wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS Kelas.8 GENAP 19-20 (B.Sunda)

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Anu ngayakeun hiji acara téh sok disebut....

a)

Panata Musik

b)

Panata Calagara

c)

Panata Busana

d)

Panata Gerak

2.

Upama urang ditunjuk jadi panata acara, hal nu kudu pang mimitina digawean nyaeta....

a)

Nyieun Kalimah Bubuka

b)

Nyieun Runtuyan Acara

c)

Niyeun Kalimah Mamanis

d)

Nyieun Biantara

3.

Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nyaeta....

a)

Ngucapkeun Panuhun Ka Girang Serat

b)

Ngucapkeun Salam Panutup

c)

Ngucapkeun Panuhun Ka Panata Calagara

d)

Ngucapkeun Pangwilujeung Ka Nu Haladir

4.

Pancén utama panata acara téh diantarana....

a)

Nepikeun Mamanis Basa

b)

Muka Jeung Nutup Acara

c)

Ngawakilan Panata Calagara

d)

Ngagiringkeun Jalanna Hiji Acara

5.

Dina hiji acara aya nu disebut panitia, panitia dina istilah basa sunda nyaéta....

a)

Panata Calagara

b)

Panata Acara

c)

Panata Sawala

d)

Panata Pangajen

6.

Dihandap ieu nu iwal tina bagean-bagean kolom runtuyan acara nyaeta....

a)

Waktos

b)

Durasi

c)

Katerangan

d)

Bubuka

7.

Runtuyan acara biasana ditutup ku....

a)

Pintonan kasenian

b)

Biantara

c)

Sasalaman

d)

Do’a

8.

Jalma anu sok mingpin rapat disebut....

a)

Protokoler

b)

Proktor

c)

Protokol Rapat

d)

Propokator

9.

(1) ngasongkeun rumusan hasil gempungan atawa rapat

(2) panutup biasana sok langsung ku panata acara

(3) tanya jawab

(4) bubuka, biasana sok langsung ku panata acara

(5) biantara pokok (utama) pikeun ngadadarkeun pasoalan

Susunan anu merenah pikeun acara gempungan atawa rapat nyaéta....

a)

2-3-1-5-4

b)

4-3-1-5-2

c)

4-5-3-1-2

d)

4-5-2-1-3

10.

Jalma anu mingpin hiji diskusi nyaeta....

a)

Panata Calagara

b)

Panumbu Catur

c)

Panata Acara

d)

Panumbu Acara

11.

Diskusi sok disebut oge....

a)

Gempungan

b)

Wawaran

c)

Sawala

d)

Pamilon

12.

Pancen Panumbu Catur upama sawala tos rengse nyaeta....

a)

Mere Pamapag Dina Eta Sawala

b)

Macakeun Doa Bubuka

c)

Macakeun Simpulan Sawala

d)

Mere Pangaweruh Basa

13.

Dina ngayakeun hiji sawala pasti aya sekertaris, sekertaris teh sok disebut oge....

a)

Girang serat

b)

Jejer

c)

Pamilon

d)

Protokol

14.

Anu disebut peserta diskusi teh nyaeta....

a)

Girang serat

b)

Sekertaris

c)

Pamilon

d)

Protokol

15.

(1) dangdan sataker kebek

(2) miboga kamampuh ngaréka basa pikeun pangirut

(3) miboga kamampuh anu jembar ngeunaan acara anu ditepikeun

(4) mawa karep sorangan tur loba improvisasina

Hal anu kudu dipaliré/perhatikeun ku panata acara nalika mawakeun hiji acara nyaéta....

a)

(1),(2)

b)

(1),(3)

c)

(3),(4)

d)

(2),(3)

16.

Girang hartina sarua jeung....

a)

Peserta

b)

Juri

c)

Ketua

d)

Panitia

17.

Ketua Panitia dina hiji acara disebut oge....

a)

Girang Tulis

b)

Girang Bingah

c)

Girang Gerung

d)

Girang Panata Calagara

18.

Girang Pangajen teh hartina sarua jeung....

a)

Ketua Pelaksana

b)

Ketua Panitia

c)

Ketua Juri

d)

Ketua Sekertaris

19.

Dina hiji sawala aya istilah pamida jeung panyawad, eta ngadung harti....

a)

Pro jeung Paganda

b)

Pro jeung Kontra

c)

Termin jeung Pro

d)

Kontra jeung Termin

20.

Babak dina diskusi disebut oge....

a)

Pamida

b)

Panyawad

c)

Termin

d)

Panel

21.

Upama nilik kana wangunna, guguritan téh kaasup kana....

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Éséy

d)

Drama

22.

Pupuh Durma dina sapadana diwangun ku....

a)

5 padalisan

b)

6 padalisan

c)

7 padalisan

d)

8 padalisan

23.

Guguritan téh hartina nyaéta....

a)

Karangan Anu Ditulis Dina Wangun Pupuh

b)

Nembangkeun Pupuh Sacara Rampak Sekar

c)

Nulis Carita Ngagunakeun Patokan Pupuh

d)

Pasanggiri Nembangkeun Pupuh

24.

