NEW
Font size
WorksheetsLatihan Soal PAT 2020
Total questions: 50
Worksheet time: 25mins
Titél, labél, mérek, atawa ngaran anu dilarapkeun kana warta anu gunana pikeun ngahudang kapanasaran nu maca kana pasualan nu ditepikeun dina warta disebutna…
headline
lead
intro
events
end
BALANTIK DI TEMPAT WISATA BASISIR PANGANDARAN/ TÉTÉLA BISA NGADATANGKEUN KAUNTUNGAN// BALANTIKNA OGÉ BISA DIANDELKEUN PIKEUN NGABAYUAN KULAWARGANA// SUMANGGA NYANGGAKEUN BAÉ WARTANA///
Sempalan warta d luhur kaasup kana …… warta
Judul
Waruga
Eusi
Bubuka
Panutup
Éta nu darémo téh ngagegekeun buruan Polda Jabar. Dina orasina, anu arunjuk rasa ngadongsok sangkan Polda bisa sagancangna ngaréngsékeun kasus korupsi bantuan sosial atawa bansos kabupatén Bandung. Lantaran dina eronganana, dana APBD kabupatén Bandung taun 2005 – 2006 nu nitih 3 miliar téh geus dikorupsi, éta unjuk rasa kungsi dieureunkeun ku pulisi, lantaran éta mahasiswa téh arasup ka buruan gedung Polda Jabar.
Gagasan utama dina teks warta di luhur nyaéta…
Polda Jabar jeung mahasiswa ngaréngsékeun kasus korupsi bansos kabupatén Bandung.
Dana APBD kabupatén Bandung dikorupsi ku polda Jabar jeung mahasiswa.
Mahasiswa ngadongsok Polda Jabar sangkan énggal ngaréngsékeun kasus korupsi.
Puluhan mahasiswa arunjuk rasa di buruan Polda Jabar.
Dana APBD kabupatén Bandung taun 2005 – 2006 geus nitih 3 miliar.
Éta nu darémo téh ngagegekeun buruan Polda Jabar. Dina orasina, anu arunjuk rasa ngadongsok sangkan Polda bisa sagancangna ngaréngsékeun kasus korupsi bantuan sosial atawa bansos kabupatén Bandung. Lantaran dina eronganana, dana APBD kabupatén Bandung taun 2005 – 2006 nu nitih 3 miliar téh geus dikorupsi, éta unjuk rasa kungsi dieureunkeun ku pulisi, lantaran éta mahasiswa téh arasup ka buruan gedung Polda Jabar.
Saha anu demo jeung saha anu didémo dumasar kana sempalan warta di luhur? ….
Mahasiswa demo ka pamaréntah.
Polda Jabar didému ku Mahasiswa.
Mahasiswa didémo ku Polda Jabar.
Polda Jabar démo ka pamaréntah.
Pamaréntah démo ka Mahasiswa.
Éta nu darémo téh ngagegekeun buruan Polda Jabar. Dina orasina, anu arunjuk rasa ngadongsok sangkan Polda bisa sagancangna ngaréngsékeun kasus korupsi bantuan sosial atawa bansos kabupatén Bandung. Lantaran dina eronganana, dana APBD kabupatén Bandung taun 2005 – 2006 nu nitih 3 miliar téh geus dikorupsi, éta unjuk rasa kungsi dieureunkeun ku pulisi, lantaran éta mahasiswa téh arasup ka buruan gedung Polda Jabar.
Saha anu geus dianggap korupsi téh? …
Mahasiswa
Pamaréntah Kabupatén Bandung
Polda Jabar
Bupati Bandung
Walikota Bandung
Éta nu darémo téh ngagegekeun buruan Polda Jabar. Dina orasina, anu arunjuk rasa ngadongsok sangkan Polda bisa sagancangna ngaréngsékeun kasus korupsi bantuan sosial atawa bansos kabupatén Bandung. Lantaran dina eronganana, dana APBD kabupatén Bandung taun 2005 – 2006 nu nitih 3 miliar téh geus dikorupsi, éta unjuk rasa kungsi dieureunkeun ku pulisi, lantaran éta mahasiswa téh arasup ka buruan gedung Polda Jabar.
Naha unjuk rasa kungsi dieureunkeun ku pulisi?
Lantaran sangkaan mahasiswa téh salah.
Lantaran mahasiswa ngaganggu pagawéan Polda Jabar.
Lantaran mahasiswa asup ka gedong pemerintah Kabupatén Bandung.
Lantaran mahasiswa teu resep ka pamaréntah.
