wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Tengah Semester Ganjil Basa Sunda Kelas X IPA 3

Total questions: 40

Worksheet time: 1hrs 21mins

Name
Class
Date
1.

Ngamumulé dina basa Indonesia hartina....

a)

Menjaga

b)

Melestarikan

c)

Memperkenalkan

d)

Meramaikan

e)

Memulai

2.

Pendidikan dina basa Sunda nyaéta...

a)

Atikan

b)

Pandidikan

c)

Pendidikan

d)

Pangarti

e)

Pangaweruh

3.

Ieu di handap kamampuh anu kudu dipibanda saupama urang rék narjamahkeun, iwal.....

a)

Kamampuh gramatikal

b)

Kamampuh sosiolinguistik

c)

Kamampuh semantik

d)

Kamampuh dina ngaguar harti

e)

Kamampuh mikir sacara gancang

4.

“Manéhna keur ulin di buruan imah.”

Tarjamakeun kana basa Indonesia...

a)

Dia sedang main-main di teras rumah

b)

Dia sedang bermain di depan rumah

c)

Dia sedang bermain di halaman rumah

d)

Dia sedang bermain di teras rumah

e)

Dia sedang bermain di taman rumah

5.

“Jawa Barat mempunyai beberapa potensi wisata”. Tarjamahan dina basa Sundana nyaéta....

a)

Jawa Barat boga loba poténsi wisata

b)

Jawa Barat ngabogaan seueur poténsi wisata

c)

Jawa Barat mibanda pirang-pirang poténsi wisata

d)

Jawa Barat mibanda pirang-pirang objék piknik

e)

Jawa Barat boga loba tempat piknik

6.

"Saya dilahirkan di Tanah Tinggi"

Tarjamahan basa Sunda nu merenah ti kalimah di luhur nyaéta....

a)

Kuring diborojolkeun di Getih Luhur

b)

Abdi dibabarkeun di Tanah Tinggi

c)

Kuring ngalahir di Tanah Tinggi

d)

Kuring brol di Getih Luhur

e)

Kuring ngababarkeun di Tanah Tinggi

7.

Raksukan hartina....

a)

Kaasupan

b)

Karaksukan

c)

Kasurupan

d)

Pakean

e)

Babawaan

8.

Bapa nuju .... di kamar.

a)

Mondok

b)

Héés

c)

Kulem

d)

Saré

e)

Molor

9.

Kecap lian tina tarjamah téh naon?

a)

Alih basa

b)

Alih aksara

c)

transkripsi

d)

deskripsi

e)

niron

10.

"She love cats, and i love her."

Tarjamahan anu merenah kana basa Sunda nyaéta....

a)

Manéhna resep ucing, kuring bogoh ka manéhna.

b)

Manéhna resep ucing, sedengkeun kuring nyaah ka anjeunna.

c)

Manéhna resep ucing, kuring nyaah ka anjeunna.

d)

Manéhna resep ucing, kuring mikacinta manéhna.

e)

Salah kabéh

11.

Tarjamahan tina "amis budi" kana basa Indonesia nyaéta....

a)

budi yang manis

b)

budi manis sekali

c)

wajah manis

d)

selalu tersenyum pada orang lain

e)

Bau amis

12.

Média nu kalintang pentingna lamun urang rék narjamahkeun pikeun ngahartikeun kecap-kecap nyaéta....

a)

buku sumber

b)

buku induk

c)

internét

d)

naskah tarjamahan

e)

kamus

13.

Basa loma nyaéta....

a)

basa anu dilarapkeun ka jalma/babaturan anu geus loma (akrab)

b)

basa nu digunakeun keur sato atawa jalma anu keur ngambek

c)

basa anu dilarapkeun ka jalma anu dianggap pantes dihormat atawa diajénan

d)

basa anu digunakeun sapopoé di masarakat

e)

basa Sunda urang kampung

14.

Tatakrama basa Sunda téh kabagi kana ...... golongan.

a)

hiji

b)

dua

c)

tilu

d)

opat

e)

lima

15.

Cara narjamahkeun teu meunang sakecap-sakecap, tapi kudu merhatikeun kontéksna atawa ma'na kalimahna. naon maksudna?

a)

meunang searching tina google translate

b)

meunang narjamahkeun ngagunakeun kabéh ragem basa nu penting mah basana robah

c)

teu aya aturan nanaon sakarepna waé narjamahkeun mah

d)

kudu konsisten ngagunakeun ragem basa saperti basa lemes atawa basa loma

e)

salah kabéh

16.

Cik susun nomorna nu bener!

Léngkah-léngkah narjamahkeun nyaéta:


(1) narjamahkeun kudu luyu jeung kaidah-kaidahna

(2) maca dina jero haté

(3) nyiapkeun teks anu rék ditarjamahkeun

(4) mariksa hasil tarjamahanna

a)

1-2-3-4

b)

4-3-1-2

c)

2-1-3-4

d)

3-2-1-4

e)

4-3-2-1

17.

"Pun Bapa nuju calik di rohangan tamu sabari nguyup cikopi". Kecap calik sarua hartina jeung..

a)

kulem

b)

héés

c)

diuk

d)

ngajedog

e)

ngaronjat

18.

Kamus nu digunakeun pikeun narjamahkeun nyaéta kamus ....

a)

Dwibasa

b)

Umum

c)

Istilah

d)

Basa Sunda

e)

Basa Inggris

19.

Paribasa anu mangrupa tarjamahan tina basa Indonesia nyaéta ....

a)

Adam lali tapel

b)

Wong becik ketitik wong ala ketara

c)

Waktu sarua jeung duit

d)

Aya hurang handapeun batu

e)

Gindi pikir belang bayah

20.

