Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda ( Kaulinan Barudak)

Total questions: 20

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

Tengetan ieu rupaning kaulinan di handap

1. Béklen 6. Sondah

2. Gatrik 7. Ngadu kaléci

3. Langlayangan 8. Cingciripit

4. Oray-orayan 9. Pérépét jéngkol

5. Hahayaman 10. Ucing-ucingan


1. Kaulinan barudak awéwé aya dina nomer?

a)

1, 2

b)

1, 3

c)

1, 5

d)

1, 6

2.

Tengetan ieu rupaning kaulinan di handap,

1. Béklen 6. Sondah

2. Gatrik 7. Ngadu kaléci

3. Langlayangan 8. Cingciripit

4. Oray-orayan 9. Pérépét jéngkol

5. Hahayaman 10. Ucing-ucingan


1. Kaulinan barudak lalaki aya dina nomer?

a)

1, 2, 3

b)

2,3,7

c)

5, 6, 7

d)

8, 9, 19

3.

“Cingciripit tulang bajing nu kajepit

Kajepit ku bulu paré

Bulu paré seuseukeutna

Jol Pa Dalang jrék-jrék nong!”


Kakawihan di luhur dihaleuangkeun nalika ...

a)

salila prak-prakan kaulinan

b)

ngamimitian kaulinan

c)

nangtukeun nu jadi ucing

d)

waktu reureuh tina kaulinan

4.

Salah sahiji ajén atikan dina kaulinan barudak lembur téh nya éta sangkan barudak ngabiasakeun olah raga. Kaulinan ieu di handap anu teu ngagambarkeun kagiatan olah raga nya éta ....

a)

damdaman

b)

bébénténgan

c)

galah

d)

ucing toél

5.

Kakawihan Cingciripit umumna digunakeun dina kaulinan ....

a)

ucing-ucingan

b)

susumputan

c)

galah

d)

sondah

6.

Salah sahiji ajén atikan dina kaulinan barudak lembur téh nya éta sangkan barudak ngabiasakeun olah raga. Kaulinan ieu di handap anu teu ngagambarkeun kagiatan olah raga nya éta ....

a)

Damdaman

b)

Bébénténgan

c)

Galah

d)

Ucing toél

7.

Kaulinan barudak umumna teu kaséngkér ku waktu jeung tempat. Kaulinan barudak anu biasana dilaksanakeun di jero rohangan nyaéta

a)

congklak

b)

bébénténgan

c)

galah

d)

ucing toél

8.

Sawatara kaulinan barudak sok dibarengan ku kakawihan. Salah sahiji kaulinan barudak anu dibarengan ku kakawihan nya éta .....

a)

Galah

b)

Oray-orayan

c)

Ucing sumput

d)

Gatrik

9.

Kaulinan barudak anu bisa dilaksanakeun di jero jeung di luar rohangan nya éta ….

a)

bébénténgan

b)

ucing sumput

c)

galah

d)

gatrik

10.

Kaulinan ieu di handap anu dibarengan ku kakawihan nya éta ….

a)

oray-orayan, ucang-ucang anggé

b)

oray-orayan, sondah

c)

damdaman, ucang-ucang anggé

d)

eundeuk-eundeukan, gatrik

11.

Rupaning kaulinan barudak anu ngagunakeun media / alat nya éta ….

a)

dam-daman, éncrak, ucing sumput

b)

gatrik, éncrak, dam-daman

c)

gatrik, sondah, hahayaman

d)

galah, pocés, ucang anggé

12.

Ucang-ucang anggé

………………………

Tuluyan éta kakawihan nya éta …..

a)

néangan muncang ka Paranggé

b)

ngala muncang ka Paranggé

c)

mawa muncang ka Paranggé

d)

mulung muncang ka Paranggé

13.

1. Ayang-ayanggung

gung goongna ramé

...............................

nu jadi wadana

naha manéh kitu

tukang olo-olo

...........................

Padalisan katilu tina kakawihan di luhur, bisa dilengkepan ku ungkara .....

a)

ménak Ki Wadana

b)

ménak Ki Mas Tanu

c)

ménak Kang Mas Tanu

d)

ménak Kangjeng Dalem

14.

Kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas mangrupa wangenan tina kaulinan...

a)

Sapintrong

b)

Galahsin

c)

Pérépét jéngkol

d)

Ucing sumput

15.

Kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak, mangrupa wangenan tina kaulinan...

a)

Sondah

b)

Sapintrong

c)

Ambil-ambilan

d)

Endeuk-endeukan

16.

Dina kaulinan sondah umumna ngagunakeun alat atawa média ....

a)

batu leutik anu dibuleud-buleud

b)

bal leutik

c)

rokrak

d)

kaléci

17.

1. Béklen 6. Sondah

2. Gatrik 7. Ngadu kaléci

3. Langlayangan 8. Cingciripit

4. Oray-orayan 9. Pérépét jéngkol

5. Hahayaman 10. Ucing-ucingan


Kaulinan nu bisa diiluan ku budak lalaki jeung budak awéwé aya dina nomer?

a)

1, 3, 5

b)

4, 8, 10

c)

2, 5, 8

d)

6,9, 10

18.

Kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa, mangrupa harti atawa wangenan tina kaulinan...

a)

Anjang-anjangan

b)

Hahayaman

c)

Bébénténgan

d)

Pérépét jéngkol

19.

Kaulinan sondah umumna dipigawé waktu pasosoré. Hal ieu luyu jeung fungsi atawa mangpaatna. Salah sahiji mangpaat kaulinan sondah nya éta ....

a)

pikeun nambahan pagawéan

b)

mangrupa kagiatan barudak

c)

mangrupa alat atawa média hiburan

d)

pikeun ngabébénjokeun budak

20.

Kaulinan anu merlukeun tempat rada lega, saperti buruan nya éta ....

a)

damdaman

b)

paciwit-ciwit lutung

c)

galah

d)

congklak