

Drama
Presentation
•
World Languages
•
12th Grade
•
Practice Problem
•
Medium
Yudiansyah Asmara
Used 9+ times
FREE Resource
10 Slides • 5 Questions
1
Drama
Diajar Bahasa Sunda Bareng Kang Yudi

2
DRAMA
3
Dumasar wangunna sastra kabagi jadi tilu nya éta:
1. Prosa, basa nu digunakeunna umumna basa lancaran
2. Puisi, basa nu digunakeunna umumna basa ugeran
3. Drama, basa nu digunakeunna umumna kalimah langsung dina wangun paguneman
4
Istilah DRAMA
Istilah drama asalna tina basa yunani nya éta draomai hartina berbuat, berlaku, bertindak, atau beraksi. Nalika mimiti muncul dina kasenian Indonesia drama disebut toneel. Istilah éta dibawa ku urang walanda, dina basa Walanda drama téh toneel nu hartina pintonan. Istilah toneel ditarjamahkeun ku PKG Mangkunegara VII jadi Sandiwara. Sandiwara asalan tna basa Jawa, sandi hartina symbol atawa rusiah, wara/ warah miboga harti pangajaran. Jadi sacara etimologis mah sandiwara téh pangajaran tina symbol-simbol nu sipatna rahasiah. Aya deui istilah séjénna nu padeukeut jeung drama nya éta teater. Teater asalna tina kecap theatron nu hartina tempat pintonan/panggung. Istilah teater ogé digunakeun pikeun nyebut drama modern.
Drama téh kasenian nu mindocipta maksudna aya dua kali prosés. Kahiji ayana nasakah drama, kadua éta naskah téh dipintonkeun. Nu ngalaksanakeun pintonan drama téh actor/aktris/palaku nu baris merankeun karakter nu aya dina drama, hartina maranéhna ngalakukeun acting. Kusabab ngalakukeun acting tangtu mikabutuh dialog/paguneman, ari dialog téh wangunna kalimah langsung.
5
Medar Drama
1. Pintonan Drama
Saenyana di urang th geus lila aya pintonan drama. Drama anu
dipintonkeun babakuna mah nu ku para ahli sok disebut tater tradisional.
Upamana ba banjet, longsr, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun
aya nu disebut sandiwara atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan
jeung komdi stambul dina basa Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa.
Sandiwara th sastuna pangaruh ti Barat anu muncul di urang dina awal
abad ka-20.
Wangun tater tradisional anu ditataan di luhur th sok disebut
og tater rakyat anu di antara ciri pagelaranana th tanpa naskah. Jadi,
stuning ngandelkeun improvisasi pamanna ba dumasar kana pituduh
ti sutradara. Malah dipintonkeunana og sakapeung tara dina panggung,
tapi cukup di lapangan terbuka bari dicaangan ku obor atawa cempor.
6
1. Pintonan Drama
Kadieunakeun muncul deui anu disebut gending karesmen, nyata sandiwara anu dialogna (pagunemanana) ditembangkeun. Mun sandiwara mah tara make naskah, gending karesmen mah aya naskahna. Lamun make naskah teh kaharti, da tembang dina gending karesmen mah apan teu bisa didadak (improvisasi), beda jeung sandiwara nu dialog-dialogna atawa paripolah pamanna beunang ku didadak. Ieu oge pangaruh ti luar, nyata pangaruh opera anu jolna ti éropa. Tapi, dina gending karesmen mah lalaguanana teh dicokot tina tembang Sunda.
Dina kamekaran saterusna lahir nu sok disebut drama modern. Wangunanana lancaran, teu mak tembang siga dina gending karesmen. Ieu ge make naskah, malah pintonanana ge diatur pisan numutkeun aturan seni panggung. Mak dkor keur sting panggung, mak tata lampu (efekcahaya), musik, atawa gerak tari. Malah kadieunakeun deui, sajalan jeung kamekaran teknologi nu beuki canggih, pagelaran drama eh dipapas ku unsur-unsur multimdia. Upamana dicampur ku gambar tina vidio, ngagunakeun musik digital, atawa nyiptakeun efek gerak mekanik.
7
2. Proses Mintonkeun Drama
Dina pangajaran sammhna urang geus latihan
maca drama. Ayuena urang latihan mintonkeun drama.
Hartina lain sakadar dibaca, tapi dialog-dialogna kudu
diapalkeun nepi ka apal cangkem, diragakeun paripolah
tokohna, sarta dipintonkeun mangrupa pagelaran dina
panggung.
Sammh mintonkeun drama urang kudu apal
heula kumaha nataharkeunana. Dina pintonan drama
th ngalibetkeun rupa-rupa unsur. Upamana, urang
perlu naskah drama nu rk dipintonkeun. Sanggeus aya
naskah, perlu sutradara anu boga tanggung jawab ngatur
pintonanana. Keur mintonkeun ta drama sutradara
butuh paman (aktor jeung aktris).
8
3. Dialog dina Drama
Dialog teh omongan antara dua jalma atawa leuwih nu silih tempas. Omongan sarupa kitu teh sasat jadi nyawana drama. Naon sabana?
Lantaran alur carita drama mah diwangun ku dialog tokoh-tokohna. Lain diwangun ku narasi atawa deskripsi siga dina prosa. Anapon dina naskah drama aya katerangan-katerangan anu netelakeun latar jeung paripolah palaku, ta mah sakadar pituduh keur sutradara atawa aktor dina waktu
mintonkeun drama. Malah sipatna og henteu ngiket, bisa dirobah-robah.
Paranedene kitu lain ba aya dialog dina drama th. Sok kapanggih
og monolog, nyata omongan sorangan anu diucapkeun ku hiji tokoh.
Siga gegerendengan sorangan, teu puguh layan. Malah aya drama anu
caritana ti awal nepi ka ahir ukur diwangun ku monolog. disagedengeun ta, aya deui nu disebut prolog jeung pilog. Prolog nyata omongan bubuka, biasana digunakeun keur muka hiji pintonan drama. Ari pilog nyata omongaan panutup.
Prolog sok disaruakeun jeung panganteur carita. Ari pilog sok disaruakeun jeung panutup atawa kacindekan carita. Amanat nu hayang ditepikeun ka nu maca atawa ka nu lalajo osok og kapanggih dina epilog.
9
Unsur-Unsur anu aya dina drama :
1. Babak
Babak dina drama biasana ditandan ku setting tempat. Hartina mun ganti setting éta tandana ganti babak
2. Adegan
Adegan mangrupa bagian babak biasana nu ditandaan ku nambahan jeung ngurangan palaku
3. Dialog/paguneman
Dialog mangrupa bagian utama drama
4. Pituduh teknis
Pituduh teknis nya éta pituduh laku lampah palaku sarta ngagmbarkeun kaayaan dina carita
5. Prolog
Prolog nya éta bubuka panganteur kana eusi drama
6. Epilog
Epilog mangrupa panutup drama eusina biasa kacindekan atawa amanat, henteu tiap drama aya epilog.
10
Unsur-Unsur anu aya dina drama :
7. Solilokui
Solilokui mangrpa bagian carita eosin apaguneman nu dikedalkeun ku palaku ka diria sorangan
8. Tema
Tema nya éta puseur carita nu ngajiwaan sakabéh eusi carita
9. Galur carita
Galur ny éta runtuyan kajadian dina drama
10. Latar/setting
Eusina tempat, waktu, jeung suasana
11. Palaku
Anu ngalalakon
12. Amanat
Hal-hal nu rék ditepikeun ku pangarang mangrupa ajén-ajén moral
11
Multiple Choice
Ciri anu ngabedakeun kajian dina drama jeung kahirupan sapopoe nyaeta ....
ditata jeung direka
jadi sorangan
teu dihaja
teu direncanakeun
12
Multiple Choice
Dihandap ieu ciri utama dina drama, iwal ti ....
jang pentaskeuneun
Wangun na dialog
Jang ngahibur
mangrupa carita
13
Multiple Choice
Di handap ieu elemen-elemen anu aya dina dialog, iwal ti ....
latar
tokoh
kramagung
wawancang
14
Multiple Select
Pilih anu kaasup Struktur drama nyaeta ....
orientasi, komplikasi, dugi ka resolusi.
prolog, dialog, dan epilog.
dialog, kramagung, wawancang.
prolog, dialog, kramagung, wawancang, dan epilog.
15
Multiple Select
Dumasar kana peran na, tokoh dibaji jadi ....
tokoh utama jeung figuran
tokoh utama jeung tokoh pembantu
tokon protagonis jeung tokoh antagonis
tokoh protagonis, antagonis, jeung tritagonis.
Drama
Diajar Bahasa Sunda Bareng Kang Yudi

