Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Tarjamahan & Dongeng

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Aya carita "Situ Bagendit" sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongeng ....

a)

Fabel

b)

Farabel

c)

Legenda

d)

Mite

2.

Tarjamahan tina kalimah “Saya merasa bangga menjadi orang Sunda.” anu merenah nya éta …

a)

Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda.

b)

Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda.

c)

Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda.

d)

Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda.

3.

Lamun rék narjamahkeun basa Indonesia kana basa Inggris, urang merlukeun kamus ….

a)

Ekabasa

b)

Dwibasa

c)

Istilah

d)

Asing

4.

Istilah “tarjamah” téh asalna tina basa ….

a)

Inggris

b)

Arab

c)

Indonesia

d)

Jawa

5.

“Boule de Suif” mangrupa salah sahiji karya sastra Prancis anu ditarjamahkeun jadi “SiDémplon” ku …

a)

Duduh Durahman

b)

Syarif Amin

c)

Nani Usma

d)

C.W. Watson

6.

Dongéng téh mangrupa karya sastra wangun….

a)

Ugeran

b)

Puisi

c)

Lancaran

d)

Guguritan

7.

Geus tepi kana dihin pinasti, kudrat iradat ti ajali.

Kecap dihin pinasti hartina nya éta …..

a)

Antukna

b)

Galingging

c)

Papasten

d)

Datangna

8.

Nu kaasup dongéng sasakala nya éta, iwal ….

a)

Situ Bagedit

b)

Sangkuriang

c)

Gagak Hayang Jadi Merak

d)

Cai Laut Asin

9.

Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun nalika ngadongéng, diantarana nya éta kudu béntés ucapanana atawa biasa disebut ….

a)

Lentong

b)

Intonasi

c)

Lafal

d)

Paroman

10.

Dumasar eusina, “Nyi Roro Kidul” kaasup dongéng ….

a)

Sasakala

b)

Mite

c)

Fabel

d)

Parabel

11.

Lantaran sumebar sacara lisan, ku kituna dina dongéng mah teu dipikanyaho saha nu ngarangna atawa biasa disebut ….

a)

Pamohalan

b)

Buhun

c)

Lancaran

d)

Anonim

12.

Nu kaasup kana dongéng Parabel, nya éta ....

a)

Si Kabayan Ngala Tutut

b)

Sangkuriang

c)

Gajah jeung SIreum

d)

Perang Bubat

13.

Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nya éta ….

a)

Tema

b)

Latar

c)

Diksi

d)

Amanat

14.

Salah sahiji ciri tina dongeng nya eta ....

a)

Palakuna sasatoan

b)

Temana ngeunaan kahirupan raja

c)

Anonim

d)

Patali jeung sajarah

15.

Dumasar eusina, "Gagak Hayang Jadi Merak" kaasup dongeng ....

a)

Sasakala

b)

Babad

c)

Fabel

d)

Parabel