ti poe senen keneh indit ka sakola teh asa teu purun. Lain teu purun diajar, ngan asa ku era. Lantaran sapatu anu ngan sarampasan teh geus ruksak. Di sakola sok pada maroyokan. Ari kuring mah tara rea ngomong.
Gambaran suasana carpon nyaeta ...
sedih
bungah
bagja
cilaka
anu nuduhkeun kana unsur latar tempat dina potongan kalimah carpon di handap nyaeta ...
ngerjakeun nomer hiji mah teu pati hese. Sakeudeung oge geus anggeus.
kuring malik, maksud teh rek balik, diuk deui kana korsi.
peutingna basa kuring keur ngapalkeun kadenge Bapa nyalukan patengahan
isukna ka sakola teh make sapatu anyar anu meunang dibeulikeun ku Bibi.
Carpon teh kapondokan dari ...
Carita popon
Carita Pondok
Cari Pohon
Cari Pondok
Carpon nyaéta...
Karya sastra rékaan anu diwangun ku sababaraha pada
Karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranna pondok
Karya sastra prosa rékaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompléks)
Karya sastra prosa anu pamohalan tur ukuranana pondok
Galur atawa plot nyaéta...
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang
Tokoh anu dilalakonkeun dina carita
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
Titénan ciri-ciri ieu di handap!
1) Caritana rélatif pondok
2) Kajadianna tunggal
3) Caritana kompléks jeung tokohna loba
4) Napak kana kanyataan (réalitas) sapopoé
5) Aya unsur-unsur pamohalan (teu asup akal)
Anu mangrupa ciri-ciri carita pondok dituduhkeun ku nomer…
1,2,3
2,3,4
1,2,4
3,4,5
Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter.
Latar tempat dina éta sempalan carpon nyaéta...
Lapang
Gudang
Sakola
Alun-alun
Bedana carpon jeung dongeng nyaeta...
dongeng mah loba bagian nu pamohalan (teu asup akal), sedengkeun carpon umumna carita kahirupan sapopoe nu kaharti ku akal
carpon mah teu kanyahoan saha nu ngarangna, sedengkeun dongeng mah kanyahoan nu ngarangna
carpon mah kaasup sastra heubeul, sedengkeun dongeng mah kaasup sastra modern
dongeng mah carita na panjang, sedengkeun carpon mah caritana pondok
Galur carita anu rangkaian kajadian susunanna teu luyu jeung urutan waktu kajadian atawa carita nu gerakna (flashback), disebut oge...
Galur Maju
Galur Mundur
Galur Campuran
Galur Biasa
Nilai-nilai dina carita, latar belakang pangarang, jeung situasi sosial dina nyiptakeun carita kaasup kana….
Unsur Intrinsik
Unsur Ekstrinsik
Ciri-Ciri Carpon
Struktur Carpon
Bentuk wangunan parahu kumureb teh nyaeta ....
Eta gambar disebut suhunan imah ... .
capit gunting
parahu kumureb
badak heuay
tagog anjing
Karangan anu sipatna ngagambarkeun atawa ngajelaskeun hiji hal kalawan jelas luyu jeung kaayaan anu sabenerna disebut ….
Karangan argumentasi
Karangan persuasi
Karangan deskripsi
Karangan narasi
Dina karangan déskripsi, penulis nunjukeun bentuk, rupa, suasana sarta situasi hiji objek. Sahingga anu maca ….
meunang gambaran sacara jelas tina objek anu digambarkeun
henteu meunang gambaran tina objek anu digambarkeun
meunang gambaran sabagian tina objek anu digambarkeun
kurang meunang gambaran tina objek anu digambarkeun
Kampung mangrupa hiji daérah dimana aya imah atawa kulawarga anu cicing didinya. Ari kampung adat nyaéta….
daerah atawa wilayah anu geus henteu nyekel pageuh adat istiadat anu diwariskeun sacara turun temurun ti karuhun.
daerah atawa wilayah anu masih teguh nyekel pageuh adat istiadat anu diwariskeun sacara turun temurun ti karuhun.
daerah atawa wilayah anu masih nyekel pageuh sabagian adat istiadat anu diwariskeun sacara turun temurun ti karuhun.
daerah atawa wilayah anu geus kapangaruhan ku modernisasi nepi ka poho kana adat istiadatna sorangan.
