wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

REMEDIAL SUNDA KELAS X

Total questions: 40

Worksheet time: 1hrs 20mins

Name
Class
Date
1.
Di hiji leuweuh geledegan, aya dua tangkal kiara anu kacida gedéna. Perenahna di sisi sampalan paranti sato jarah nyatuan. Éta tangkal kiara téh sok dipaké panonoban bangsa manuk. Anu hiji panonoban bangsa gagak, anu hiji deui panonoban bangsa merak.
Unsur intrinsik naon baé anu aya dina sempalan dongéng di luhur?

a)
latar, tokoh
b)
latar
c)
tokoh, amanat
d)
amanat
e)
jejer, latar
2.
Ari sababna si Candrika teu daék betus ka sasaha, ditanya ku itu ku ieu téh angger ngabetem.
“Keun baé antepkeun, meureun keur mangsa mangkat birahi” ceuk kokolot gagak.“Teu umum Olot,” ceuk gagak séjén. “Anu keur mangkat birahi mah biasana sok leuwih motah!”“Sing inget, Si Candrika mah béda jeung batur-baturna, tong disaruakeun jeung gagak anu biasa-biasa atuh!”“Enya ari kitu téa mah, anu loba kaleuwihan mah biasana ogé sok loba kaanéhan”. Antukna si candrika pada ngantep. “Keun, engké ogé cageur sorangan!” Ceuk kokolot gagak.
Ieu di handap kaayaan anu luyu jeung sempalan dongéng di luhur nya éta?

a)
Si Candrika keur beger
b)
Si Candrika the bangsa gagak
c)
Si Candrika motah pisan
d)
kokolot gagak ngadeukeutan Si Candrika
e)
Si Candrika betus ka kokolot gagak
3.
Unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur carita, nya éta….
a)
tema
b)
palaku
c)
purwakanti
d)
galur
e)
latar
4.
“Leuh tada teuing resepna lamun aing jadi merak. Bulu éndah, patinggurilap mun katénjo panonpoé. Na ari aing, bulu hideung lestreng, suku pacér, pamatuk gedé, meni teu mararatut!” ceuk si Candrika dina haténa.
Pasipatan Si Candrika anu kagambar dina sempalan dongéng di luhur nya éta?

a)
bageur
b)
narima kana kaayaan dirina
c)
sabar
d)
galur
e)
teu narima kaayaan dirina
5.
Hiji poé Si Candrika hiber néangan kahakanan, bari angger mikiran kahayangna, hayang jadi merak. Barang ngaliwat kahiji walungan, manéhna nénjo baju merak, nambru disisi walungan. Ku manéhna di deukeutan. “Kamana anu bogana?” Si Candrika ngomong sorangan. Luak-lieuk euweuh sasaha. Buru-buru baé baju merak téh disamber, dibawa hiber kanu jauh tidinya. Clé dina tangkal anu suni. Rap baju merak téh dipaké. Logor teuing, waktu dicobaan dipaké hiber téh kokoplokan. “Kawasna mah kudu dirapet!”
Ieu di handap mangrupa hal pamohalan anu aya dina sempalan dongéng di luhur, iwal.…

a)
Si Candrika hiber néangan kahakanan
b)
Si Candrika salin jinis jadi merak

c)
Si Candrika manggih baju merak sisi walungan

d)
Si Candrika make baju merak kana awakna

e)
Baju merak bisa coplok tina awak merak
6.
Ari pok teh Si Candrika ngomong “Tunya-tanya teuing atuh!”
“Pilakadar nanya, wajar wéh da urang téh tatangga,” tembal si Culindra.
“Tatangga sih tatangga, tapi bangsa andika mah teu pantes cacampuran jeung bangsa merak. Sing ngarumasakeun manéh wé atuh, boga rupa goréng patut, bulu hideung lestreng, teu béda ti areng! Béda pisan jeung bangsa kuring mah. Sirah dimakuta kukuncung, buntut hurang-hérang, éndah taya babandinganana!”
Dumasar sempalan dongéng di luhur sipat Si Candrika nya éta….