Show answer
Auto Play
Slide 1 / 15
SLIDE
Similar Resources on Wayground
9 questions
Simple Past Tense
Presentation
•
12th Grade
9 questions
Past Tense Lesson
Presentation
•
12th Grade
9 questions
Asimptote
Presentation
•
11th - 12th Grade
10 questions
Algebra, Proportions & Ratios, and Probability
Presentation
•
11th Grade
7 questions
Animale sălbatice
Presentation
•
KG
9 questions
Olika träningsformer
Presentation
•
University
12 questions
Anatomia chirurgicala a tiroidei - Vena tiroidiana medie
Presentation
•
University
9 questions
English B- Revision Drama : Ti-Jean and his Brothers
Presentation
•
12th Grade
Popular Resources on Wayground
20 questions
"What is the question asking??" Grades 3-5
Quiz
•
1st - 5th Grade
20 questions
“What is the question asking??” Grades 6-8
Quiz
•
6th - 8th Grade
10 questions
Fire Safety Quiz
Quiz
•
12th Grade
20 questions
Equivalent Fractions
Quiz
•
3rd Grade
34 questions
STAAR Review 6th - 8th grade Reading Part 1
Quiz
•
6th - 8th Grade
20 questions
“What is the question asking??” English I-II
Quiz
•
9th - 12th Grade
20 questions
Main Idea and Details
Quiz
•
5th Grade
47 questions
8th Grade Reading STAAR Ultimate Review!
Quiz
•
8th Grade
Discover more resources for World Languages
20 questions
verbos reflexivos en español
Quiz
•
9th - 12th Grade
20 questions
Direct Object Pronouns in Spanish
Quiz
•
9th - 12th Grade
20 questions
-AR -ER -IR present tense
Quiz
•
10th - 12th Grade
25 questions
Preterito regular
Quiz
•
10th - 12th Grade
20 questions
preterito vs imperfecto
Quiz
•
5th - 12th Grade
18 questions
REFLEXIVE VERBS IN SPANISH
Quiz
•
9th - 12th Grade
30 questions
Saber vs conocer
Quiz
•
9th - 12th Grade
22 questions
Regular Preterite -AR-ER-IR-
Quiz
•
12th Grade