Di handap ieu mana anu teu kaasup kana pangbéda (perbedaan) antara kampung adat jeung kampung biasa ….
kahirupan sosial masyarakat
arsitektur
kapercayaan
pagawean
Kampung adat anu aya di daérah Bandung nyaéta kampung….
Cireundeu, Cikondang
Cireundeu, Mahmud, Anjasari
Mahmud, Cikondang
Cireundeu, Cikondang, Mahmud
Kampung Dukuh jeung Kampung Pulo mangrupa kampung adat anu aya di daérah ….
Kabupaten Garut
Kabupaten Tasikmalaya
Kabupaten Ciamis
Kabupaten Sukabumi
Gambar di luhur mangrupa bangunan di Kampung Adat anu aya di Kabupaten Sukabumi, ngaran kampung adatna nyaéta ….
Kampung Cireundeu
Kampung Ciptagelar
Kampung Naga
Kampung Kuta
Kampung Naga mangrupa salah sahiji kampung adat anu aya di tatar Sunda, perenahna di daérah ….
Désa Salawu, Kec. Néglasari, Kab.Tasikmalaya
Désa Sirnaresmi, Kec. Cisolok, Kab. Sukabumi
Désa Kanékés, Kec. Leuwidamar, Kab.Lebak
Désa Karangpaninggal, Kec.Tambaksari, Kab. Ciamis
Baca teks singget di handap ieu !
Istilah atawa sesebutan ngaran kampung Naga téh asalna mah Kampung Na Gawir (Kampung di pinggir jurang), terus robah ngaranna jadi Kampung Naga.
Teks di luhur ngabahas ngeunaan ….
kahirupan sosial masarakat kampung Naga
kapercayaan masarakat kampung Naga
pagawéan masarakat di kampung Naga
asal usul ngaran Kampung Naga
Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar
Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di Kampung Sukamuya Désa Simaresmi Kecamatan Cisolok di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupaten Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa kantor Pemda di Cisaat kénéh.
Najan deukeut ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Ciptagelar mah pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan para karuhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan urang Sunda pituin anu can kacampuran ku pangaruh modérn, salah sahijina dina potongan imah.
Tatacara kahirupan nu masih kénéh pageuh dicekel ku masarakat Kampung Gedé Ciptagelar asalna tina kabiasaan …
modern
para karuhun
kolonial
animisme
Kampung dukuh téh diadegkeun ku salasaurang ulama nyaéta …
Syekh Abdul Jalil
Syarif Hidayatullah
Sembah Dalem Singaparna
Eyang Dalem Haji Abdul Manaf
Asal-usul ngaran kampung Mahmud téh nya éta tina basa Arab nyaéta …
Mahmuudah
Mahmuudin
Mazmumah
Mazmumin
Kampung anu perenahna di Kabupatén Bogor nyaéta kampung …
Urug
Naga
Cireundeu
Arjasari
Kampung Adat nu aya di Kabupaten Ciamis, Jawa Barat nyaéta ....
Kampung Adat Kuta
Kampung Adat Urug
Kampung Adat Ciamis
Kampung Adat Banceuy
Kampung Adat Cireundeu perenahna aya di ....
Cimahi
Bandung
Bogor
Tasik
Mana nu teu kaasup kana kampung Adat?
Kampung Adat Ciptagelar
Kampung Gajah
Kampung Adat Cireundeu
Kampung Adat Kuta
Naon anu teu kaasup pantangan di kampung adat Naga?
