Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS 1 BAHASA SUNDA KELAS 9

Total questions: 40

Worksheet time: 1hrs 26mins

Name
Class
Date
1.
Biantara nyaéta...
a)
Nyarita di tukangeun balaréa dina raraga nepikeun inpormasi anu teu penting dipikanyaho ku batur
b)
Nyarita di harepeun balaréa dina raraga nepikeun inpormasi anu kaitung penting dipikanyaho ku batur
c)
Nyarita di harepeun layar dina raraga nepikeun inpormasi anu teu penting dipikanyaho ku batur
d)
Nyarita di tukangeun layar dina raraga nepikeun inpormasi anu kaitung penting dipikanyaho ku batur
2.
Jalma anu sok biantara disebut...
a)
Orator
b)
Orasi
c)
Promotor
d)
Proktor
3.
 Cara nepikeun biantara ku cara nuliskeun gurat badagna hungkul disebutna...
a)
Téhnik ngapalkeun
b)
Téhnik naskah
c)
Téhnik ekstemporer
d)
Téhnik impromtu
4.

Assalamualaikum Warrahmatulohi Wabarakatuh

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, Tuhan Nu Esa anu mana masihan hidayah sareng inayah-Na ka urang sadaya. Janten urang sadaya tiasa kempel di acara ieu, dina kaayaan sehat wal afiat alhamdulilah.

Para wargi sakalian anu dipikahormat kusimkuring,

Dina waktos ieu abdi bade nerangkeun tentang tema kebersihan, nyaeta kumaha pentingna ngajaga diri dina hidup sehat jeung manfaat ngajaga kasehatan. Nu mana urang sadaya teh kedah atau wajib ngajaga lingkungan sekitar urang, sareng awak nyalira yen urang sadaya tiasa ngajaga kasehatan tina sagala rupi panyakit nu aya.

Ku margi kitu urang sadaya ge kedah ningkatkeun carana pola hidup nu sehat kanggo kapayuna hirup urang sakalian di kawitan ti ayeuna. Siga anu pernah diterangkeun dina salah sahiji hadist, ‘ Inna dhofatu minal iman.’ Anu hartosna teh, kabersihan sabagen tina iman.’ Nu matak kudu dijaga ku urang-urang.

Sebagai urang muslim anu taat, anu gaduh kaimanan di jero hate urang tangtu urang teh kudu bersih sareng suci tina sagala kotor atau najis anu nyebabkeun urang jadi teu suci. Allah SWT mah resep kanu hamba anu merhatikeun jeung ngajaga kabersihan. Bersih eta teh kaasup kana raga urang, diri urang, sareng lingkungan di sakitar urang.

Tapi kabersihan eta teh rupina macem-macem, aya nu disebut bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Urang kedah jadi jalma anu kaasup bersih sadayana, sabab ngan bersih raga tapi hatena teu bersih mah nya percuma. Matak ti mulai ayeuna, hayu urang ngabersihan sagala rupina, sareng ningkatkeun pola hidup sehat kanggo urang sadayana.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, hatur nuhun.

Wassalamualaikum salam Wr. Wb.

Téma atawa jejer diluhur nyaéta...

a)

Kaagamaan

b)

Pendidikan

c)

Kabersihan lingkungan

d)

Sosial

5.

Judul nu cocok keur biantara diluhur nyaéta...

a)

Bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani.

b)

Ningkatkeun pola hidup sehat kanggo urang sadayana

c)

Pentingna ngajaga diri dina hidup sehat jeung manfaat ngajaga kasehatan

d)

Kabersihan sabagean tina iman

6.
Dina nepikeun biantara kudu merhatikeun tatakrama basa, basa nu cocok digunakeun dina biantara nyaéta...
a)
Basa wajar
b)
Basa cohag
c)
Basa lemes
d)
Basa loma
7.
Dihandap ieu mana anu disebut basa cohag...
a)
Abdi bade wangsul heula, wios enjing dongkap deui
b)
Mondok mah tiasa di rerencangan atanapi di pun lanceuk
c)
Saurna bapak bade ngaweungi didieu
d)
Kuring rek balik heula, keun isukan rek datang deui
8.
Éksprési ragam basa lemes (hormat) bisa katingali wujudna dina wangun, iwal...
a)
Lisan
b)
Pasemon
c)
Rengkuh jeung peta
d)
Lenting
9.
Dadaran nyaéta...
a)
Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngébréhkeun hiji kagiatan
b)
Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngébréhkeun hiji kagiatan anu saenyana
c)
Ngadadarkeun atawa ngébréhkeun hiji kagiatan bari ngagambarkeun hiji obyék
d)
Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngébréhkeun hiji kagiatan indra (panempo, panguping, pangrasa, panyabak jeung pangambeu) minangka hasil pangalamana. Bari ngagambarkeun obyék saayana tur sajéntré-jéntréna bari ditataan hiji-hiji kalawan wincik
10.

Naon ngaran arsiték imah anu dina gambar...

a)

Badak heuay

b)

suhunan jolopong

c)

Capit gunting

d)

Julang ngapak

11.