a)
rapekan
b)
someah
c)
adigung
d)
suranyeh
e)
koret
7.
Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng….
a)
fabel
b)
prabel
c)
mite
d)
babad
e)
sasakala
8.
Si Kabayan ka Puskesmas
Éta mah si Kabayan meni unggal poé Kemis ka Puskesmas téh, teu aya pikir kadua, sagedé carangka da buktina, geus puguh rieut ka Dokter, nyeri beuteung ka Dokter, digégél sireum ogé ka Doktér, rorombéheun ogé disuntik. Pokona mah sagala ka dokter.
Ayeuna duka deuk naon geus andéprok deui waé.
Dokter : “Aya naon deui manéh Kabayan?”
Kabayan: “Sumuhun badé nyungkeun landong” Ceuk si Kabayan bari palaya-peleyé.
“Ieu aya anak beurit di jero beuteung”
Dokter: “Duh karunya teuing, di dieu mah teu sadia ubarna Kabayan. Cing cobaan ayeuna mah neureuy anak ucing hirup-hirup, sangkan éta anak beurit anu dijero beuteung téh ditewak”
Kalimah di handap ieu anu kaasup kana kalimah parentah anu diluhur nya éta....

a)
Aya naon deui manéh Kabayan?

b)
Ieu aya anak beurit di jero beuteung

c)
Cing cobaan ayeuna mah neureuy anak ucing hirup-hirup

d)
Si Kabayan bari palaya-peleye.

e)
sangkan éta anak beurit anu dijero beuteung téh ditéwak
9.
Mana anu bener ngeunaan dongéng ieu di handap?
a)
Dongéng sasakala nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.

b)
Dongéng parabel nya éta dongéng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upama baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran.

c)
Dongéng mite nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah.

d)
Dongeng fabel nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun jalama biasa.

e)
Dongéng babad nya éta dongéng anu patali jeung kapercayaan masarakat.
10.
Di Jawa Timur aya lembur anu ngaranna Bubat. Aya anu nyangka pangna dingaranan kitu téh, lantaran baheulana di dinya kungsi aya riributan nu ngabubat-babit pedang. Nyaéta dina waktu balad Sunda perang campuh jeung balad Majapait. Éta kajadian katelah baé Perang Bubat. Caritana sakumaha anu rék dicaritakeun ayeuna.
Waktu Prabu Hayam Wuruk dijenengkeun Jadi Raja di Karajaan Majapait, yuswana kaétang anom kénéh pisan. Malah nepi ka sawatara taun ti harita, tetep baé henteu kagungan praméswari. Éta hal ku sapangeusi karaton, katut abdi-abdina di Karajaan Majapait, dianggap ngurangan komara nu jeneng raja.
Ku sabab kitu, parasepuh jeung parayogi, geus ngémutan kalayan hormat, sangkan Kangjeng Raja énggal kagungan garwa. Ari walerna, sanés teu kersa kagungan garwa, nanging teu acan aya anu cop sareng manahna. Pirang-pirang putri anu gareulis, putra bupati, malah aya putra raja, anu sasatna mah bari dibaktikeun ka Sang Raja, henteu aya hiji ogé anu kamanah.
Nilik kana carita jeung tokohna, dongéng di luhur mangrupa dongéng….