a. Posisi panto teu meunang sajajar
b. Teu meunang nyaritakeun sajarah lembur poé nu tangtu
c. Teu meunang nanggap kasenian dangdut
d. Teu meunang aya Listrik
a. Posisi panto teu meunang sajajar
b. Teu meunang nyaritakeun sajarah lembur poé nu tangtu
c. Teu meunang nanggap kasenian dangdut
d. Teu meunang aya Listrik
Tanggal 1 Sura pikeun warga Cireundeu, ampir sarua jeung lebarana. Dina upacara adat, kaum lalaki maké baju pangsi warna hideung, ari kaum awéwé mah make kabaya aatawa baju bodas. Gugunungan sasajén, mangrupa bungbuahan jeung rasi, anu dibawa ka tengah ririungan (Kumpulan) warga di Balé Adat. Warga tapakur mirengkeun wejangan ti sesepuh Kampung adat Cireundeu. Upacara Tutup taun Saka mangrupa salasahiji wujud sukur ka nu Maha kawasa. Ieu upacara téh dimimitian ku pintonan wayang golek jeung sarupaning kasenian tradisional has Cireundeu., nya eta angklung buncis. Aya hiji léngsér nu dangdananan make pakéan sarwa hideung, pangsi jeung kamprét has Sunda, lengkep jeung iket has Cireundeu. Tuluy tamu dititah diuk ku léngsér di Bale sarasehan. Upacara adat ditandaan ku cara melak tangkal ku kuncén nu engkéna éta tangkal téh bakal dipelakeun di Gungung kunci Cireundeu.
Naon tujuan upacara di luhur téh?
sarat pikeun kasuburah tanah Cireundeu
Sangkan sakumna warga salamet tina bala'i
Wujud sukur ka nu Maha Kawasa
Sangkan tatanen nyugemakeun
Di Kampung Naga teu meunang nanggap kasenian anu datangna ti luar, saperti wayang golék, dangdut, kendang penca sarta kasenian liana anu make goong. Ari lalajo mah meunang urang dinya ogé, asal ulah di jero Kampung Naga. Kasenian anu meunang ditanggap di Kampung Naga nya éta terebang, beluk, jeung rengkong. Kasenian anu dianggap mangrupa warisan turun tumurun ti karuhunna. Urang Kampung Naga ogé pantrang nyaritakeun ngeunaan lembur katut sajarahna dina poé Salasa, Rebo, jeung Saptu. Komo nyaritakeun luluhurna atawa karuhunna mah, dipahing pisan. Ari sababna poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mah mangrupa poéan nyepi. Kampung Naga diadegkeun ku Sembah Dalem Singaparna, anu dianggap karuhun urang Kampung Naga, ratusan taun katukang. Sembah Dalem Singaparna téh salasaurang anu nyebarkeun agama Islam. Anu matak urang Kampung Naga mah kabéhanana ngagem agama Islam. Ngan dina prak-prakan ibadahna diluyukeun jeung adat-cahara katut kabiasaan karuhunna. (Sumber: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat). Naon sababna poé Salasa, Rebo, jeung Saptu di kampung Adat Naga teu meunang nyaritakeun karuhunna?
Poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mangrupa poé nyepi
Poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mangrupa poé wedalna karuhun
Poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mangrupa poé karamat
Poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mangrupa poé naas
Di Kampung Naga teu meunang nanggap kasenian anu datangna ti luar, saperti wayang golék, dangdut, kendang penca sarta kasenian liana anu make goong. Ari lalajo mah meunang urang dinya ogé, asal ulah di jero Kampung Naga. Kasenian anu meunang ditanggap di Kampung Naga nya éta terebang, beluk, jeung rengkong. Kasenian anu dianggap mangrupa warisan turun tumurun ti karuhunna. Urang Kampung Naga ogé pantrang nyaritakeun ngeunaan lembur katut sajarahna dina poé Salasa, Rebo, jeung Saptu. Komo nyaritakeun luluhurna atawa karuhunna mah, dipahing pisan. Ari sababna poé Salasa, Rebo, jeung Saptu mah mangrupa poéan nyepi. Kampung Naga diadegkeun ku Sembah Dalem Singaparna, anu dianggap karuhun urang Kampung Naga, ratusan taun katukang. Sembah Dalem Singaparna téh salasaurang anu nyebarkeun agama Islam. Anu matak urang Kampung Naga mah kabéhanana ngagem agama Islam. Ngan dina prak-prakan ibadahna diluyukeun jeung adat-cahara katut kabiasaan karuhunna. (Sumber: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat).
Kalimah anu luyu/sesuai jeung eusi téks di luhur nya éta?
Kasenian kampung adat Naga diantarana kendang penca
Kampung Adat Naga jauh ti kota gede
Kampung Naga aya di taneuh anu luhur kacida
kampung Naga ngagem agama islam
salah sahiji pantangan di kampung adat nya eta teu meunang ngagunakeun listrik. Di mana kampung adat nu di maksud?
Naga
Cireundeu
Ciptagelar
Duhkuh
