wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN MATERI LAPORAN KAGIATAN JEUNG KAWIH KELAS X

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Laporan kagiatan anu ditulisna make struktur anu kaku, biasana aya dina...

a)

makalah

b)

koran

c)

berita TV

d)

siaran radio

e)

you tube

2.

unsur-unsur anu kudu aya dina laporan kagiatan teh nyaeta 5 W + 1 H.

How dina basa Sunda hartina...

a)

Naon

b)

Saha

c)

Iraha

d)

Kumaha

e)

Naha

3.

Nulis kagiatan sapopoe dina diary mah beda jeung nulis laporan kagiatan, sabab diary mah...

a)

kudu dilaporkeun ka pihak sejen

b)

teu kudu dilaporkeun ka pihak sejen

c)

kudu aya struktur laporan kagiatan

d)

kudu aya unsur-unsur laporan kagiatan

e)

kudu aya 5 W + 1 H

4.

Di Kampung Naga para siswa ningalian kaayaan lembur, niténan wangunan imah panggung sarta nanyakeun adat kabiasaan urang dinya ku cara ngawawancara sababaraha tokoh masarakat.

Hasil tina niténan kaayaan di Kampung Naga, bisa dicindekeun sawatara ieu di handap.

kalimah di luhur kaasup struktur laporan kagiatan anu nandakeun......

a)

tujuan

b)

pamilon

c)

waragad

d)

kagiatan

e)

waktu jeung tujuan

5.

Jumlah nu miluan dina ieu kagiatan téh 255 urang (250 urang siswa jeung 5 urang guru pangaping)

kalimah di luhur kaasup struktur laporan kagiatan anu nandakeun......

a)

Waktu kagiatan

b)

Tujuan

c)

Kasang tukang kagiatan

d)

Waragad

e)

pamilon

6.

Waragad ieu kagiatan téh tina iuran para siswa anu gedéna Rp. 75.000,- saurangna, jeung dana bantuan ti sakola. Eta waragad téh digunakeun pikeun transportasi, mayar karcis di lokasi, jeung konsumsi.

kalimah di luhur kaasup struktur laporan kagiatan anu nandakeun......

a)

tujuan

b)

kasang tukang

c)

waragad

d)

pamilon

e)

waktu kagiatan

7.

Ieu Wisata Budaya diayakeun sangkan para siswa wanoh kana adat kabiasaan di Kampung Naga sarta para siswa bisa ngajénan kana budaya nu hirup di eta wewengkon.

a)

tujuan

b)

pamilon

c)

waragad

d)

waktu kagiatan

e)

panutup

8.

Lalaguan Sunda bébas anu teu kauger ku aturan/patokan, disebut....

a)

kakawihan

b)

kawih

c)

pupuh

d)

dangding

e)

tembang

9.

Ieu di hanadap judul kawih anu kaasup kawih klasik nya éta....

a)

Mawar bodas

b)

Mojang Priangan

c)

Bubuy Bulan

d)

Budak Jalanan

e)

Bulan Batu Hiu

10.

Salah sahiji ciri kawih klasik nya éta....

a)

ditulis dina wangun sisindiran

b)

ditulis dina wangun sajak

c)

dipirig ngagunakeun alat musik modern

d)

ngagambarkeun pikasediheun

e)

aya guru lagu jeung guru wilangan

11.

Salah sahiji ciri kawih pop nya éta....

a)

dipirig ku alat musik modern

b)

aya guru lagu jeung guru wilangan

c)

dipirig ngagunakeun alat musik tradisional

d)

ditulis dina wangun sisindiran

e)

ditulis dina wangun sajak

12.

Bapa nembé......ti padamelan

a)

datang

b)

wangsul

c)

mulih

d)

sumping

e)

angkat

13.

Abdi.....pulpén ti warung bi Mimin mani saé kacida

a)

ngagaleuh

b)

meser

c)

ngabantun

d)

meuli

e)

dipangmeulikeun

14.

Kemarin saya pergi ke pasar lama bersama ibu dan kakak.

Kecap nu teu bisa ditarjamahkeun dina kalimah di luhur nya éta.....

a)

kemarin

b)

ibu

c)

pergi

d)

bersama

e)

pasar lama

15.

Di sepanjang jalan ia terus saja bernyanyi dengan riang gembira.

Kecap nu teu bisa ditarjamahkeun dina kalimah di luhur nya éta.....

a)

sepanjang

b)

bernyanyi

c)

gembira

d)

riang

e)

jalan