WorksheetsUlangan Bab Novel
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Karya rekaan (fiksi) dina wangun prosa, wangunna panjang, galur caritana ngarancabang, tur midangkeun rupa-rupa tokoh, disebut....
Carpon
Wawacan
Novel
Drama
Naon nu ngabédakeun novel jeung carpon ....
Wangun novel relatif pondok, carpon paranjang
Galur novel réa, sedengkeun galur carpon basajan
Sumebarna novel sacara tinulis, sedengkeun carpon henteu
Novel biasana nyaritakeun hiji kajadian, sedengkeun carpon henteu
Hayam wuruk, Diah Pitaloka kaasup kana unsur novel, nyaéta ....
Tema
Galur
Palaku
Amanat
Novel Perang Bubat ditulis ku ....
DK. Ardiwinata
Chye Retty Isnendes
Yoseph Iskandar
Dian Hendrayana
Nu kaasup kana novel bacaeun barudak nyaéta ....
Perang Bubat
Budak Teuneung
Bima Mobos
Sakadang Kuya
Minangka wangun carita, dina novel bakal kapanggih ayana galur. Ieu di handap anu kaasup kana wanda galur nyaéta ....
Galur Mimiti
Galur Ngacak
Galur Mobok Tengah
Galur Mobok Ahir
Novel karya DK. Ardiwinata nu medal taun 1914, judulna ....
Baruang ka nu Ngarora
Handeuleum na Hate Beureum
Prabu Anom Jayadewata
Rusiah Kodeu Biner
Anu kaasup judul-judul novel Sunda, nyaeta....
Perang Bubat, Budak Teuneung, Kukupu Hiber dina Beus
Baruang ka nu Ngarora, Budak Calakan, Budak Getol
Panganten, Wilujeng Enjing, Putri Subanglarang
Lagu Ngajadi, Basa Sunda, Ciayumajakuning
Biasana tempat kajadian nu aya dina novel disebut ....
Latar Tempat
Latar Sosial
Latar Suasana
Latar Waktu
Dumasar kana kalungguhanana dina carita, palaku dibagi jadi tilu rupa, iwal....
Palaku Utama
Palaku Tambahan
Palaku Kadua
Palaku Katilu
Galur carita anu nyaritakeun kajadian ti mimiti carita nepi ka ahir carita, disebut....
Galur Merele
Galur Bobok Tengah
Galur Campuran
Galur Mundur
Pesen dina carita anu hayang ditepikeun ku pangarang ka pamaca, disebut....
Tema
Palaku
Latar
Amanat
Tokoh nu aya dina sempalan novel Perang Bubat nyaéta ....
Diah Pitaloka
Demung Janggala
Si Paser
Raden Aria
“Kabeneran waé harita taya nu nganyahoankeun, waktu akang keur adu regéng téh”. Omong si Joban.
Kecap nganyahoankeun dina kalimah di luhur ngandung harti ....
Nempoeun
Papanggih
Nyarita
Bebeja
Ieu di handap mangrupa novel-novel karya Yoseph Iskandar, iwal....
Perang Bubat
Pamanahrasa
Demung Janggala
Ajar Kutamangu
RAF teh salasahiji pangarang Sunda anu kawentar, tur alus dina nulis karya-karyana. Salasahiji karya sastrana anu kawentar tur matak sedih nu maca, nyaeta novel Pipisahan. Ngaran asli RAF teh, nyaeta....
Rahmat Adi Furnama
Rahmatullah Ading Afandie
Rahmat Adi Wiguna
Rahmatullah Adang Wiguna
Anu nyaruakeun antara dongeng jeung novel, nyaeta....
Sarua ngandung pamohalan
Sarua basa lancaran
Sarua basa ugeran
Sarua karya sampeuran
Karya sastra anu ukuranana leuwih pondok tibatan novel, biasana diwangun kurang ti 100 kaca, atawa pangsaeutikna 50 kacaan, eta karya sastra teh nyaeta....
Novel
Dongeng
Novelet
Roman
Ukuran karya sastra novel lamun diketik, minimalna nyaeta....
40.000 kecap (150 kaca)
30.000 kecap (100 kaca)
40.000 kecap (110 kaca)
10.000 kecap (90 kaca)
Penerbit anu medalkeun novel munggaran di tatar Sunda, nyaeta....
Balai Bahasa
Pustaka Sunda
Balai Pustaka
Balai Sunda
Kaayaan dina carita, hususna novel, anu ngabahas ngeunaan tingkatan saperti kaum cacah, menak, jeung menengah, kaasup kana latar....
Sosial
Suasana
Waktu
Tempat
Kaayaan anu nuduhkeun waktu lumangsungna kajadian dina hiji carita, hususna novel, disebut....
Latar Sosial
Latar Suasana
Latar Waktu
Latar Kajadian
Palaku anu intesitas munculna teh kapaluruh ti awal carita nepi ka ahir carita, tur ngalaman sababaraha kajadian, eta palaku teh biasana miboga kalungguhan salaku....
Palaku Tambahan
Palaku Figuran
Palaku Kadua
Palaku Utama
Novel Perang Bubat nyaritakeun ngeunaan peperangan antara ....
Karajaan Sunda jeung Majapahit
Karajaan Cirebon jeung Demak
Karajaan Banten jeung Galuh
Karajaan Pajajaran jeung Kawali
Karya sastra novel kaasup kana wangun karya sastra....
Puisi
Prosa
Drama
Campuran
