NEW
Font size
WorksheetsBahasa Sunda kelas 9
Total questions: 15
Worksheet time: 8mins
Dongeng Si Kabayan kaasup dongeng
Sasakala
Fabel
Parabel
Mithe
Ari jadi budak kudu hampang birit, hampang birit hartina....
Teu daek cicing
Resep iinditan
Daekan babari dititah
Resep pipindahan
Naon ngaran wangun suhunan pikeun gambar di luhur
Parahu kumureb
Suhunan jolopong
Suhunan capit gunting
Suhunan julang ngapak
Ditilik tina eusina hal nu ngabedakeun carpon jeung dongeng nya eta ....
Carpon eusina pamohalan, dongeng eusina kanyataan
Carpon nyaritakeun kajadian sapopoe,dongeng eusina kanyataan
Carpon nyaritakeun kajadian sapopoe, dongeng mah pamohalan
Carpon mah pamohalan,dongeng nyaritakeun kajadian sapopoe
Samemeh nulis laporan kagiatan,urang kudu nyieun heula rangkay karanganna. Ieu di handap nu liyu susunan laporan kagiatanana, nyaeta....
Tujuan, waktu,pamilon, kagiatan, tempat
Tujuan, kagiatan,pamilon, tempat, waktu
Pamilon, tempat, waktu,tujuan,kagiatan
Tujuan, tempat, waktu,pamilon, kagiatan
Tehnik biantara teh rupa-rupa. Tehnik biantara nu dilakukeun ku cara nyatetkeun heula hal-hal anu pentingna wungkul pikeun bahan biantara teh disebutna tehnik ...
Maca/naskah
Impromtu/nalar
Ekstemporan
Ekstemporer
"Mugia wae anu didugikeun ku sim kuring teh ....aya mangpaatna kanggo urang sadaya hususna kanggo sim kuring.
Mamanis basa anu merenah pikeun ngalengkepan ungkara di luhur ....
Katampi ku asta kalih
Sasieureun sabeunyeureun
Asa kagunturan madu
Ulah aya gantar kakaitan
Lauk emas ngahakan ganggeng
Disamberan ku japati
.......
.......
Ungkara eusi nu merenah pukeun ngalengkepan paparikan di luhur nya eta ....
Lauk emas di balong ganggeng
Naha engkang henteu surti
Boga emas di pagade
Ditebus mun boga duit
Meuli emas sangkang langgeng
Boga duit neh kaharti
Boga emas moal langgeng
Teu cara boga pangarti
Pakeman basa atawa idiom basa Sunda teh ngawengku ...
Babasan,cacandran,ramalan,uga, caturangga
Paribasa,babasan,cacandran,uga,caturangga
Caturangga,ramalan,tujuman
gaya basa,
Paribasa,uga,babasan,tujuman cacandran
Ka rombongan calon panganten pameget,sim kuring ngahaturkeun wilujeng sumping, tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik
Mamanis basa anu aya dina kalimah di luhur wangunna...
Paparikan
Wawangsalan
Rarakitan
Purwakanti
Paribasa di handap anu teu miboga harti mikahayang perkara anu mustahil nya eta ....
Ngudag-ngudag kalangkang heulang
Jogjog neureuy buah loa
Ngajul bentang ku asiwung
Ngaliarkeun taleus ateul
1. Dina leresan ieu,sim kuring sadaya,estu beurat nanggung, beurat narimakeun
2. Kahiji,unjuk hatur nuhun,wireh sim kuring sadaya kebek ku karumasaan
3. Ti kawit boloho taya kanyaho,ayeuna parantos teu bodo balilu teuing
4. Ieu kawit teu aya sanes,anging panungtung sareng pangatik Pangersa ibu miwah bapa
Runtuyan kalimah anu merenah sangkang jadi paragrap anu bener nya eta...
1-2-3-4
2-1-3-4
2-3-4-1
2-4-3-1
1.Buruh nyatu diupah beas
2.Diarah supana dipiara catangna
3.Katempuhan buntut maung
4. Cul dog-dog tinggal igel
Paribasa wawaran luang nu bener aya dina nomer...
1 jeung 2
1 jeung 3
1 jeung 4
2 jeung 3
Kadaharan khas Sunda nu dijieun tina peuyeum sampeu anu dikincaan nya eta
Katimus
Comro
Getuk
Colenak
Drama Sunda anu dialogna dikawihkeun/ ditembangkeun disebut...
Gending karesmen
Ronggeng gunung
Longser
Banjet
