Lawungan 1 - Évaluasi Matéri Dongéng

Lawungan 1 - Évaluasi Matéri Dongéng

1st Grade

5 Qs

quiz-placeholder

Similar activities

B.sunda kelas 1 bab 5

B.sunda kelas 1 bab 5

1st Grade

10 Qs

SDTKN - PH 3 Basa Sunda Semester 2

SDTKN - PH 3 Basa Sunda Semester 2

1st Grade

10 Qs

Pangajaran 6 kelas 5

Pangajaran 6 kelas 5

1st - 5th Grade

10 Qs

review bahasa sunda

review bahasa sunda

1st Grade

5 Qs

Latihan Ulangan Pangajaran 5 Kelas 6A

Latihan Ulangan Pangajaran 5 Kelas 6A

1st Grade - Professional Development

10 Qs

ulangan harian semester 1

ulangan harian semester 1

1st - 3rd Grade

10 Qs

Wawancara

Wawancara

1st Grade - University

10 Qs

SDTKN PH-2 Basa Sunda Kelas 1 Semester 2

SDTKN PH-2 Basa Sunda Kelas 1 Semester 2

1st Grade

10 Qs

Lawungan 1 - Évaluasi Matéri Dongéng

Lawungan 1 - Évaluasi Matéri Dongéng

Assessment

Quiz

Education

1st Grade

Hard

Created by

Anggie Bintang

Used 3+ times

FREE Resource

5 questions

Show all answers

1.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 2 pts

Pék baca sempalan dongéng ieu di handap!

Kacaritakeun Batara Guru di Sri Marcapada. Éta gegedug déwa téh keur boga kahayang, hayang nyieun balandongan di Sri Marcapada. Sang Narada laju ka paséban, ngumpulkeun para déwa anu jumlahna aya salapan. Kabéh déwa diperedih tanagana pikeun rempug jukung gotong royong ngumpulkeun bahan-bahanna. Ti dinya mah tuluy baé Sang Narada téh babagi tugas. Aya nu kabagéan kudu ngumpulkeun tihang, bilik, hateup, palupuh, jeung sajabana. Kabéh déwa pada nyanggupan. Ngan saurang anu henteu nyanggupan téh, nyaéta Déwa Anta. Lantaran apan Déwa Anta mah tanpadaksa, teu boga leungeun teu boga suku. Mangkaning tugas manéhna téh kudu nyiapkeun tatapakan (pondasi). Bakat ku sedih henteu bisa mantuan anu séjén, Déwa Anta téh bati carindakdak baé. Malah antukna mah cimatana merebey teu katahan, sarta ngeclak tilu keclak. Ku kersa Nu Maha Kawasa, éta cimata Déwa Anta anu ngeclak téh ngagorolong jadi endog satilu-tilu.

Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, anu kaasup kana unsur pamohalan nyaéta…

Batara Guru boga kahayang nyieun balandongan di Sri Marcapada

Sang Narada ngumpulkeun para déwa anu jumlahna aya salapan

Kabéh déwa diperedih tanagana pikeun rempug jukung gotong royong

Déwa Anta tanpadaksa, teu boga leungeun teu boga suku.

Cimata Déwa Anta anu ngeclak ngagorolong jadi ending satilu-tilu

2.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

1 min • 2 pts

Dina dongéng Gajah jeung Sireum aya paribasa “Sireum ogé ditincak-tincak teuing mah sok ngalawan”. Éta paribasa téh ngandung ajén atikan, anu hartina…

Jalma leutik gé lamun terus-terusan dihina tangtu ngalawan.

Hirup kudu nyiar élmu pikeun kasalametan dunya ahérat.

Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna pikanyerieun batur.

Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.

Ulah boga pikiran yén banda jeung nyawa bisa diatur ku urang.

3.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

1 min • 2 pts

Pék baca sempalan dongéng ieu di handap!

Jaman baheula aya dua budak adi lanceuk geus teu indung teu bapa, teu sanak teu kadang. Éstu éta barudak téh pahatu halis. Lanceukna lalaki, kira-kira umur tujuh taun, adina awéwé kira-kira umur lima taun.

Titinggal kolotna ngan imah réyod wungkul.

Pagawén éta budak sapopoéna ngarala suluh ka leuweung, mulungan pangpung atawa lanceukna naék ka tatangkalan, mites-miteskeun rangrang anu gararing. Éta suluh téh dijual ka tatangga-tatanggana atawa ka pasar. Ladangna keur waragad hirup maranéhna.

Upama nilik kana wanda dongéng, sempalan dongéng di luhur téh kaasup kana wanda…

Fabel

Parabel

Légenda

Sagé

Mite

4.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 2 pts

Pék baca sempalan dongéng ieu di handap!

Kacaturkeun Nyi Mojang téa. Lila-lia mah manéhna teu burung manggih jodo. Béja Nyi Mojang rék kawin ka jajaka séjén, kadéngéeun ku Budugbasu jeung Jakatua. Nyel éta dua sadulur téh ambek. Laut ngaguruh, angin tinggelebug. Geleger aya sora, “Lamun anjeun jadi kawin jeung lalaki séjén, mangka anjeun kudu séba heula ka kami. Mun henteu, ulah sambat kaniaya. Lembur ku kami bakal dileburkeun. Unggal pamayang bakal dikelemkeun.”

Sieun bisi aya kajadian anu teu dipikahayang, nya kapaksa nyi Mojang jeung urang lembur ngayakeun pésta di laut, nyérénkeun séba keur Budugbasu jeung Jakatua. Nu disébakeunana hulu munding jeung jeroanana.

Tah ti harita mimiti aya pésta laut téh. Sanajan Budugbasu jeung Jakatua henteu ménta pésta unggal taun, tapi urang basisir saban taun ngayakeun séba sangkan lamun manéhna mayang ka laut pinanggih kasalametan.

Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, anu jadi ciri tina wanda dongéng sagé nyaéta…

Nyi Mojang rék kawin ka jajaka séjén, Budugbasu jeung Jakatua téh ambek. Laut ngaguruh, angin tinggelebug.

Lamun Nyi Mojang jadi kawin jeung lalaki séjén, mangka kudu séba heula ka Budugbasu jeung Jakatua.

Mun teu séba, lembur ku Budugbasu jeung Jakatua bakal dileburkeun. Unggal pamayang bakal dikelemkeun.

Nyi Mojang jeung urang lembur ngayakeun pésta di laut nyérénkeun séba. Ti harita mimiti aya pésta laut téh.

Urang basisir saban taun ngayakeun séba sangkan lamun manéhna mayang ka laut pinanggih kasalametan.

5.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 2 pts

Media Image

Dumasar kana dua sempalan dongéng di luhur, anu jadi ciri tina wanda légenda nyaéta…

Nyaritakeun sasatoan anu paripolahna saperti manusa

Nyaritakeun kahirupan atawa paripolah jalma biasa

Nyaritakeun asal-muasal hiji hal atawa hiji tempat

Nyaritakeun hiji kajadian anu aya patalina jeung sajarah

Nyaritakeun kapercayaan masarakat kana hal-hal anu goib