wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SOAL DRAMA BAHASA SUNDA KELAS 9

Total questions: 30

Worksheet time: 24mins

Name
Class
Date
1.

Saenyana, drama dina basa Sunda téh geus nyampak mangrupa téater rayat atawa sok disebut drama tradisional, antarana baé dina wangun pagelaran ....

a)

kacapi suling

b)

ketuk tilu

c)

sandiwara

d)

tanjidor

2.

Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut ....

a)

épilog

b)

dialog

c)

monolog

d)

prolog

3.

Wahyu Wibisana kagolong pangarang naskah drama anu kuat dina basa Sunda mah, sarta geus loba ngahasilkeun naskah drama anu dipanggungkeun salila taun 1960-an nepi ka taun 1990-an, antarana baé anu kawentar téh drama ....

a)

Siliwangi Maharaja Pajajaran

b)

Statsion Para Arwah

c)

Pasaran

d)

Tonggérét Banén

4.

Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh ....

a)

antagonis

b)

protagonis

c)

piguran

d)

aktor

5.

Titenan gambarna! Dina galur carita drama, lebah tanda tanya disebut ....

a)

éksposisi

b)

komplikasi

c)

antiklimaks

d)

klimaks

6.

Drama anu caritana campuran antara lulucon jeung kasedihan nu kaalaman ku tokoh-tokohna disebut ....

a)

tragédi

b)

komédi

c)

sandiwara

d)

komédi-tragédi

7.

Conto drama tragédi kawentar anu ditulis ku dramawan Inggris anu kasohor, William Shakespeare, nyaéta ....

a)

Roméo jeung Juliét

b)

Rama jeung Sinta

c)

Tunangan

d)

Jas Hujan Pesenan

8.

Mana runtuyan struktur manggungkeun drama anu merenah?

a)

nyadiakeun naskah drama, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, manggung

b)

nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, nulis naskah, latihan, manggung

c)

manggung, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, nyusun naskah

d)

nyusun naskah, latihan, nangtukeun sutradara jeung aktor/aktris, latihan

9.

Drama Sunda anu dialog-dialogna diréka maké tembang atawa lagu siga opera di Eropa disebut ....

a)

gending karesmén

b)

tunil

c)

sandiwara rayat

d)

tarling

10.

Drama tradisinal anu séting panggungna ngagunakeun pakarangan terbuka, maké oncor nu ditancebkeun maké tihang awi, sarta waktu magelaran pamaénna bisa interaksi langsung jeung nu nongton disebut ....

a)

ubrug

b)

banjet

c)

sandiwara

d)

longsér

11.

Naon anu dimaksud jejer di drama teh....

a)

ide poko carita

b)

rangkayan carita

c)

nerangkeun tempat

d)

amanat

12.

Rangkayan carita dina hiji carita drama disebut ....

a)

jejer

b)

galur

c)

amanat

d)

nerangkeun waktu

13.

Nerangkeun waktu, tempat jeung suasana di sebut ....

a)

galur

b)

tema

c)

latar

d)

amanat

14.

Pesen moral keur nu apresiasi drama atawa anu nonton drama disebut ....

a)

amanat

b)

jejer

c)

galur

d)

latar

15.

Aktris atawa aktor anu maenkeun peran naskah drama dina hiji pamentasan disebut ....

a)

galur

b)

palaku

c)

jejer

d)

amanat

16.

Jalma anu ngatur para palaku dini hiji pagelaran drama disebut ....

a)

latar

b)

sutradara

c)

palaku

d)

amanat

17.

Naskah drama anu judulna "Tukang Asahan", karya saha ....

a)

Taufik Faturahman

b)

Wahyu Wibisana

c)

Ajip Rosidi

d)

Yosep Iskandar

18.

Ajip Rosidi pernah nulis carita drama anu judulna ....

a)

Masyitoh

b)

Tukang Asahan

c)

Tonggeret Banen

d)

Sirung Pajajaran

19.

Carita atawa lakon diwujudkeun dina paguneman, maksudna pikeun dipintonkeun disebut ....

a)

drama

b)

monolog

c)

epilog

d)

dialog

20.

Nerangkeun hiji carita akhir dina drama disebut ....

a)

monolog

b)

dialog

c)

prolog

d)

epilog

21.

drama sunda anu dialog-dialogna ditembangkeun disebut...

a)

drama sababak

b)

gending karesmén

c)

drama

d)

sandiwara

22.

sacara umum Gending karesmen ditulis dina wanda...

a)

tembang

b)

pupuh

c)

kawih

d)

lagu

23.

Judul carita "Si Kabayan" dina gending karesmén angkatan taun 1960-1970, ditulis ku ....

a)

Koko Koswara

b)

Sayudi

c)

Nano S

d)

RD. Kartabrata

24.

Kesenian drama khas drama anu dialog-dialogna dinyanyikeun tur diiringan karawitan, disebut ....

a)

Longsér

b)

Calung

c)

Gending karesmén

d)

Sandiwara

25.

Naon hartina gending téh ....

a)

tarian

b)

alat atau waditra kasenian

c)

sagala jenis rupa lagu

d)

latar

26.

Naon hartina karesmén teh ....

a)

Kaindahan anu dihasilkeun tinu waditra atawa gamelan

b)

Sora nyanyian anu dikaluarkeun ku para palaku

c)

Tarian anu dilakukeun ku para palaku

d)

Amanat anu disampaikeun ku narator

27.

Zaman baheula gending karesmén sering dipentaskeun dina acara ....

a)

kawinan

b)

pésta kebon

c)

sunatan

d)

upacara adat

28.

Zaman kiwari gending karesmén sok dipentaskeun disalah sahiji tempat di Bandung, nyaeta ....

a)

Saung Udjo

b)

Satadion Siliwangi

c)

Taman Pahlawan

d)

Alun-alun Bandung

29.

Naskah drama Gending Karesmen anu judulna "Galunggung Ngadeg", karya saha ....

a)

R.T.A. Sunarya

b)

Koko Koswara

c)

Wahyu Wibisana

d)

R. Ading Afandi

30.

Gending Karesmén populerna dina taun ....

a)

1950 - 1958

b)

1960 -1970

c)

1970 - 1980

d)

1990 - 2020