wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

kuis bahasa Sunda kelas X jilid-1

Total questions: 26

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.
Tarjamahan tina kalimah "saya merasa bangga menjadi orang sunda." anu merenah nyaeta ....
a)
Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda.
b)
Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda.
c)
Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda.
d)
Kuring ngarasa ngeunah jadi urang sunda.
e)
Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda.
2.
paribasa nu mangrupa tarjamahan tina basa Indonesia, nyaeta ....
a)
wong becik ketitik ala ketara
b)
aya hurang handapeun batu
c)
waktu sarua jeung duit
d)
gindi pikir belang bayah
e)
adam lali tapel
3.
paribasa Indonesia "biar lambat asal selamat" hartina mirip jeung paribasa Sunda ....
a)
kajeun panas tonggong asal tiis beuteung
b)
kajeun kendor asal ngagembol
c)
kaduhung tara ti heula
d)
jauh-jauh panjang gagang
e)
ulah gancang pincang
4.
anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab nyaeta ....
a)
iman
b)
ahlak
c)
agama
d)
abdi
e)
takwa
5.

ngaran pakakas anu aya dina gambar nyaeta ....

a)

parang

b)

keris

c)

kujang

d)

bedog

e)

peso

6.
carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna ....
a)
dongeng
b)
carpon
c)
sketsa
d)
biografi
e)
fiksimini
7.
aya carita "Nyi Roro Kidul" sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana ....
a)
farabel
b)
legenda
c)
sage
d)
mite
e)
babad
8.
ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongeng nyaeta ....
a)
sakabeh eusina bohong
b)
teu jelas nu ngarangna (anonim)
c)
sumebarna tatalepa sacara lisan
d)
ngandung unsur pamohalan
e)
awalna kagolong kana sastra lisan
9.
unsur-unsur carita dina dongeng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi sejenna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaeta ....
a)
tema
b)
palaku
c)
purwakanti
d)
galur
e)
latar
10.
dina dongeng "Sangkuriang" aya unsur pamohalan, diantarana wae nyaeta ....
a)
raja kahampangan dina balokeng
b)
dayang sumbi boga anak sangkuriang
c)
sangkuriang nyieun parahu
d)
dayang sumbi kawin jeung Si Tumang
e)
Sangkuriang saenyana anak raja
11.
dina dongeng "Si Kabayan" tokoh anu langka dicaritakeun teh nyaeta ....
a)
si iteung, pamajikan si Kabayan
b)
si Atok, anakna si Kabayan
c)
mitohana si Kabayan
d)
sobatna si Kabyan
e)
si Kabayan
12.
ieu di handap omongan anu henteu kaasup kana kalimah parentah nyaeta ....
a)
sampurasun!
b)
mangga kalebet!
c)
teu kenging calik didinya!
d)
antosan sakedap, nya!
e)
rampes.
13.
hal-hal ataw aktivitas anu diplampah ku urang dina hiji waktu ditempat nu tangtu, disebutna ....
a)
diajar
b)
kagiatan
c)
kajadian
d)
peristiwa
e)
pangalaman
14.
kagiatan anu dilaksanakeun ku alpukahna sakola, tapi diluareun kagiatan diajar nu formal, disebutna kagiatan ....
a)
kurikuler
b)
formal
c)
ekstrakurikuler
d)
non formal
e)
informal
15.
kagiatan di pilampah ku ngayakeun indit-inditan ti imah ka tempat tujuan, tur dilaporkeun hasilna dina wangun tulisan saperti dina koran atawa majalah disebutna ....
a)
wawancara
b)
neangan warta
c)
lalampahan
d)
touring
e)
panalungtikan
16.
ieu dihandap anu henteu kaasup kana gunana kagiatan kemah pramuka keur para siswa nyaeta ....
a)
bisa nembongkeun kapribadian jeung ka lemesan budi
b)
jadi seukeut mikir (pinter)
c)
jadi tohaga fisikna
d)
nambahan kagiatan ekstrakurikuler
e)
ngalatih kalemesan budi
17.
ieu di handap kaasup kana rajekan dwipurwa nyaeta ....
a)
tatajong
b)
pipiti
c)
cacakan
d)
dadahut
e)
kakara
18.
kecap rajekan dwireka nu dibarengan ku rarangken nyaeta ....
a)
bubuahan
b)
dialung-alungkeun
c)
dibulak-balik
d)
plak-plik-pluk
e)
kadupak-dupak
19.

ngaran tarian has jawa barat dumasar gambar nyaeta ....

a)

jaipong

b)

topeng

c)

tik-tok

d)

bajidoran

e)

merak

20.

ngaran kaulinan barudak has Jawa Barat dumasar gambar nyaeta ....

a)

gobag sodor

b)

sepdur

c)

pecle

d)

oray-orayan

e)

adu kaleci

21.

ngaran kadaharan anu aya dina gambar nyaeta ....

a)

sampeu

b)

cireng

c)

peuyeum

d)

moci

e)

kesemek

22.

kecap "amis budi" hartina ....

a)

Teu kabagean dahareun lantaran elat datang.

b)

Babari dititah, henteu kedul.

c)

Loba nu mikaresep.

d)

Hade budi, teu weleh seuri ka batur.

e)

Resep barang gawe.

23.

ngaran pakakas tatanen anu aya dina gambar nyaeta ....

a)

gobed

b)

garu

c)

etem

d)

gangsing

e)

serit

24.

"Heuras Genggerong" hartina ....

a)

teu bisa ngalieuk.

b)

Ngomongna kasar.

c)

beuki barang dahar.

d)

omonganana bisa dipercaya.

25.

ngaran waditra sunda dumasar gambar nyaeta ....

a)

calung

b)

kacapi

c)

suling

d)

angklung

e)

gamelan

26.

apakah kalian menyukai kuis seperti ini????

a)

suka

b)

b aja

c)

teu ah nanaonan

d)

lieur

e)

ku ma ha i bu we