NEW
Font size
WorksheetsBasa Sunda Kelas 9
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Biantara téh nyaéta...
Nyarita sorangan.
Nyarita di hareupeun balaréa.
Dialog
Nyarita di hareupeun kaca.
Dina Basa Indonésia, biantara ogé sok disebut....
Pidato
Dialog
Monolog
Dongéng
Biantara téh diwangun ku ....
Bubuka, eusi, kacindekan.
Bubuka, jeung eusi.
Judul, bubuka, eusi.
Bubuka, eusi, panutup.
"Rupina mung sakitu biantara ti sim kuring. Hapunten anu diteda, bilih aya kekecapan anu kirang merenah, bilih aya cariosan anu kirang pantes. Hatur nuhun."
Kalimah di luhur téh mangrupa.... tina biantara.
Bubuka
Eusi
Panutup
Kacindekan
Ieu di handap mangrupa téhnik maca biantara, iwal ....
Téhnik maca
Téhnik nyatetkeun inti biantara
Téhnik nalar
Téhnik dikte
Harti tina mamanis basa "balungbang timur, jalan gedé sasapuan, caang bulan opat belas" nyaéta....
Cangcaya.
Rido, ikhlas ngahampura.
Kuciwa.
Ambek.
Sangkan biantara keuna sasaran, hadéna mah biantara téh dijieun heula....
Amanahna
Bubukana
Konsepna
Kacindekan/kasimpulanana
Kampung Naga téh perenahna di....
Kacamatan Salawu
Kacamatan Cilawu
Kacamatan Néglasari
Kacamatan Singaparna.
Anu dimaksud mamanis basa dina biantara téh nyaéta...
Kalimah atawa ungkara anu dipaké dina paguneman.
Kalimah atawa ungkara anu dipaké dina drama.
Kalimah atawa ungkara anu dipaké dina biantara.
Kalimah atawa ungkara anu dipaké ku panyatur.
Wangunan anu dipaké di Kampung Adat Naga nyaéta...
Jogo Anjing
Julang Ngapak
Badak Heuay
Parahu Kumureb
Kasenian anu meunang ditanggap di Kampung Naga, iwal...
Terbang
Wayang Golék
Beluk
Rengkong
Ari Kampung Pulo perenahna aya di kabupatén...
Kabupatén Garut
Kabupatén Sukabumi
Kabupatén Cianjur
Kabupatén Tasikmalaya
Tulisan atawa karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngébréhkeun kagiatan indra (panempo, panguping, pangrasa, panyabak, pangambeu) minangka hasil pangalamanana, disebut...
Téks Laporan
Téks Eksposisi
Téks Déskriptif
Téks Prosedur
Struktur téks déskriptif anu bener nyaéta....
Judul, kasimpulan, déskripsi, kalimah topik.
Judul, déskripsi, kasimpulan, kalimah topik.
Judul, déskripsi, kalimah topik, kasimpulan.
Judul, kalimah topik, déskripsi, kasimpulan.
Ieu suhunan disebut...
Jogo Anjing
Capit Gunting
Jolopong
Parahu Kumureb
Gambar ieu di handap, mana anu nuduhkeun suhunan Badak Heuay
Tempat cicingna putri raja disebut....
Kaputrén
Karaton
Istana
Karajaan
Tempat ngampihan japati, kandang japati, disebut....
Paranjé
Kurung manuk
Karamba
Pagupon
Ieu gambar téh ngaranna leuit, leuit téh tempat....
Tempat meuleum gagarabah
Tempat neundeun paré
Tempat neundeun bungbuahan
Tempat reureuh di kebon.
Gedogan nyaéta kandang....
Kandang Hayam
Kandang Sapi
Kandang Kuda
Kandang Munding