a)
parabel
b)
fabel
c)
mite
d)
legenda
e)
sage
11.
Ieu di handap mangrupa papasingan dongéng jeung contona anu bener, iwal….
a)
Fabel : Sakadang Kuya Melak Cau

b)
Parabel : Si Kabayan Ngala Nangka

c)
Mite : Nyi Roro Kidul

d)
Sasakala : Pangéran Kornél

e)
Sagé : Sangiang Borosngora
12.
Nepi ka.......kitu éta budak ménta duit, tapi teu dibéré ku kolotna, da teu bogaeun.
a)
lutak-létak

b)
langla-lénglé

c)
luya-léyé

d)
lungas-lengis

e)
langlang-lingling
13.
Kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh binarung jeung robahna sora atawa rarangkén boh henteu disebut….
a)
Kecap Kantétan

b)
Kecap Rajékan

c)
Kecap Rundayan

d)
Kecap Wancahan

e)
Kecap Pagawéan
14.
Mani ngucrak awakna bakat ku capé, teu sirikna... ka luar saawak-awakna.
a)
Panyakit kulit

b)
Ararateul

c)
Kaligatana

d)
Késang badag késang lembut

e)
Buluna
15.
Teu kacipta ngabayangkeunana gedéna gé, pokona mah éta barang téh... wé.
a)
Satungtung deuleu

b)
Hésé dibawa-bawa acan

c)
Sagedé alaihim

d)
Sagedé hulu munding

e)
Teuing sakumaha
16.
Mani asa ... kuring mah basa kapal jét ngaliwat, bakat ku ruewas.
a)
Katorékan

b)
Nyeri hulu angen

c)
Handaruan

d)
Haroshos

e)
Murag jajantung
17.
Geus poho kana waktu manéhna mah digawéna gé, mani ... lain babasaan.
a)
Indit isuk-isuk balik soré-soré

b)
Geus poho di isuk soré

c)
Ti isuk jedur nepi ka soré jedér

d)
Késang badag késang lembut

e)
Geus poho kana awak sorangan
18.
Manuk Dadali
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna

Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia

Lagu Manuk Dadali mangrupa salasahiji conto?

a)
Kakawihan

b)
Tembang

c)
Kawih

d)
Pupuh

e)
Pop
19.
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Harti karingrang dina rumpaka kawih di luhur nya eta....

a)
Hutang

b)
Kasieun

c)
Dipihormat

d)
Hariwang

e)
Beban
20.
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Harti raggoas dina rumpaka kawih di luhur nya eta....

a)
Panjang

b)
Bersih

c)
Hérang

d)
Kékéd

e)
Méncos
21.
Kacaturkeun dina hiji waktu Prabu Siliwangi nyaur Patih Tambirasa jeung Paman Léngsér, dua jalma anu dipikolot di Karajaan Pajajaran. Teu lila duanana tuluy tingtorojol nyampeurkeun. Gék dariuk semu ajrih hareupeun Sang Prabu.
“Aya nu hayang ditepikeun ka Paman téh. Ceuk selenting béja, di Karawang aya hiji guru anu ngadegkeun pasantrén sarta nyebarkeun agama anyar. Éta guru téh ngaranna cenah Syéh Kuro, asalna ti Nagri Campa. Naha Paman geus apal?”.
Ngadéngé Sang Prabu nanya kitu, Patih Tambirasa pohara reuwasna. Kakara harita manéhna ngadéngé éta béja téh. Nu matak Ki Patih ngeluk baé, ngarasa éra pédah asa kacolongan, kapiheulaan terang ku Sang Prabu ngeunaan kaayaan di nagri Pajajaran.

Dumasar kana sempalan di luhur, naon sababna Prabu Siliwangi nyaur Patih Tambirasa jeung Paman Léngsér?
a)
sabab hayang nanya kaayaan Paman Léngsér jeung Patih Tambirasa cageur atawa henteu

b)
sabab ngadéngé béja aya nu ngadegkeun pasantrén jeung nyebarkeun agama anyar.

c)
sabab Patih Tambirasa jeung Paman Léngsér nyaho aya guru nu ngadegkeun pasantrén.

d)
sabab geus lila teu panggih jeung Paman Léngsér jeung Patih Tambirasa.

e)
sabab Paman Patih jeung Paman Léngsér ngadegkeun Pasantrén sarta nyebarkeun agama anyar.
22.
“Aya nu hayang ditepikeun ka Paman téh. Ceuk selenting béja, di Karawang aya hiji guru anu ngadegkeun pasantrén sarta nyebarkeun agama anyar. Éta guru téh ngaranna cenah Syéh Kuro, asalna ti Nagri Campa. Naha Paman geus apal?”.

