wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Biografi jeung Wawacan

Total questions: 20

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

Riwayat atawa lalakon hirup hiji jalma dina wangun tulisan anu ditulis ku batur, disebut…

a)

Otobiografi

b)

Biografi

c)

Géografi

d)

Biologi

e)

Séismografi

2.

Riwayat hirup anu ditulis ku dirina sorangan tur nyaritakeun kahirupan pribadina,disebut…

a)

Otobiografi

b)

Biografi

c)

Géografi

d)

Biologi

e)

Séismografi

3.

Radén Déwi Sartika téh keur urang Sunda mah geus teu bireuk deui. Anjeunna salah saurang pahlawan pendidikan pituin urang Sunda. Dina kaayaan anu walurat jaman penjajahan Walanda, Ibu Déwi Sartika nyarita “Kuring tigin ngaping ngadidik kaom istri Sunda anu harita harayangeun maju”.

Wacana di luhur kaasup kana wangun…

a)

Ésséi

b)

Artikel

c)

Biografi

d)

Otobiografi

e)

Tajuk rencana

4.

Anu teu kasup kana unsur-unsur biografi nyaéta...

a)

Bentuk fisik jeung pasipatanana

b)

Gaji poko unggal bulam

c)

Kalahiran jeung asal-usul kaluarga

d)

Ngaran lalandian atawa jujuluk

e)

Préstasi jeung pangajén anu pernah katarima

5.

Kecap biografi asalna tina basa Inggris, nyaéta bio anu hartina hirup jeung graphy anu hartina…

a)

Lisan

b)

Kecap

c)

Tulisan

d)

Kalimah

e)

Paragraf

6.

Biografi biasana ditulis dina wangun…

a)

Eksplanasi

b)

Deskripsi

c)

Argumentasi

d)

Narasi

e)

Eksposisi

7.

Judul biografi anu ditulis ku Ajip Rosidi dina taun 1988 nyaéta…

a)

Hurip Waras!

b)

Mulangkeun Panineungan

c)

Buméla ka Bangsa

d)

Béntang Tembang

e)

Urang Banjarsari jadi Inohong di Bojongrangkong

8.

Hal-hal anu bisa diconto tina tokoh dina téks biografi, iwal ti…

a)

Tatapakan hirup

b)

Sawangan hirup

c)

Préstasi

d)

Kaonjoyan diri

e)

kahéngkéran diri

9.

Nalika nulis téks biografi, diperlukeun sababaraha bahan utama pikeun pangojong. Anu kaasup kana bahasan utama dina nyusun téks biografi nyaéta…

a)

Buku référénsi

b)

Buku harian

c)

Surat-surat

d)

Kliping koran

e)

sakabéh jawaban bener

10.

Umumna lalakon jalma anu sok ditulis jadi buku biografi atawa nu nulis otobiografi téh nyaéta…

a)

Nonoman

b)

Inohong

c)

Jalma biasa

d)

Budak sakola

e)

Rumaja

11.

Carita Panjang atawa naratif, tapi aya ogé anu mangrupa dadaran (déskriptif), nu dianggit dina wangun pupuh disebut…

a)

Carita pantun

b)

Carita wayang

c)

Pupuh

d)

Sisindiran

e)

Wawacan

12.

Wawacan téh asal kecap tina wawacaan anu hartina…

a)

Babacaan

b)

Tutulisan

c)

Pupujian

d)

Kakawihan

e)

Kaulinan

13.

Wawacan nyaéta salahsahiji karya sastra Sunda anu ditulis dina wangun…

a)

Pupuh

b)

Prosa

c)

Puisi

d)

Sajak

e)

Lancaran

14.

Jumlah pupuh dina sastra Sunda téh aya…

a)

14

b)

15

c)

16

d)

17

e)

18

15.

Anu teu kaasup pupuh sekar ageung nyaéta…

a)

Kinanti

b)

Asmarandana

c)

Sinom

d)

Dangdanggula

e)

Balakbak

16.

Seni maca wawacan disebut …

a)

Gaok

b)

Longsér

c)

Mamaos

d)

Ngabeluk

e)

Purnadrama

17.

Sanduk-sanduk atawa ménta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun kaasup kana struktur …

a)

Manggalasastra (alofon)

b)

Eusi

c)

Kolofon

d)

Rajah

e)

Panutup

18.

Wawacan anu eusina réa medarkeun étika kaum priyayi nyaéta…

a)

Wawacan Lutung Kasarung

b)

Wawacan Panji Wulung

c)

Wawacan Purnama Alam

d)

Wawacan Mahabrata

e)

Wawacan Sajarah Ambiya

19.

Wawacan Johar Manikam mangrupa salah sahiji wawacan anu dianggit tina…

a)

Basa Jawa

b)

Carita kahot India

c)

Pabukon Islam

d)

Carita Pantun

e)

Carita Wayang

20.

Ceuk Ajip Rosidi (2011) wawacan asli pangunggulna jeung pangbadagna téh nya éta…

a)

Wawacan Lutung Kasarung

b)

Wawacan Panji Wulung

c)

Wawacan Purnama Alam

d)

Wawacan Mahabarata

e)

Wawacan Sajarah Ambiya