wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kurda Basa Sunda Kelas 9

Total questions: 15

Worksheet time: 11mins

Name
Class
Date
1.

Pakeman basa nu ungkara jeung hartina geus matok, ungkarana parondok, umumna ngan diwangun ku dua kecap, sarta ngandung kiasan, disebut....

a)

babasan

b)

paribasa

c)

pakeman basa

d)

sastra basa

2.

buntut kasiran hartina nya eta...iwal

a)

pedit

b)

koret

c)

hese mere ka batur

d)

berehan

3.

hampang birit hartina, nya eta...

a)

babari dititah

b)

hese disuruh

c)

kedul

d)

males

4.

Si Asep mah budakna....matak loba babaturanna nu resep ka manehna

a)

amis daging

b)

amis tiwu

c)

amis budi

d)

amis diri

5.

Pakeman basa sunda anu ungkarana leuwih panjang tibatan babasan, disebut...

a)

babasan

b)

paribasa

c)

pakeman basa

d)

sastra basa

6.

meunang rejeki nu teu disangka-sangka, mangrupa arti tina paribasa...

a)

adean ku kuda beureum

b)

aya jurig tumpak kuda

c)

banda tatalang raga

d)

batok bulu eusi madu

7.

ieu dihandap nu make conto-conto nu make kecap babandingan nya eta, iwal...

a)

Angkat cara macan teu neangan

b)

jiga bueuk meunang mabuk

c)

kawas kapuk kaibunan

d)

siga budak bang

8.

barang nu teu nyawaan atawa oge sasatoan, diupamakeun boga polah kawas manusa ( jalma) nyaeta wangenan tina gaya basa...

a)

ngupamakeun

b)

mijalma

c)

lalandian

d)

sindir

9.

gaya basa anu ngandung artina kaleuleuwihan, digegedeukeun, nya eta gaya basa...

a)

personifikasi

b)

hiperbola

c)

sindir

d)

kadalon

10.

gaya basa anu sabalikna tina hiperbola, anu hartina dihandapkeun atawa dileutikeun, nya eta...

a)

hiperbola

b)

ngasor/litotes

c)

mijalma/personifikasi

d)

kadalon

11.

Pintonan anu ngawengku adegan-adegan jeung obrolan antara pamaenna disebut, iwal...

a)

sandiwara

b)

pagelaran

c)

pintonan

d)

nyanyian

12.

obrolan antara hiji palaku jeung palaku sejenna disebut...

a)

monolog

b)

prolog

c)

dialog

d)

epilog

13.

ngomomg sorangan dina drama disebut...

a)

dialog

b)

prolog

c)

monolog

d)

epilog

14.

narasi carita bubuka dina drama disebut..

a)

epilog

b)

monolog

c)

dialog

d)

prolog

15.

narasi carita diakhir (panutup) dina drama, disebut....

a)

epilog

b)

prolog

c)

monolog

d)

dialog