Lantaran mahasiswa arasup ka buruan gedong Polda Jabar.
Numutkeun data di luhur, padika maca warta dina TV diantarana nyaéta…
1,2,3,4,5,6
1,2,3,5,6,7
1,3,4,5,6,7
1,2,4,5,6,7
1,2,3,4,5,7
Padika maca warta atanapi siaran dina radio diantarana nyaéta….
1,2,3,4,5
1,3,5,6,7
1,2,3,5,6
1,2,4,5,7
1,2,3,4,7
Ajén warta anu ngandung harti aya patalina atawa hubunganana jeung kahirupan balaréa nyaéta…..
timeliness
conflict
proximity
significance
the unusual
Anu disebut lead dina warta téh, nyaéta….
judul warta
bubuka warta
waruga warta
pamungkas warta
nu nulis warta
Karya sastra anu mangrupikeun prosa rékaan panjang dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang disebut…..
novél
carpon
fikmin
carponn
babad
Novél munggaran dina sastra Sunda, nyaéta ….
Baruang ka Nu Ngarora karya D.K Ardiwinata
Gogoda ka Nu Ngarora karya M.A Salmun
Pipisahan karya R.A.F
Lain éta karya Moh. Ambri
Babalik Pikir karya Samsoedi
Pangarang Sunda anu ngaranna diabadikeun jadi ngaran hadiah sastra pikeun buku bacaan barudak dina Sastra Sunda nyaéta….
R.A.F
Samsoedi
M.A. Salmun
Muhamad Ambri
Ahmad Bakri
Novél Babalik Pikir munggaran medal di taun …. kalawan pamedal ……
1931 – Kiblat Buku Utama
1931 – Balé Pustaka
1932 – Balé Pustaka
1932 – Pustaka Sunda
1933 – Balé Pustaka
Di pangangonan Si Eméd mah gawéna ngan kekedengan baé handapeun tatangkalan nu iuh. Sakapeung sok kokodok di susukan atawa ngukuy belut di kotakan. Kumaha ari meri angonanana? Ih, meri angonanana mah cul baé, diantep sakarepna, tara ditalingakeun.
Pasipatan Si Eméd nu digambarkeun dina sempalan novel di luhur nyaéta ….
bageur
daékan
getol
kedul
basangkal
Di pangangonan Si Eméd mah gawéna ngan kekedengan baé handapeun tatangkalan nu iuh. Sakapeung sok kokodok di susukan atawa ngukuy belut di kotakan. Kumaha ari meri angonanana? Ih, meri angonanana mah cul baé, diantep sakarepna, tara ditalingakeun.
Ngaran sasatoan anu disebutkeun dina sempalan novél di luhur nyaéta….
pangangonan jeung merI
meri jeung kokodok
meri jeung angonanana
ngukuy jeung belut
meri jeung belut
Di pangangonan Si Eméd mah gawéna ngan kekedengan baé handapeun tatangkalan nu iuh. Sakapeung sok kokodok di susukan atawa ngukuy belut di kotakan. Kumaha ari meri angonanana? Ih, meri angonanana mah cul baé, diantep sakarepna, tara ditalingakeun.
latar tempat anu dipaké pangarang dina sempalan novel di luhur nyaéta ….
imah eméd
sakola
leuweung
sawah
pangbuian
(1) di Semarang si Eméd papanggih jeung si Joko tuluy diajar sagala rupa patukangan
(2) Pa Eméd maot dipacok oray totog basa néangan si Eméd
(3) Si Eméd kaluar ti Gesticht jeung si Joko, tapi basa dina beus maranéhna kacilakaan.
(4) Si Eméd pundung lantaran teu dibeulikeun deui petasan ku indungna.
(5) Si Eméd jeung indungna kacopétan di pasar basa rék meuli petasan.
(6) Si Eméd ditéwak ku pulisi lantaran meupeuskeun kaca toko bongbay.
(7) Si Eméd Budak nu kdeul, basa dititah nganteuran Bapana kalahka mentang layangan.
(8) Si Eméd mulang ka Cikawari, panggih deui jeung indungna, tuluy gawé deui di béngkél.
(9) Si Eméd gelut jeung si Jasim, tuluy manéhna kabur ka dayeuh.
Runtuyan galur nu merenah dina novél babalik pikir nyaéta…
(2),(7),(4),(5),(9),(1),(6),(3),(8)
(7),(2),(4),(5),(9),(6),(1),(3),(8)
(7),(2),(5),(4),(9),(6),(1),(3),(8)
(7),(2),(3),(4),(5),(6),(1),(8),(9)
(8),(3),(1),(6),(9),(4),(5),(2),(7)
Di handap ieu mangrupikeun amanat nu bisa dicokot tina novel babalik piker, iwal….