Dina pupuh aya nu disebut guru wilangan, nyaeta....

a)

Dan ding dungna sora

b)

Sora vokal dina tungtung padalisan

c)

Jumlah engang dina unggal padalisan

d)

Jumlah padalisan dina unggal pada

25.

Padalisan teh ka asup kana patokan-patokan pupuh, nu dimaksud padalisan teh nyaeta....

a)

Bait

b)

Baris

c)

Kalimah

d)

Engang

26.

Nu disebut gulu lagu nyaeta....

a)

Tiap-tiap kalimah atawa jajaran nu ngawangun pada

b)

Katangtuan jumlah engang dina tiap padalisan

c)

Pasipatan nu dipibanda ku hiji-hijina pupuh

d)

Katangtuan purwakanti sora tungtung dina unggal padalisan

27.

Patokan-patokan pupuh teh aya tilu, nu teh ka asup kana patokan-patokan pupuh nyaeta....

a)

Jumlah Padalisan Dina Sapadana

b)

Guru Lagu

c)

Guru Wilangan

d)

Sanduk-Sanduk

28.

Moal ngejat sanajan ukur satapak

Geus dipasti ku jangji

................................

Numpes musuh sarakah

...............................

Najan palastrang

Mati di medan jurit


Lengkepan sempalan pupuh diluhur....

a)

Mun tacan laksana, pada amarah marudah

b)

Mun tacan bisana, henteu bisa balik

c)

Mun tacan laksana, henteu niat seja balik

d)

Mun tacan bisana, henteu niat seja balik

29.

Neangan nu amis-amis

Sarupaning bungbuahan

Naon bae nu kapanggih


Sempalan pupuh dilhuhur teh, nyaeta pupuh....

a)

Asmaranda

b)

Kinanti

c)

Balakbak

d)

Dangdanggula

30.

Neangan nu amis-amis

Sarupaning bungbuahan

Naon bae nu kapanggih


Guru wilangan jeung guru lagu tina pupuh diluhur nyaeta....

a)

8-i, 8-a, 8-a

b)

8-i, 8-a, 8-i

c)

8-i, 8-i, 8-i

d)

8-a, 8-a, 8-a

31.

Pupuh kinanti dina sapadana diwangun ku....

a)

5 padalisan

b)

6 padalisan

c)

7 padalisan

d)

8 padalisan

32.

.......................................

Eunteup dina tangkal kai

.......................................


Lengkepan sempalan pupuh diluhur....

a)

Ari Beurang Ngagarantung

Nu Kitu Naon Ngaranna

b)

Ari Beurang Ngagarantung

Cing Hempek Ku Hidep Pikir

c)

Ari Beurang Ngagarantung

Disada Kokoreakan

d)

Ari Beurang Ngagarantung

Lolong Lamun Teh Kapanggih

33.

Keur bobotoh éstu henteu jadi soal

Saha pamaén Persib

Saha ketuana

Jeung saha palatihna

Nupenting Persib walagri

Waras waluya

Digjaya tandang-tanding


Guru lagu jeung guru wilangan dina rumpaka pupuh di luhur nyaéta....

a)

7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i, 12-a

b)

7-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 12-a

c)

12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i

d)

12-a, 7-i, 7-a, 6-a, 8-i, 5-a, 7-i

34.

Pilih-pilih mana nu dipilih

Naha mending bodo

Sirik pidik hawek pinter kodék

Naha mending pinter caang ati

Teu curang teu licik

Matak resep batur


Guru lagu jeung guru wilangan dina sempalan pupuh di luhur nyaéta....

a)

10-i, 6-o, 10-i, 10- é, 6-i, 6-u

b)

10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u

c)

10-i, 10-o, 6-é, 10-i, 6-u, 6-i

d)

10-i, 10-o, 6-é, 10-i, 6-i, 6-u

35.

Jumlah pupuh teh aya....

a)

15

b)

16

c)

17

d)

18

36.

Ari mere duit teh kudu make...........atuh ambeh kacirina sopan (saujratna)

a)

Bungkus

b)

Amplop

c)

Ikhlas

d)

Pulangan

37.

Udin mah jalmana sok rada...........ka babaturan teh sok pipilih (injeuman)

a)

Luhur

b)

Sopan

c)

Bageur

d)

Jangar

38.

Ari mikirkeun masalah teh ulah sok............teuing, bisi gering (injeuman)

a)

Bisa

b)

Mineung

c)

Jero

d)

Digosok

39.

Nyieun sumur teh kudu sing.............atuh ambeh caina loba (saujratna)

a)

Alus

b)

Hese

c)

Mineung

d)

Jero

40.

Pikeun kasabelasan Inggris mah ngalawan Amerika Sarikat teh...........pisan (injueman)

a)

Hipu

b)

Lieur

c)

Jarang

d)

Hese