NEW
Font size
WorksheetsUTS Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 40mins
Dongeng Si Kabayan kaasup kana wanda dongeng
Fabel
Parabel
Mite
Sasakala
Dongeng mangrupa carpon anu ngandung unsur
Realita
Pamohalan
Jiga nyata kajadian
Syair
Dongeng anu palakuna sasatoan disebut dongeng ...
parabel
fabel
sasakala
mite
Nu kaasup kana dongeng sasakala nya eta ...
Dongeng Si Kabayan Ngala Nangka
Dongeng Kean Santang
Dongeng Situ Bagendit
Dongeng Kuya jeung Monyet
Dongeng sasakala Gunung Tangkuban Parahu nyaritakeun ngeunaan asal-usul ...
hiji barang
sasatoan
sajarah
tempat
Dongeng kaasup karya balarea, lantaran ...
sumebar sacara lisan
teu kanyahoan nu ngarangna
kanyahoan nu ngarangna
sumebar sacara tinulis
Bagian tina elmu basa anu maluruh jeung medar sora-sora basa nya eta ...
fonologi
morfologi
sintaksis
pragmatik
wangun basa pangleutikna anu ngawujud sora tur boga fungsi pikeun ngabédakeun harti ...
morfem
fonem
kecap
engang
Wangun gramatikal nu pangleutikna anu ngandung harti ...
morfem
fonem
kecap
engang
Nu kaasup kana fonem suprasegmental, iwal ti (kecuali)...
tekenan
vokal
nada
randegan
Fonem Sunda nu teu bisa nyicingan posisi di ahir kecap, iwal ti (kecuali) ...
e
eu
c
j
Kluster nya eta ...
Gabungan dua vokal atawa leuwih anu diucapkeun babarengan tur sawaktu dina hiji engang, tanpa diseselan vokal.
Gabungan dua fonem atawa leuwih anu diucapkeun babarengan tur sawaktu dina hiji engang, tanpa diseselan vokal.
Gabungan dua konsonan atawa leuwih anu diucapkeun babarengan tur sawaktu dina hiji engang, tur diseselan vokal.
Gabungan dua konsonan atawa leuwih anu diucapkeun babarengan tur sawaktu dina hiji engang, tanpa diseselan vokal.
Pola engang basa Sunda nu kapangaruhan ku basa Kosta nya eta ...
V
VK
VKK
KVK
Pola engang dina basa Sunda ...
KKKV
KVK
VKK
KVKKK
Nu kaasup kana wangun kecap rekaan (jembar), iwal ti (kecuali) ...
kecap rundayan
kecap kantetan
kecap asal
kecap rajekan
Conto kecap nu kaasup kana kecap asal tilu engang ...
panto
ayeuna
konci
bantal
Conto kecap nu kaasup kana tilu engang, iwal ti (kecuali) ...
baheula
ayeuna
awewe
korsi
Conto kecap nu aya rarangken hareup di-, iwal ti (kecuali) ...
dibaju
didahar
dibaca
di walungan
Nu kaasup kana rarangken barung
ka -- an
ka- + -keun
pa- + N-
di- + -ar-
Conto kecap nu kaasup kana dwimadya nya eta ...
tatajong
bubuka
sababaraha
tujang-tajong
Frasa nya eta ...
Konstruksi gramatik anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu predikatif sarta nyicingan hiji fungsi dina klausa atawa dina runtuyan kecap
Konstruksi gramatik anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu henteu predikatif sarta nyicingan hiji fungsi dina klausa atawa dina runtuyan kecap.
Konstruksi gramatik anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu henteu predikatif sarta nyicingan dua fungsi dina klausa atawa dina runtuyan kecap.
Konstruksi gramatik anu diwangun ku dua engang atawa leuwih anu henteu predikatif sarta nyicingan hiji fungsi dina klausa atawa dina runtuyan kecap.
Kalimah nu dijerona aya frasa koordinatif nya eta ...
Mahasiswa jeung dosen boga hak nu sarua dina nepikeun pamadeganana.
Bandung, Kota Kembang nu pinuh ku panineungan.
Maca koran geus jadi kabiasaan urang kota.
Budak pinter jadi harepan keur balarea.
Nu kaasup kana wanda frasa endosentrik, iwal ti (kecuali) ...
frasa koordinatif
frasa atributif
frasa direktif
frasa apositif
Anu mangrupa ciri-ciri tina klausa, iwal ti (kecuali) ...
Bisa ditambahan ku unsur objék, panglengkep atawa katerangan
Mangrupa wangunan gramatik henteu prédikatif, nya éta wangunan basa anu henteu ngandung tatali jejer jeung caritaan
Mangrupa wangunan gramatik prédikatif, nya éta wangunan basa anu ngandung tatali jejer jeung caritaan
Mangrupa wangunan gramatik anu ngeusian leunjeuran kalimah (klausa salawasna aya dina kalimah)
Nu henteu kaasup kana bagian galeuh tina bagian kalimah nya eta ...
jejer/ subjek
caritaan/ predikat
udagan/ objek
katerangan
Dumasar kana pamanggih para ahli yén undak-usuk basa téh lain kabudayaan asli Sunda, tapi mangrupa pangaruh tina budaya ...
lampung
jawa
batak
bali
Lahirna undak-usuk basa Sunda téh kira-kira dina abad ...
15
16
17
18
Pikeun ngabuktikeun yén Undak-usuk basa Sunda meunang pangaruh tina basa séjén, diayakeun panalungtikan dina taun ... ku Coolsma
1913
1912
1914
1915
Nu henteu asup kana bagian dina Undak-usuk basa Sunda nya eta ...
basa loma
basa lemes keur sorangan
basa keur ka sato
basa lemes keur ka batur (saluhureun)
Nu kaasup kana kecap dina basa lemes keur ka sorangan nya eta ...
datang
mios
tuang
kulem
Nu henteu kaasup kecap dina basa loma nya eta ...
datang
indit
balik
emam
Kalimah di handap ieu kaasup dina basa lemes keur ka batur (saluhureun) nya eta...
Abdi mios ka sakola.
Ibu nuju masak di pawon.
Dil, hayu urang ulin di buruan!
Punten, abdi wangsul ti payun.
Nu henteu kaasup kana kaulinan barudak tradisional nya eta ...
kaléci
égrang
péclé
sega
kaulinan barudak nu teu kudu maké alat nya éta ...
ucing sumput
égrang
péclé
kaléci
Nu henteu kaasup kana kakawihan dina kaulinan barudak nya éta ...
cingciripit
oray-orayan
endog-endogan
néléngnéngkung
Di handap ieu mangrupa fungsi tina kakawihan, iwal ti (kecuali) ...
kakawihan keur mépéndé
kakawihan keur kaulinan
kakawihan keur digawé
kakawihan keur diajar
Kakawihan nyaéta …
salah sahiji karya tulis
salah sahiji rupa lalaguan sunda
salah sahiji karangan carita
salah sahiji dongeng sunda
Kaulinan di handap ieu biasana dilakukeun ku budak lalaki, iwal ti (kecuali) ...
kaleci
langlayangan
papanggalan
bekles
Nu henteu kaasup kana kaulinan barudak awewe nya eta
bekles
anjang-anjangan
simar
langlayangan
kakawihan nu kaasup kana protes sosial nya eta ...
cingciripit
ayang-ayang gung
endog-endogan
bulantok