Jadi budak ulah sok ngalawan ka kolot
Ulah sok tuturut munding dina kagoréngan
Ulah sok nyingkahan masalah
Mun dibéré amanah kudu dilakonan
Jadi jalma ulah sok pundungan
“Emh, ka mana aing téh nya piloseun? Ti mana baris meunang dahareun? Boa nya ayeuna aing baris paéh langlayeuseun téh. Tapi ti batan Saumur hirup ngan ngalakonan kasangsaraan baé mah, nya leuwih hadé paéh baé, da hirup gé percumah, teu bisa ngamumulé indung, teu bisa ngalebur tapak. Najan aing bisa balik ka lembur taya gunana, da tangtu ditangkep tuluy dihukum…”
Nu dirasakeun ku si Eméd dina sempalan novel di luhur nyaéta…
kaduhung tur pasrah
bungah lantaran bisa balik
lapar lantaran can dahar
émut ka indung di lembur
hayang meunang duit loba
biografi anu ditulis ku batur tur aya widi ti tokoh anu ditulis biografina disebut….
biografi
autobiografi
biografi karir
authoried biography
unauthoried biography
Struktur dina biografi anu biasana medar perkawis kasang tukang dibabarkeunna hiji tokoh atanapi kasang tukang kulawargi tokoh, nyaéta…
bubuka
salam bubuka
eusi
panutup
salam panutup
Di handap ieu anu lain jasana Radén Déwi Sartika nyaéta….
Ngadegkeun “Sakola kautamaan Istri”
Nyusun buku ngeunaan kalungguhan wanoja Sunda
Ngasongkeun pamadegan yén adat-istiadat téh bias dirobah
Ngabéla hak jeung kalungguhan wanoja Sunda
Nyusun buku “Habis Gelap Terbitlah Terang”
Biografi anu ngan medar riwayat padamelan saurang jalma disebutna….
autobiografi
biografi riwayat hirup
biografi karir
authoried biography
unauthoried biography
Tokoh sunda di luhur ieu jenenganana nyaéta….
Ir. H. Juanda
Rd. Oto Iskandar Dinata
Rd. Ema Bratakusuma
L. R. E. Martadinata
R. H. Iwa Kusuma Sumantri
Ngaran séjén ti tokoh di luhur, nyaéta…
Menteri Maraton
Ayam Jantan Dari Timur
Si Jalak Harupat
Bapak Koperasi Indonesia
Bapa Nanjeur Makalangan
Biografi Ridwan Kamil
Mochamad Ridwan Kamil, S.T, M.U.D leuwih dipikawanoh ku jujuluk Kang Emil; gumelar di Bandung, Jawa Barat, 4 Oktober 1971, Anjeuna putra kadua ti lima sadudulur ti pasangan Bapa Atje Misbach Muhjiddin sareng Ibu Tjutju Sukaesih. Emil atawa Ridwan Kamil sabenerna resep pisan nyawang ti leuleutik. Anjeuna resep maca komik jeung ningalian foto-foto kota ti mancanagara. Kanggo riwayat atikana Ridwan Kamil sakola di SDN Banjarsari III, SMPN 2 Bandung, tur SMAN 3 Bandung. Sabada SMA Ridwan Kamil ngalajengkeun Kuliah di ITB jurusan Teknik Arsitektur,Emil salila kuliah kawilang aktif dina organisasi-organisasi nu aya di kampusna. Emill gé sumanget pisan dina widang kawirausahaan pikeun néangan dana tambahan keur kuliah, manéhna nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén. Sabada lulus Emil damel di Amerika Serikat, ngan sabada aya krisis monéter di Indonesia nu ngabalukarkeun kliena teu mayar hasil gawéna. Tapi sabada kajadian éta Emil teu langsung wangsul ka Indonesia, anjeuna milih netep di Amerika dugi ka ngalaman kasusah ngan tiasa tuang sakali dina sadinten. Anjeuna kenging beasiswa di University of California, Berkeley.Salami nyandak kuliah S2 Emil damel di Departemen Perencanaan Kota Berkeley. Pikeun biaya hirupna, ujianna teu ngan saukur éta, nalika Emil kudu nyanghareupan Atalia Praratya (Istrina) badé ngababarkeun putra kahijina anjeuna bingung sabab teu kagungan waragad kanggo proses babaranna, anjeuna dugi ka ngaku miskin ka pamaréntah satempat pikeun kénging pengobatan gratis. Pangalaman éta janten ajén-ajén pribadi nu ngajadikeun Emil kuat dina mayunan kahirupan.