Kecap takwa mangrupa kecap serepan tina basa ....

a)

Indonesia

b)

Sunda

c)

Arab

d)

Jawa

e)

Inggris

21.

Nu dimaksud pamohalan téh nyaéta...

a)

Bagéan carita anu kaharti ku akal

b)

Bagéan carita anu logis

c)

Bagéan carita anu teu kaharti ku akal

d)

Bagéan carita anu déskripsina jelas

e)

Bagéan carita anu déskripsina teu jelas

22.

Ieu di handap kaasup kana conto dongéng sasakala nyaéta . . . .

a)
b)
c)
d)
e)
23.

Ieu di handap conto-conto unsur pamohalan dina dongéng, iwal....

a)

jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib

b)

sasatoan bisa ngomong

c)

parahu bisa robah jadi gunung

d)

manusa bisa ngapung

e)

nu beunghar sok nyiksa nu sangsara

24.

Saméméh réa dibukukeun, nyebarna dongéng téh ngaliwatan....

a)

Lisan

b)

Naskah

c)

Prasasti

d)

Panggung téater

e)

Tulisan

25.

Istilah anu nuduhkeun yen hiji karya teu kapaluruh saha nu ngarangna disebut...

a)

Homonim

b)

Akronim

c)

Anonim

d)

Sinonim

e)

Antonim

26.

Dongeng Si Kabayan téh kaasup kana jenis dongéng ....

a)

Fabél

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Sagé

e)

Mitos

27.

Dongéng Nyi Roro Kidul anu sumebar di masarakat basisir kidul kaasup kana jenis dongéng ....

a)

Fabél

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Sagé

e)

Mitos

28.

Unsur intrinsik dongéng anu ngajelaskeun jalan carita dongéng disebut ....

a)

Jejer

b)

Amanat

c)

Alur

d)

Palaku

e)

Latar

29.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta

a)

Sakabéh eusi caritana bohong

b)

Teu jelas anu ngarangna (anonIm)

c)

Sumebarna tatalépa sacara lisan

d)

Ngandung unsur-unsur pamohalan

e)

Awalna kagolong kana sastra lisan

30.

Dina dongéng “Gunung Tangkuban Parahu” aya unsur pamohalan, di antarana waé nyaéta

a)

Sangkuriang kahampangan

b)

Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang

c)

Sangkuriang nyieun parahu

d)

Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang

e)

Sangkuriang saenyana anak raja

31.

Ieu di handap anu kaasup kana kalimah pangharepan nyaéta....

a)

Muga-muga waé rencana urang bakal laksana!

b)

Hayu urang rencanakeun wé nu leuwih asak!

c)

Jung baé ti heula kuring mah aya perlu heula!

d)

Sigana mah ulah indit ayeuna bisi macét!

e)

Tiasa nyuhunkeun cai!

32.

Dina salasahiji pancén basa Sunda, Ani dititah pikeun maca carita dongéng anu miboga judul “Si Kabayan Ngala Nangka”. Nalika Ani maca éta dongéng, manéhna ngilu asup kana eusi carita anu ngagambarkeun kahirupan padésaan waktu harita. Hawana tingtrim tur tiis. Sasakali, dicaritakeun hieumna leuweung nalika Si Kabayan ngala nangka, anu mantak nyieun Ani muringkak nalika maca. Gambaran anu dipikarasa ku Ani nalika maca éta dongéng dipangaruhan ku salasahiji unsur carita dongéng nyaéta....

a)

Téma

b)

Jejer

c)

Latar tempat

d)

Latar suasana

e)

Latar waktu

33.

(1) Caritana jalma biasa

(2) Tokohna mangrupakeun sasatoan

(3) Salasahiji conto dongéngna Siluman Oray

(4) Eusi caritana ngeunaan kapahlawanan

(5) Dongéng anu kawéntarna Si Kabayan


Dumasar ciri-ciri anu disebutkeun di luhur, anu kaasup jenis dongéng Mite jeung Sagé nyaéta....

a)

2 jeung 1

b)

3 jeung 2

c)

3 jeung 4

d)

5 jeung 4

e)

1 jeung 5

34.

Ngaran pakakas/parabot di luhur nyaéta....

a)

étém

b)

arit

c)

bajra

d)

patik

e)

gacok

35.

Di handap ieu kalimah-kalimah anu ngandung harti dénotatif, iwal....

a)

Asa éra lalaki mah kudu maké calana panjang héjo téh

b)

Eta cai téh tetep waé hérang sanajan loba nu maké.

c)

Pikeun kasalametan, baheula mah balanja ka toko kulakan téh teu meunag mamawa budak leutik.

d)

Geuning méja téh hampang, teu kudu diangkat ku dua urang.

e)

Ari jadi jelema téh kudu gedé kawani lamun dina kabeneran mah.

36.

Ngaran pakakas/parobot di luhur, nyaéta....

a)

étém

b)

bajra

c)

patik

d)

cewo

e)

tolombong

37.

Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah disebutna dongéng....

a)

fabél

b)

parabel

c)

sagé

d)

mite

e)

sasakala

38.

jalma gedé hulu kitu mah tara dipika resep ku batur.

kecap gedé hulu dina kalimah di luhur mangrupakeun kecap ....

a)

dénotatif

b)

aktip

c)

konotatif

d)

réséptif

e)

pasif

39.

Abah nyiukan angeun kacang tina ....

a)

kendi

b)

pariuk

c)

cewo

d)

mangkok

e)

panci

40.

Di handap ieu nu teu kaasup pancarékan, nyaéta....

a)
b)
c)
d)
e)