Kecap anu dikandelan sarua hartina jeung kecap….
a)
ngajar

b)
ngajaga

c)
nyieun

d)
ngurus

e)
ngarintis
23.
“Aya nu hayang ditepikeun ka Paman téh. Ceuk selenting béja, di Karawang aya hiji guru anu ngadegkeun pasantrén sarta nyebarkeun agama anyar. Éta guru téh ngaranna cenah Syéh Kuro, asalna ti Nagri Campa. Naha Paman geus apal?”.
Ngadéngé Sang Prabu nanya kitu, Patih Tambirasa pohara reuwasna. Kakara harita manéhna ngadéngé éta béja téh. Nu matak Ki Patih ngeluk baé, ngarasa éra pédah asa kacolongan, kapiheulaan terang ku Sang Prabu ngeunaan kaayaan di nagri Pajajaran.

Dumasar carita di luhur, saha ari Syéh Kuro téh?
a)
kulawarga Prabu Siliwangi.

b)
babaturan Paman Léngsér anu asalna ni Nagri Campa .

c)
babaturan Patih Tambirasa anu ngadegkeun pasantrén.

d)
guru anu ngadegkeun pasantrén di Karawang sarta nyebarkeun agama anyar.

e)
guru ngaji Prabu Siliwangi nu nyebarkeun agama anyar.
24.
Ngadéngé kitu Patih Tambirasa beuki ngeluk baé. Laun-laun tuluy timbul amarahna. Ambek ka Syéh Kuro anu geus sagawayah ngadegkeun pasantrén kalawan henteu ménta idin heula ka karajaan. Cong Ki Patih nyembah, tuluy pokna:
“Gusti Prabu, Paman ménta idin, rék nyerek éta Syéh!”
“Sabar heula, paman, ulah rusuh kabawa ku napsu,” cek Sang Prabu halon. “Kudu inget yén nagara urang mah henteu ngahalang-halang sing saha baé anu ngadon bubuara di dieu.”

Dumasar carita di luhur kumaha watek atawa pasipatan Prabu Siliwangi?
a)
gurunggusuh

b)
lalawora

c)
gampang ambek

d)
gagabah

e)
bijaksana
25.
Ngadéngé kitu Patih Tambirasa beuki ngeluk baé. Laun-laun tuluy timbul amarahna. Ambek ka Syéh Kuro anu geus sagawayah ngadegkeun pasantrén kalawan henteu ménta idin heula ka karajaan.

Kecap anu dimiringkeun dina carita di luhur sarua hartina jeung.…

a)
rusuh

b)
lalaunan

c)
gagabah

d)
ati-ati

e)
tarik
26.
Ngadéngé kitu Patih Tambirasa beuki ngeluk baé. laun-laun tuluy timbul amarahna. Ambek ka Syéh Kuro anu geus sagawayah ngadegkeun pasantrén kalawan henteu ménta idin heula ka karajaan. Cong Ki Patih nyembah, tuluy pokna:
“Gusti Prabu, Paman ménta idin, rék nyerek éta Syéh!”
“Sabar heula, paman, ulah rusuh kabawa ku napsu,” cek Sang Prabu halon. “Kudu inget yén nagara urang mah henteu ngahalang-halang sing saha baé anu ngadon bubuara di dieu.”

Dumasar carita di luhur saha anu ngomong rék nyerek Syéh Kuro?

a)
Prabu Siliwangi

b)
Paman Léngsér

c)
Patih tambirasa

d)
waliyulloh

e)
Nyi Subang Larang
27.
“Sabar heula, paman, ulah rusuh kabawa ku napsu,” cek Sang Prabu halon. “Kudu inget yén nagara urang mah henteu ngahalang-halang sing saha baé anu ngadon bubuara di dieu.”