Sabada ngaréngsékeun kuliah Emil mulang deui ka tanah air Indonésia tur ngadegkeun Urbane hiji firma nu gerak dina widang jasa konsultan jeung perencanaan, arsitektur ogé desain. Tidinya karir Emil teras majeng, salian janten prinsipal PT. Urbane Indonesia anjeuna ogé janten dosén teu netep di Jurusan Arsitektur ITB. Salian dina widang éta ayeuna Emil ngawitan ngalalanyah kana widang politik, ti ngawitan janten Wali Kota Bandung dugi ka ayeuna janten Gubernur Jawa Barat.
Sumber : hasil narjamahkeun ogé ngutip tina biografi Ridwan Kamil
nu aya di www.biografiku.com
Dumasar sempalan téks biografi di luhur, tarékah naon nu dilakokanan ku Kang Émil nalika kuliahna sangkan bias nambahan biaya kuliahna di Indonésia? ….
Gerak dina widang usaha desain
gawé di departemen perencanaan
muka usaha dina widang arsitektur ogé desain
nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén
nyieun gambar-gambar ilustrasi panorama
Biografi Ridwan Kamil
Mochamad Ridwan Kamil, S.T, M.U.D leuwih dipikawanoh ku jujuluk Kang Emil; gumelar di Bandung, Jawa Barat, 4 Oktober 1971, Anjeuna putra kadua ti lima sadudulur ti pasangan Bapa Atje Misbach Muhjiddin sareng Ibu Tjutju Sukaesih. Emil atawa Ridwan Kamil sabenerna resep pisan nyawang ti leuleutik. Anjeuna resep maca komik jeung ningalian foto-foto kota ti mancanagara. Kanggo riwayat atikana Ridwan Kamil sakola di SDN Banjarsari III, SMPN 2 Bandung, tur SMAN 3 Bandung. Sabada SMA Ridwan Kamil ngalajengkeun Kuliah di ITB jurusan Teknik Arsitektur,Emil salila kuliah kawilang aktif dina organisasi-organisasi nu aya di kampusna. Emill gé sumanget pisan dina widang kawirausahaan pikeun néangan dana tambahan keur kuliah, manéhna nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén. Sabada lulus Emil damel di Amerika Serikat, ngan sabada aya krisis monéter di Indonesia nu ngabalukarkeun kliena teu mayar hasil gawéna. Tapi sabada kajadian éta Emil teu langsung wangsul ka Indonesia, anjeuna milih netep di Amerika dugi ka ngalaman kasusah ngan tiasa tuang sakali dina sadinten. Anjeuna kenging beasiswa di University of California, Berkeley.Salami nyandak kuliah S2 Emil damel di Departemen Perencanaan Kota Berkeley. Pikeun biaya hirupna, ujianna teu ngan saukur éta, nalika Emil kudu nyanghareupan Atalia Praratya (Istrina) badé ngababarkeun putra kahijina anjeuna bingung sabab teu kagungan waragad kanggo proses babaranna, anjeuna dugi ka ngaku miskin ka pamaréntah satempat pikeun kénging pengobatan gratis. Pangalaman éta janten ajén-ajén pribadi nu ngajadikeun Emil kuat dina mayunan kahirupan.
Sabada ngaréngsékeun kuliah Emil mulang deui ka tanah air Indonésia tur ngadegkeun Urbane hiji firma nu gerak dina widang jasa konsultan jeung perencanaan, arsitektur ogé desain. Tidinya karir Emil teras majeng, salian janten prinsipal PT. Urbane Indonesia anjeuna ogé janten dosén teu netep di Jurusan Arsitektur ITB. Salian dina widang éta ayeuna Emil ngawitan ngalalanyah kana widang politik, ti ngawitan janten Wali Kota Bandung dugi ka ayeuna janten Gubernur Jawa Barat.
Sumber : hasil narjamahkeun ogé ngutip tina biografi Ridwan Kamil
nu aya di www.biografiku.com
Naon sababna Kang Émil dugi ka ngaku miskin ka pamaréntah setempat? ….
Lantaran teu gaduh imah
Lantaran teu gaduh waragad pikeun kuliah
Lantaran hasil gawéna teu dibayar
Lantaran hésé milarian padamelan
Lantaran teu gaduh waragad pikeun ngababarkeun putra kahijina
Karya Sastra panjang anu didangding tur digelarkeun dina puisi pupuh disebut….
wawacan
beluk
guguritan
carita pantun
hikayat
Anu ngabédakeun wawacan jeung guguritan nyaéta ….
