Dongeng 2

Dongeng 2

10th Grade

25 Qs

quiz-placeholder

Similar activities

Quiz Bahasa Sunda "dongeng"

Quiz Bahasa Sunda "dongeng"

10th Grade

20 Qs

Ulangan Harian Wawancara

Ulangan Harian Wawancara

10th Grade

20 Qs

PTS SUNDA KELAS X

PTS SUNDA KELAS X

10th Grade

20 Qs

Asesmen Bahasa Sunda

Asesmen Bahasa Sunda

4th Grade - University

20 Qs

PTS Basa Sunda Kelas X

PTS Basa Sunda Kelas X

10th Grade

20 Qs

Ulhar B. Sunda Kelas X Bab 1 & 2

Ulhar B. Sunda Kelas X Bab 1 & 2

10th Grade

20 Qs

Uji Kompeténsi Bab. 1

Uji Kompeténsi Bab. 1

10th Grade

20 Qs

Penilaian Tengah Semester (PTS)  BAHASA SUNDA SEMESTER GANJIL

Penilaian Tengah Semester (PTS) BAHASA SUNDA SEMESTER GANJIL

10th Grade

20 Qs

Dongeng 2

Dongeng 2

Assessment

Quiz

Other

10th Grade

Hard

Created by

Ruci Sucitra

Used 24+ times

FREE Resource

25 questions

Show all answers

1.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

3 mins • 4 pts

Jenis-jenis dongéng téh saeutik aya 5 rupa diantarana waé:

Dongeng Sasatoan (Fabel), Dongeng Sasakala (Legenda), Dongeng Sage (Babad), Dongeng Kahirupan jelema biasa, Dongeng para nabi jeung wali.

Carita atawa dongeng anu ngandung unsur sajarah lokal disebutna......

Mitos

Legenda

Sasakala

Babad

Parabél

2.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

3 mins • 4 pts

Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran). Nilik wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula. Ilaharna dongéng téh pikeun barudak.  Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna  Corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma/jejer.

ieu di handap anu ngawengku struktur carita babad anu mernah nya eta...

tema, judul, palaku, latar, galur, puseur sawangan, jeung hikmah carita

tema jeung fakta carita (palaku, latar, galur)

tema, palaku, latar, galur, amanat jeung gaya basa

tema, judul, palaku, latar, galur, amanat jeung hikmah carita

tema, fakta carita (palaku, latar, galur), jeung sarana sastra (puseur sawangan, gaya basa)

3.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

3 mins • 4 pts

'Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina. Budi Rahayu Tamsah nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna. Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana carita babad, nya eta...

Babad Cikundul

Babad Sumedang

Babad Galuh

Babad Priangan

Babad Cijulang

4.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

3 mins • 4 pts

Prabu Siliwangi Di Jawa Kulon, Sri Baduga ieu leuwih dipikawanoh kalayan ngaran Prabu Siliwangi. Ngaran Siliwangi geus kacatet dina Kropak 630 minangka lakon pantun. Naskah éta ditulis taun1518 sabot Sri Baduga masih hirup. Lakon Prabu Siliwangi dina sagala rupa vérsina nu intina carita inohong ieu jadi raja di Pakuan. Kajadian éta ti sagi sajarah hartosna waktu Sri Baduga miboga kakawasaan anu sarua badagna jeung Wastu Kancana (akina) landian Prabu Seungit (nurutkeun tetempoan para pujangga Sunda).Dongéng Pamuk nyaéta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nyaéta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nyaéta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan

Tokoh Siliwangi dina sajarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun...

a. Karajaan Sunda

b. Karajaan Galuh

c. Karajaan Kawali

d. Karajaan Pajajaran

e. Karajaan Salakanagara

5.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

3 mins • 4 pts

Minangka wangun carita, dina babad teh bakal kapanggih ayana galur carita. Ieu di handap anu henteu kaasup kana wanda galur carita, nyaéta...

galur merele, galur bobok tengah, galur mundur

galur bobok tengah, galur ngacak, galur pandeuri

galur ngacak, galur, merele, galur mundur

galur maju, galur pandeuri, galur tengah

galur maju, galur ngacak, galur pandeuri

6.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

3 mins • 4 pts

Dongéng Pamuk nyaéta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nyaéta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nyaéta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan. Contona Weasan Aki Sayang Hawu.

Carita babad teh biasana ditulis dina wangun......

a. Guguritan

Sisindiran

Wawacan

Carpon

Sajak

7.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

3 mins • 4 pts

JÉNGKOL

       Jaman baheula aya hiji nini-nini ngaranna Ambu Uti. Éta Ambu Uti ditinggalkeun maot ku salakina. Hiji mangsa Ambu Uti kadatangan hiji lalaki, anu maksudna rék mileuleuheungkeun ka Ambu Uti. Gancangna carita pruk baé Ambu Uti téh kawin jeung éta lalaki. Sanggeus lila Ambu Uti rumah tangga, teuing ku naon sababna salaki Ambu Uti téh ujug-ujug ngéwaeun ka Ambu Uti. Malah dina hiji mangsa mah teu pupuguh der maséaan Ambu Uti nu tanpa dosa téa, tepi ka pipisahanana. Malah salakina téh nepi ka téga ngucapkeun cadu sagala lamun daék deui ka Ambu Uti.

       Nya ti harita Ambu Uti téh teu boga panyalindungan, anak teu boga, kitu deui baraya teu boga, tungtungna Ambu Uti téh brek baé gering ripuh pisan, malah tepi ka maotna.

       Sanggeus mangtaun-taun Ambu Uti teu aya dikieuna, dina kuburan Ambu Uti aya hiji tangkal anu jadi, anu lila ti lila mah éta tangkal téh beuki gedé malah tepi ka buahan pisan. Ari buahna éstuning matak pikabitaeun anu ningal. Rék teu pikabitaeun kumaha atuh, da salian ti handap téh buahna paranjang jaba baradag.

       Duka naon sababna, dina hiji mangsa ujug-ujug jorojoy baé urut salaki Ambu Uti téh hayangeun ngalongok kuburan Ambu Uti, dina pikiranana itung-itung bari nyekar.

       Barang datang kana kuburan Ambu Uti, kacida bengongna ningal tangkal anu jadi di kuburan téh. Keur mah tangkalna mani ngarampidak, turug-turug buahna matak pikabitaeun, tuluy baé manéhna ngaléngkah rék ngala éta buah. Tapi anéh sakitu buah rantuy jeung harandap téh dadak sakala bet jadi teu katepi, lantaran ngadadak tangkal téh ngaluhuran, mani jéngké-jéngké manéhna téh balas ku hayang nepi kana éta buah, tapi buahna kalah morongkol. Nya ti harita pisan ku manéhna éta buah téh dingaranan JÉNGKOL, da bongan cenah sukuna mani jéngké-jéngké ari buahna kalah morongkol.

Ditilik tina wangunna, dongéng di luhur téh kaasup dongéng ….

fabel

parabel

Sasakala

Sage

Mite

Create a free account and access millions of resources

Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports
or continue with
Microsoft
Apple
Others
By signing up, you agree to our Terms of Service & Privacy Policy
Already have an account?