Kecap nu dimiringkeun sarua hartina jeung ....
a)
ngumbara, ngadon hirup di lembur batur

b)
lalampahan

c)
tatanén

d)
ngahuma

e)
ngebon
28.
“Leres lebah dinyana mah, Gusti Prabu! Tapi satungtung éta jalma téh henteu nyusahkeun ka urang. Ari Syéh Kuro, apan tétéla rék nyieun bibit pacéngkadan. Manéhna nyebarkeun agama anyar. Rahayat Pajajaran tangtu bakal kabagi dua, anu milu ngagem agama anyar jeung anu henteu”.

Maksud tina kecap nu dimiringkeun nya éta….
a)
teu asak tinimbangan

b)
ngaganggu kaayaan jadi teu tingtrim

c)
paséa, pagétréng ku sabab béda paham

d)
bingung jeung susah pikiran

e)
kacaritakeun
29.
“Ceuk béja, éta Ki Syéh téh boga santri awéwé anu kacida geulisna, Paman”. Ceuk Sang Prabu. “Nyi Mas Subang Larang cenah ngarana, putri Ki Gédéng Tapa, Raja Singaparna. Kaula hayang ngabuktikeun bener henteuna éta béja, Paman.”
Paman Léngsér geuwat mairan:
“Ku Paman geus kateguh kumaha pamaksudan Gusti Prabu. Lamun kitu, Paman rék geuwat ngajugjug ka ditu.”
“Sukur ari geus kaharti ku Paman Léngsér mah,” ceuk Gusti Prabu bari seuri bangun bagja. “Jung baé Paman geura indit ka ditu. Lamun éta béja teu nyalahan, tepikeun baé pamaksadan kaula ka Syéh Kuro, yén Nyi Putri Subang Larang rék dijadikeun prameswari ku kaula, raja Pajajaran.”

Dumasar carita di luhur, saha anu diutus ku raja Pajajaran téh?
a)
Patih Tambirasa

b)
Paman Léngsér

c)
Prabu Siliwangi

d)
Patih Tambirasa jeung Prabu Siliwangi

e)
Syéh Kuro
30.
“Ceuk béja, éta Ki Syéh téh boga santri awéwé anu kacida geulisna, Paman”. Ceuk Sang Prabu. “Nyi Mas Subang Larang cenah ngarana, putri Ki Gédéng Tapa, Raja Singaparna. Kaula hayang ngabuktikeun bener henteuna éta béja, Paman.”
Paman Léngsér geuwat mairan:
“Ku Paman geus kateguh kumaha pamaksudan Gusti Prabu. Lamun kitu, Paman rék geuwat ngajugjug ka ditu.”
“Sukur ari geus kaharti ku Paman Léngsér mah,” ceuk Gusti Prabu bari seuri bangun bagja. “Jung baé Paman geura indit ka ditu. Lamun éta béja teu nyalahan, tepikeun baé pamaksadan kaula ka Syéh Kuro, yén Nyi Putri Subang Larang rék dijadikeun prameswari ku kaula, raja Pajajaran.”

Naon tujuanana utusan ti Pajajaran dititah indit ti karajaan?
a)
Indit ka Singaparna nepungan Ki Gédéng Tapa.

b)
Nepikeun béja yén Nyi Subang Larang masantrén di Karawang.

c)
Ngabéjaan Syéh Kuro yén Nyi Subang Larang anakna Ki Gédéng Tapa.

d)
Nepikeun amanat Prabu Siliwangi ka Syéh Kuro anu hayang ngajadikeun Nyi Subang Larang jadi Praméswarina.

e)
Nepikeun amanat Prabu Siliwangi ku
sabab Ki Gédéng Tapa ngadegkeun
pasantrén tanpa idin ka karajaan.
31.
Basa Paman Léngsér nénjo ka lebah taman, haténa ngalenyap. Geuwat baé manéhna nyumput ka lebah tangkal buah. Sidik pisan ku manéhna katénjo, di taman aya mojang keur anteng ngambung kekembangan. Kakara harita Paman Léngsér ningal awéwé nu kacida geulisna. Beungeutna ngadaun seureuh, kulitna héjo carulang. Panonna ngénclong cahayaan.