Panjang karangan jeung wanda pupuh
Guru gatra jeung watek pupuh
Struktur carita jeung motif carita
Palaku carita katut watekna
Latar jeung situasi eusi karangan
Pupuh anu mindeng dipaké dina wawacan kaasup Sekar Ageung nyaéta ….
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula
Kinanti, Sinom, Maskumambang, Durma
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Lambang
Kinanti, Sinom, Maskumambang Pucung
Kinanti, Sinom, Pucung, Dangdanggula
Upami ditilik tina sajarahna, wawacan téh kawitna ti daérah Jawa jeung asup ka Sunda basa jaman karajaan….
Galuh
Pakuan
Mataram
Talaga
Salakanagara
Amitan ka geus angkat, angkat nilar alam lahir, lumentang di amalam padang, poé panjang tanpa peuting, rék ngawancah ngiwincik, nyaurkeun nuturkeun galur, galur nu kacarita, anu kasebat kasambit, disuhunkeun kalungsuran kalengsaran.
Wawacan di luhur ngagunakeun pola pupuh….
Asmarandana
Kinanti
Sinom
Dangdanggula
Balakbak
12-a,3-é,12-a,3-é.12-a,3-é mangrupikeun pola dina pupuh….
Asmarandana
Kinanti
Sinom
Dangdanggula
Balakbak
Isuk-isuk kuring mah geus manggul pacul
Miang muru sawah
Menerkeun kocoran cai
Gecruk macul di kotakan ngolah sawah
Sempalan teks di luhur ngagunakeun pola pupuh….
Ladrang
Lambing
Magatru
Mijil
Pucung
Ieu dihandap anu teu kaasup kana kecap nu dirarangkénan tengah, nyaéta ….
kumecrot
tinangtu
daratang
karancang
balageur
Ieu di handap anu henteu kaasup kana kecap anu dirarangkénan tengah –al- nyaéta…
lalucu
balantik
lalogor
baleunghar
lalulus
Rarangkén tengah di handap ieu bener, iwal…
gumasép
sumerat
ginanjar
sinareng
tinulis
8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i mangrupikeun pola dina pupuh….
Asmarandana
Kinanti
Sinom
Dangdanggula
Balakbak
8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a mangrupikeun pola dina pupuh….
Asmarandana
Kinanti
Sinom
Dangdanggula
Balakbak
watek pupuh jurudemung nyaeta...
rasa kaduhung atawa hanjakal
kabungah, kaagungan
prihatin, harepan, nganti-nganti
pikaseurieun, pikalucueun
rasa sedih, tiiseun, cilaka
watek pupuh mijil, nyaéta…
rasa sedih, tiiseun, cilaka
prihatin, harepan, nganti-nganti
kabungah, kaagungan
rasa kaduhung atawa hanjakal
pikaseurieun, pikalucueun
Déldom mangrupa angkutan délman anu ditarik ku domba, anu ngan kapanggih di alun-alun...
Garut jeung Ciamis
Ujung berung jeung Soréang
Cianjur jeung Sukabumi
Ciamis jeung Banjar
Garut jeung Tasik
ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajén warta nyaéta...
waktu
aya patalina jeung kahirupan balaréa
anéh
konflik
pawarta
di handap ieu mangrupa novél karangan Mohammad Ambri, iwal...
Lain Eta
Numbuk di Sué
Burak Siluman
Si Kabayan Jadi Dukun
Babalik Pikir
di handap ieu anu teu kaasup kana tokoh nu aya dina novél Babalik Pikir nyaéta...
Jasim
Joko
Eméd
Pak Lahiam
Ambu Joko
tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma, disebutna....
biografi
monografi
géografi
léksikografi
paléografi
ieu di handap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi, nyaéta...
kakayaan jeung harta banda nu dipiboga
ngaran, tempat, titimangsa lahir, jeung kulawarga
cita-cita jeung riwayat atikan
pangalaman gawé jeung organisasi
prestasi nu kungsi kacangking
Patali jeung widang atikan, tokoh Prof. Iwa Koesoemasoemantri, S.H. kungsi nyekel kalungguhan jadi réktor...
UI
UPI
ITB
IPB
Unpad
lentong kalimah anu salah sahiji engangna dikedalkeun luhur-handap tur panjang-pondok, disebutna aksén....
tonis
dinamis
temporal
lokatif
situasional
