wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Review for Final Test Sundanese

Total questions: 15

Worksheet time: 14mins

Name
Class
Date
1.

Paguneman nyaeta obrolan nu dilakukeun ku ....

a)

obrolan keur diskusi

b)

obrolan nu dilakukeun ku saurang

c)

tanya jawab nu dilakukeun di sakola

d)

obrolan anu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih

2.

Gaya basa ocon disebut oge gaya basa ....

a)

eufimisme

b)

metanomia

c)

personifikasi

d)

hiperbola

3.

Tulisan anu midangkeun hasil telaah atawa analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana fakta jeung data terus dimuat dina media massa disebut ....

a)

esey

b)

artikel

c)

carpon

d)

wawaran

4.

Basa anu digunakeun dina surat resmi nyaeta basa ....

a)

gaul

b)

loma

c)

sedeng

d)

ringkes tapi jelas

5.

Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan disebut ....

a)

prolog

b)

dialog

c)

palaku

d)

monolog

6.

Ungkara anu ngahandapkeun kaayaan diri sorangan disebut gaya basa….

a)

Lalandihan

b)

Sindir

c)

Ngasor

d)

Rarhulan

7.

Kawih téh nyaéta ….

a)

Kumpulan lagu-lagu sunda

b)

Gabungan dua unsur seni nyaéta seni musik jeung seni sastra

c)

Jenis lagu sunda nu teu kaiket ku ketukan

d)

Lagu-lagu sunda nu bisa dipirig maké kecapi suling

8.

Wawancara téh mangrupakeun kagiatan pikeun ngagali….

a)

elmu

b)

informasi

c)

karesep

d)

sumber duit

9.

Wartawan : “Satutasna ancrub dina profési anu ayeuna, naha kaémutan pikeun milari pakasaban séjén misalna janten PNS?”

Atlét : ....


Jawaban anu merenah pikeun pananya di luhur nyaéta ....

a)

dina waktos ieu mah teu acan aya émutan ka palih dinya, namung engké ka payun mah bilih aya pamikiran kadinya.

b)

nya mudah-mudahan wé atuh aya rejekina, janten PNS téh pan harepan kaseuseueuran jalmi.

c)

saleresna mah répot pisan atuh da milari padamelan téh geuning di jaman kiwari mah.

d)

Insya Allah dileukeunan wé padamelan nu ayeuna ogé, da panginten tos guratna kedah di dieu.

10.

Murid : “.... kawitna pupuh téh, Bu?

Narasumber : Asalna mah ti Jawa, ti Mataram.


Kecap pananya pikeun ngalengkapan wawancara di luhur nyaéta ....

a)

kumaha

b)

saha

c)

naon

d)

ti mana

11.

Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina, katurug-turug pribadina hadé tata, hadé basa, tur hadé tingkah paripolahna. Anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali.

Hiji waktu, Déwi Citraresmi dilamar ku Prabu Hayam Wuruk ti Karajaan Majapahit. Lantaran niatna pikeun nambah babarayaan, éta panglamar téh ditampi ku Raja Kawali. Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit.


Poko pikiran utama dina paragraf kahiji nyaéta ....

a)

Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti

b)

katurug-turug pribadina hadé tata

c)

hadé tingkah paripolahna

d)

anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali

12.

Déwi Citraresmi atawa Dyah Pitaloka téh putri Sunda anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina, katurug-turug pribadina hadé tata, hadé basa, tur hadé tingkah paripolahna. Anjeuna téh putra cikal Prabu Maharaja ti Karajaan Kawali.

Hiji waktu, Déwi Citraresmi dilamar ku Prabu Hayam Wuruk ti Karajaan Majapahit. Lantaran niatna pikeun nambah babarayaan, éta panglamar téh ditampi ku Raja Kawali. Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit.


Poko pikiran utama dina paragraf kadua nyaéta ....

a)

Prabu Hayam Wuruk Raja ti Majapahit

b)

Sang putri bakal ditikahkeun ka Raja Majapahit

c)

Déwi Citraresmi dilamar

d)

lantaran niatna pikeun nambah babarayaan

13.

Cara nulis titimangsa nu bener nyaéta ….

a)

Bandung. 10 Desember 2010

b)

Bandung, 10 desember 2010

c)

Bandung, 10 Desember 2010

d)

bandung, 10 desember 2010

14.

Dina raraga miéling poé basa iIndung, SMP Tunas Jaya baris ngayakeun lomba ngarang carita pondok. Katangtuan dina lomba di antarana :

1. Siswa SMP Tunas Jaya

2. Carita pondok nu dikirimkeun ka panitia asli tulisan sorangan, lain meunang niru ti nu séjén

3. Carita pondokna tacan kungsi dimuat dina majalah atawa kalawarta séjénna

4. Kaputusan juri teu bisa diganggu gugat

Pinunjul kahiji baris meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.500.000, pinunjul kadua meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.000.000, sarta pinunjul katilu meunang ajén piala jeung duit Rp. 500.000.

Pinunjul kahiji baris diilukeun kana lomba di tingkat Kota. Ieu lomba teu dipungut waragad.


Bandung, 11 Fébruari 2015

Panitia Pasanggiri Carpon SMP Tunas Jaya


Topik anu dibéwarakeun nyaéta ...

a)

Osis SMP Tunas Jaya

b)

Lomba teu dipungut waragad

c)

Lomba Ngarang carita pondok

d)

Piala jeung duit

15.

Bagean surat anu

netelakeun ka saha jeung ka mana ditujulkeunana surat disebut….

a)

alamat surat

b)

bubuka surat

c)

titimangsa surat

d)

titimangsa surat