Naon anu dicaritakeun dina sempalan babad Carios Prabu Siliwangi di luhur?
a)
kaayaan di imah Syéh Kuro

b)
kagagahan Prabu Siliwangi

c)
kaayaan di sabudeureun masjid

d)
pameunteu Paman Léngsér anu ngadaun seureuh

e)
kageulisan Nyi Putri Subang Larang
32.
“Naha Ki Guru bet henteu ménta idin heula ka Prabu Siliwangi anu kumawasa di ieu nagri?” cek Paman Léngsér. Ditanya kitu Syéh Kuro ngabigeu baé teu bisa némbal.
Naha ku Ki Guru henteu kasawang kumaha balukarna? Rahayat Pajajaran bakal harénghéng lantaran ayana agama anyar anu disebarkeun ku Ki Guru.”

Kecap nu dimiringkeun miboga harti nu sarua jeung kecap….

a)
ahirna

b)
akibatna

c)
sababna

d)
kuduna

e)
Alusna
33.
“Naha Ki Guru bet henteu ménta idin heula ka Prabu Siliwangi anu kumawasa di ieu nagri?” cek Paman Léngsér. Ditanya kitu Syéh Kuro ngabigeu baé teu bisa némbal.
Naha ku Ki Guru henteu kasawang kumaha balukarna? Rahayat Pajajaran bakal harénghéng lantaran ayana agama anyar anu disebarkeun ku Ki Guru.”
Ditanya kitu Syéh Kuro ngahuleng baé sawatara lila. Tuluy nyarita halon, pokna: “Kaula mah henteu maksa ka sasaha ogé. Anu daék ngagem agama Islam sukur, anu henteu mah tara diharu-biru.”
“Keur dina henteu maksana ogé tetep baé ngabarubahkeun katengtreman rahayat, Ki Guru! Cing, naha Ki Guru henteu ngarasa salah?”
“Enya, lebah ngadegkeun pasantrén mah kaula teu bébéja ka karajaan, kaula rumasa dosa.”

Sifat Syéh Kuro anu kagambar dina carita di luhur nya éta….
a)
bijaksana, ngaku kana kasalahan anu dilakukeun

b)
bijaksana, teu ngaku kana kasalahan

c)
bohong, teu ngaku kana kasalahan

d)
licik, neumbleuhkeun kasalahan ka batur

e)
licik teu ngaku kasalahan sorangan
34.
“Kaula geus terang. Malah geus ngadéngé béjana waktu kaula keur di Nagara Campa kénéh. Prabu Siliwangi kamashur tepi ka nagara kaula. Ceuk béja, anjeunna raja adil tur wijaksana, nyaah jeung towéksa ka rahayatna. Raja anu gagah tur élmuna sakti taya tanding.” Syéh Kuro muji-muji Prabu Siliwangi.

Hal naon anu dijelaskeun ku Syéh Kuro dina carita di luhur?
a)
sifat Paman Léngsér

b)
sifat Patih Tambirasa

c)
sifat Nyi Subang Larang

d)
sifat Prabu Siliwangi

e)
sifat Ki Gédéng Tapa
35.
“Aya paménta? Cing kumaha paméntana, ku kaula moal burung ditedunan, Ki Léngsér.”

Moal burung ditedunan sarua hartina jeung….

a)
moal ditedunan

b)
pasti ditedunan

c)
moal dilakukeun

d)
pasti bakal

e)
burung ditedunan
36.
Ngadéngé pamaksudan Sang Prabu kitu, jep baé Syéh Kuro jempé teu némbal deui. Manéhna ujug-ujug asa dirungkup kabingung. Puguh salila ieu geus loba pisan raja-raja anu ngalamar ka Nyi Putri téh. Ngan hiji ogé taya anu sanggup nedunan paménta Nyi Putri.

