
ULANGAN SUNDA KELAS X SAJAK
Authored by Dans Prie
World Languages
10th Grade
Used 191+ times

AI Actions
Add similar questions
Adjust reading levels
Convert to real-world scenario
Translate activity
More...
Content View
Student View
50 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Nu dimaksud puisi dina sastra Sunda nyaeta ……………
Wanda karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina, lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoe atawa cara wangun prosa.
Salahsahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (Puisi) nu teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran
Mangrupakeun ungkara pikiran, perasaan jeung gagasan pangarang anu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasoalan.
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsure-unsur pamohalan
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu sumebarna sacara tatalepa tijalma ka jalma sejenna sacara lisan
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Nu dimaksud sajak dina sastra Sunda nyaeta ……………..
Wanda karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina, lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoe atawa cara wangun prosa.
Salahsahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (Puisi) nu teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran
Mangrupakeun ungkara pikiran, perasaan jeung gagasan pangarang anu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasoalan.
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsure-unsur pamohalan
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu sumebarna sacara tatalepa ti jalma ka jalma sejenna sacara lisan
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Sajak biasana diwangun dina basa kiasan atawa konotatif, naon nu disebut konotatif……….
Harti anu langsung nuduhkeun baranganu dimaksudna, tapi teu ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen.
Harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna
Harti anu teu langsung nuduhkeun baranga nu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen.
Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna
Harti anu langsung teu langsung nuduhkeun barang sejenna.
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Unsur pangwangun anu ngadeudeul kana jenglengan rumpaka sajak nyaeta…………
Adegan lahir jeung adegan batin
Wangun sajak (Tifografi) jeung Pilihan kecap (Diksi)
Citraan (Imaji) jeung Gaya Basa (Figuratif)
Purwakanti jeung jejer (Sense)
Rasa (Feeling) jeung wirahma (Tone)
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Nu teu kaasup kana pangwangun sajak adegan lahir nyaeta ……….
Wangun sajak (Tifografi)
Pilihan kecap (Diksi)
Citraan (Imaji)
Gaya Basa (Figuratif)
Jejer (Sense)
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Nu teu kaasup kana unsur pangwangun sajak adegan batin nyaeta ………
Gaya Basa (Figuratif)
Jejer (Sense)
Rasa (Feeling)
Wirahma (Tone)
Amanat (Intention)
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Nu dimaksud unsur pangwangun sajak adegan lahir nyaeta …………………….
Unsur fisik sajak disawang tina wangunna.
Unsur anu teu katembong langsung tapi kudu di teuleuman atawa dirarasakeun kucara dibaca sababaraha balikan
Unsur batin nu aya dina diri urang kucara maca sajak kalawan daria
Unsur sipat dina sajak nu ngagambarkeun kaayaan eta sajak
Unsur nu nerangkeun kajadian atawa kaayaan eusi sajak
Access all questions and much more by creating a free account
Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports

Continue with Google

Continue with Email

Continue with Classlink

Continue with Clever
or continue with

Microsoft
%20(1).png)
Apple
Others
Already have an account?