wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Carita Pondok (Carpon)

Total questions: 15

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Carpon nyaéta...

a)

Karya sastra rékaan anu diwangun ku sababaraha pada

b)

Karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranna pondok

c)

Karya sastra prosa rékaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompléks)

d)

Karya sastra prosa anu pamohalan tur ukuranana pondok

2.

Unsur-unsur intrinsik anu ngawangun carpon diantarana nyaéta, iwal.....

a)

Palaku

b)

Téma

c)

Situasi Sosial

d)

Amanat

3.

Téma nyaéta...

a)

Gagasan anu ditepikeun ku pangarang

b)

Tokoh anu dilalakonkeun dina carita

c)

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

d)

Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita

4.

Dina taun sabaraha buku kumpulan carpon munggaran medal?

a)

Taun 1920

b)

Taun 1930

c)

Taun 1940

d)

Taun 1950

5.

Palaku nyaéta tokoh anu ngalalakonkeun atawa nu dilalakonkeun dina carita. Dina carpon nu jadi palaku téh ……

a)

Manusa biasa

b)

Mahluk goib

c)

Jalma sakti

d)

Sato

6.

Buku kumpulan carpon anu judulna dogdog pangréwong nyaéta karya.....

a)

Rusman Sutiasumarga

b)

Rahmatullah Ading Affandi

c)

Yus Rusyana

d)

G.S.

7.

Buku kumpulan carpon anu pangheulana medal dina sastra Sunda judulna…

a)

Carita Biasa

b)

Diwadalkeun ka Siluman

c)

Jajatén Ninggang Papastén

d)

Dogdog Pangréwong

8.

Galur atawa plot nyaéta...

a)

Gagasan anu ditepikeun ku pangarang

b)

Tokoh anu dilalakonkeun dina carita

c)

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

d)

Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita

9.

Nu paling utama, bédana dongéng jeung carpon nyaéta…

a)

Amanat dongéng mah implisit (tersirat) ari carpon mah éksplisit (tersurat)

b)

Aya henteuna plot carita anu ngahudang kapanasaran anu maca

c)

Dongéng mah aya nu ngarangna, carpon mah anonim

d)

Aya henteuna unsur pamohalan (teu asup akal dina carita)

10.

Anu ngabédakeun carpon jeung dongéng nyaéta...

a)

Carpon eusina mangrupa carita, dongéng mah lalakon

b)

Carpon mah eusina loba pamohalan, dongéng mah kaharti ku akal

c)

Carpon eusina panjang, dongéng eusina pondok

d)

Carpon eusina kaharti ku akal, dongéng mah loba pamohalan

11.

Carita pondok biasana museurkeun kajadian dina...kajadian

a)

Hiji

b)

Dua

c)

Tilu

d)

Opat

12.

Carita pondok biasana mibanda setting...

a)

Kompléks

b)

Tunggal

c)

Ganda

d)

Kawentar

13.

Titik minat pangluhurna dina hiji carita anu ngandung aksi pangréana atawa pangpentingna dina carita pondok disebut...

a)

Tokoh

b)

Krisis

c)

Klimaks

d)

Konflik

14.

Titénan ciri-ciri ieu di handap!

1) Caritana rélatif pondok

2) Kajadianna tunggal

3) Caritana kompléks jeung tokohna loba

4) Napak kana kanyataan (réalitas) sapopoé

5) Aya unsur-unsur pamohalan (teu asup akal)


Anu mangrupa ciri-ciri carita pondok dituduhkeun ku nomer…

a)

1,2,3

b)

2,3,4

c)

1,2,4

d)

3,4,5

15.

Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter.


Latar tempat dina éta sempalan carpon nyaéta...

a)

Lapang

b)

Gudang

c)

Sakola

d)

Alun-alun