Kecap nedunan boga harti nu sarua jeung kecap….
a)
nyumponan

b)
nuduhkeun

c)
nebak

d)
neguh

e)
nunjukeun
37.
Ngadéngé pamaksudan Sang Prabu kitu, jep baé Syéh Kuro jempé teu némbal deui. Manéhna ujug-ujug asa dirungkup kabingung. Puguh salila ieu geus loba pisan raja-raja anu ngalamar ka Nyi Putri téh. Ngan hiji ogé taya anu sanggup nedunan paménta Nyi Putri.

Mana jawaban ieu di handap anu luyu jeung carita di luhur?
a)
Loba raja anu bisa nedunan kahayang Nyi Putri.

b)
Aya hiji raja anu bisa nedunan kahayang Nyi Putri.

c)
Syéh Kuro bisa nedunan kahayang Nyi Putri.

d)
Can aya raja anu bisa nedunan kahayang Nyi Putri.

e)
Aya hiji raja anu teu bisa nedunan kahayang Nyi Putri.
38.
“Sanajan enya Nyi Putri téh murid kaula, lebah dieu mah kaula teu bisa nampa atawa nolak lamaran Sang Prabu,” cek Syéh Kuro laun. “Leuwih hadé talék baé jinisna ku Ki Léngsér”

Kecap jinisna, miboga harti anu sarua jeung kecap….
a)
bapana

b)
jalmana

c)
indungna

d)
baturna

e)
kaula
39.
“Endén téh rék meunang kabagjaan. Rék dijenengkeun praméswari ku Sang Prabu,” ceuk Paman Léngsér ka Nyi Putri. “Tada teuing bagjaeunana Sang Prabu, lamun utusanana mulang deui ka karaton bari mawa béja pikabungaheun. Cik kumaha cek Endén Putri?”
Jempling sakedapan. Nyi putri ngeluk baé henteu waka némbal.
“Bagja pisan kaula ngadéngéna, Paman Léngsér,” Nyi Putri ahirna nyarita halon. “Saha jalmana anu teu ngarasa bagja dilamar ku Prabu Siliwangi anu kamashur. Ngan hampura, kaula moal bisa mutuskeun ayeuna. Kaula hayang patepung langsung sareng Sang Prabu. Kaula nganti Sang Prabu sumping ka dieu, sok sanajan tempatna batan kieu.”

Mana jawaban anu bener dumasar kana carita di luhur?
a)
Nyi Putri langsung narima lamaran Prabu Siliwangi.

b)
Nyi Putri ménta maskawin kongkorong béntang.

c)
Nyi putri teu ngarasa bagja dilamar ku Prabu Siliwangi.

d)
Nyi Putri teu langsung narima lamaran Prabu Siliwangi.

e)
Putri nolak lamaran Prabu Siliwangi.
40.
“Basa kaula nepungan Nyi Putri Subang Larang téa, manéhna ku kaula ditalék naon maksudna hayang patepang jeung kaula téh. Bisi aya paménta pok geura kedalkeun. Naha hayang emas raranggeuyan atawa inten berlian sakarung, moal burung teu ditedunan. Kumaha éta Nyi Putri ngajawabna, Paman? Beurang atawa peuting cenah kaula daék dipigarwa ku Gusti Prabu, asal sarat maskawinna bisa kacumponan. Kaula teu butuh ku emas atawa inten berlian, da éta mah geus aya. Cing teguh ku Paman, naon pamentana?”

Dumasar carita di luhur, naon anu ditawarkeun ku Prabu Siliwangi ka Putri Subang Larang pikeun jadi maskawin?
a)
karung inten

b)
karung emas

c)
emas jeung inten berlian

d)
kongkorong béntang

e)
tasbéh