wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Novel Bahasa Sunda Kelas 9

Total questions: 10

Worksheet time: 14mins

Name
Class
Date
1.

Novél Baruang ka nu Ngarora mangrupa novél munggaran di tanah Sunda, ogé cikal bakal novél di Indonésia. Novél ieu ngamimitian dicitak dina taun ....

a)

1912

b)

1914

c)

1915

d)

1916

2.

Pangarang Novẻl munggaran dina Sastra Sunda téh leuwih tiheula batan novél dina bahasa Indonésia, novel munggaran dina basa Sunda dikarang ku?

a)

DK. Ardiwinata

b)

Ahmad Bakri

c)

Samsoedi

d)

Taufik Fatturohman

3.

Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.

“ẻta tẻh buku ẻnggal?” Tanya manẻhna.

“Muhun!”

“Iraha mẻsẻrna? teu wartos-wartos!”

“Pamasihan.”

latar tina sempalan novẻl Prasasti nu Ngancik dina Ati di luhur nya ẻta….

a)

perpustakaan

b)

toko buku

c)

rohang tamu

d)

hareupeun imah

4.

Unsur intrinsik novẻl ngawengku….

a)

tẻma, rasa, nada, amanat

b)

tẻma, palaku, latar, rasa

c)

tẻma, palaku, latar, galur, amanat

d)

tẻma, palaku, latar, nada

5.

Salah sahiji nu ngabédakeun carpon jeung novél nya éta…

a)

Carpon mah panjang, novél mah pondok

b)

Palaku dina carpon mah digambarkeunna kompléks, dina novél mah basajan

c)

Carpon mah puisi, novél mah prosa

d)

Carpon mah galurna basajan, novél mah galurna loba jeung kompléks

6.

Unsur dina carita nu mangrupa pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca sok disebut….

a)

Amanat

b)

Latar tempat

c)

Palaku

d)

Téma

7.

Ieu di handap mangrupa wangenan novel ...

a)

Carita rékaan anu panjang dina wangun basa lancaran

b)

Carita rékaan anu singget dina wangun ugeran

c)

Carita rékaan anu ngandung unsur pamohalan

d)

Carita heubeul panjang anu ngagunakeun patokan pupuh

8.

11. Baca sempalan novel di handap

Basa dititah motokopi téh, ngadadak uing hayang kahampangan. Kasampak deukeut WC aya lalaki ngajanteng duaan, langsung nyampeurkeun ka uing. Nu hiji maké kacamata, nu hiji deui rada pendék. Duanana maké baju kantoran, maké dasi sagala. “Diran, nya! Hayu ngiring heula sakedap!” cék nu saurang.

(Sempalan tina novel Rasiah Kodeu Binér, karangan Dadan Sutisna)

Sudut pandang caritaan diluhur, pangarang maké kecap “uing”. Anu hartina pangarang sorangan jadi palaku utamana dina eta carita, palaku utama nu maké kecap uing téh biasa disebut sudat pandang jalma .....

a)

kahiji

b)

kadua

c)

katilu

d)

kaopat

9.

Novel barudak nya éta novel anu diajukeun pikeun bacaan barudak, masalah anu dicaritakeunana raket patalina jeung kahirupan barudak. Nu teu kaasup kana novel barudak nya éta ....

a)

Patepung di Bandung, karya Taufik Fatturohman

b)

Béntang Lapang, karya RAF

c)

Si Pasér, Samsoedi

d)

Kabayan jadi lebé, karya Ahmad Bakri

10.

Baca sempalan novel di handap

Uing diturunkeun tina mobil, dibawa ka lebah warnét. Manéhna ngadagoan di lawang, teu milu asup. Uing bingung kudu kumaha. Da tadi gé nyebut di warnét sotéh téh pan

lantaran geumpeur. Sangeus ngahuleng sakedapan, uing nyampeurkeun

ka awéwé nu keur tunggu warnét.

“Téh, badé ngeprint!” “Mangga. Ngeprint naon, mana file-na?”

“Teu nyandak, badé ngetik heula.” “Di komputer itu atuh badé ngeprint mah.”

“Da moal lami, Téh. Punten wé pangetikkeun wé.” “Seueur?” “Henteu….mung dua angka!”

Uing tuluy nitah ngetik angka 1 jeung 0, susunanana sakainget, nepi ka pinuh sakaca. Henteu lila, da disalin-témpél, jadi ngetik salambar téh henteu samenit-menit acan. Sanggeus diprint, uing ménta amplop. Béh teu kaciri keretas anyar, ku uing keretas téh dirames heula nepi ka risek. geus kitu diamplopan. Duit keur motokopi téa dipaké mayar. bakat ku rusuh, nepi ka poho teu ménta pamulanganana. Uing dibawa deui kana mobil.

“Sok buka heula amplopna!” Amplop dibuka ku nu tadi nganteur ka warnét.

“Ieu lain?” “Enya sigana mah, da ceuk Bu Ening gé suratna téh eusina ukur angka 1 jeung 0”

“Kumaha ieu téh macana? Mani matak jangar nénjona.” “Teuing atuh da urang mah lain ahlina.”

“Hayu atuh bisi kaburu peuting!” “Éta budak turunkeun heula! Geus teu butuh ayeuna mah!”

(Sempalan tina novel Rasiah Kodeu Binér, karangan Dadan Sutisna)

Tujuan penjahat dina éta carita téh nyaéta ….

a)

Nyulik Emod sangkan meunang duit tebusan

b)

Neangan amplop nu eusina kodeu

c)

Rék nulungan jang Wandi

d)

Dititah ku bapana Diran