Naon ngaran arsiték imah anu dina gambar...

a)

Badak heuay

b)

Suhunan jolopong

c)

Capit gunting

d)

Julang ngapak

12.
Anu disebut kalimah wawaran (inpormasi) nyaéta...
a)
Kampung adat ngukuhan tali paranti karuhunna
b)
Kumaha ari miara ayam nagri téh?
c)
Bener kitu, maksud kuring ogé
d)
Jug indit ayeuna!
13.
Upama ditilik tina eusi jeung adeganana, biantara téh kudu ngabogaan . . .
a)
Kudu parigel muka biantara
b)
Sistimatika nyarita kudu hade
c)
Pasemon anu luyu jeung eusi biantara
d)
Kudu parigel nutup biantara
14.
Mana nu teu kaasup kana tujuan biantara . . .
a)
Méré béja 
b)
Paréntah   
c)
Pendidikan
d)
Ngedalkeun eusi haté
15.
Rupina cekap sakitu cariosan ti sim kuring, nyuhunkeun dihapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. Hatur nuhun. Éta kekecapan téh mangrupa bagean tina . . . biantara.
a)
Bubuka
b)
Panutup
c)
Eusi
d)
Kacindekan
16.
Mana nu kaasup kana eusi biantara paturay tineung . . .
a)
Saéstuna paniatan sareng patekadan anu sami, anu kedah janten dadasar kanggo hirup sauyunan.
b)
Jalaran kitu, simkuring umajak ka sadayana, sumangga ieu kagiatan téh urang mangpaatkeun kanggo ngarojong cita-cita sareng udagan urang sadaya.
c)
Anu janten udagan wiréhna pamaréntah ngawajibkeun ka sadaya warga nagara supados palinter. Bangsa bakal raharja mun seug masarakatna palinter.
d)
Unjuk hatur nuhun, wireh simkuring sadaya kebek ku kurumaosan, tina kawit boloho taya kanyaho, ayeuna parantos teu bodo balilu teuing.     
17.
Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun upama urang biantara. Diantarana baé . . .
a)
Sora, lentong, wirahma, nada, paroman, jeung pasang peta.                           
b)
Sora, lentong, wirahma, nada, nalar, jeung ulah baeud.
c)
Sora, lentong, wirahma, nada, maca naskah, jeung omonganana merenah.
d)
Sora, lentong, wirahma, nada, teteg sikepna, jeung gerak awakna merenah.   
18.
Kampung anu masih kénéh pengkuh nyekel tradisi karuhunna. Bisa katémbong tina kahirupan sapopoéna masarakatna, jeung sawatara upacara adat kasundaan anu rutin dilaksanakeun. Éta ungkara téh mangrupa wangena tina . . .  
a)
Kampung hias tujuh belasan
b)
Kampung adat Jawa 
c)
Kampung pariwisata
d)
Kampung adat Sunda
19.
Kampung adat di Jawa Barat nu diadegkeun ku Sembah Dalem Singaparana, nyaéta . . .
a)
Kampung Mahmud, Kab. Bandung 
b)
Kampung Naga, Kab. Tasikmalaya
c)
Kampung Pulo, Kab. Garut
d)
Kampung Cireundeu, Cimahi
20.
Kampung Naga téh perenahna di . . . Kabupatén Tasikmalaya.
a)
Kacamatan Salawu
b)
Kacamatan Singaparna 
c)
Kacamatan Cilawu
d)
Kacamatan Néglasari
21.
Istilah lain tina novel nyaéta....
a)
Roman
b)
Carita panjang
c)
Carita pondok
d)
Carita nyata
22.
Saacan dipatenkeun ngarana novel, pernah ngalaman sababaraha kali ganti ngaran. Anu pertama ngarana novus tuluy diubah deui jadi...
a)
Novellos
b)
Novellus
c)
Noris
d)
Noman
23.
Novel mangrupakeunn salah sahiji kabengharan sastra sunda anu jenisna...
a)
Ugeran
b)
Non fiksi
c)
Omongan
d)
Prosa rékaan (fiksi)
24.
Dihandap ieu ciri umum tina novel, iwal...
a)
Alur caritana ngarancabang
b)
Tokohna loba
c)
Alurna pondok
d)
Latarna laluasa
25.
Novel anu pertama medal nyaéta...
a)
Baruang ka nu ngarora
b)
Azab dan sengsara
c)
Siti rayati
d)
Buron
26.
Pertama medal novel di tahun...
a)
1910
b)
1911
c)
1912
d)
1914
27.
Dihandap ieu mangrupakeun unsur ekstrinsik novel, iwal...
a)
Nilai-nilai panulis
b)
Latar tukangeun panulisan
c)
Latar tukangeun panulis
d)
Nilai-nilai kahirupan
28.
Bagean tina unsur intrinsik novel anu miboga harti “jalan carita atawa runtuyan kajadian dina carita” disebut...
a)
Amanat
b)
Galur
c)
Basa
d)
Latar
29.
Wacana anu eusina nyaritakeun carita anu teu nyata disebut...
a)
Wacana faktual
b)
Wacana fiksional
c)
Wacana deskripsi
d)
Wacana narasi
30.
Paragraf anu kalimah jeung pikiran utamana aya di awal paragraf disebut...
a)
Paragraf déduktif
b)
Paragraf campuran
c)
Paragraf induktif
d)
Paragraf konduktif
31.
Pakeman basa asalna ti basa walanda “vakum” anu hartina ...
a)
Matok
b)
Pancég
c)
Robah
d)
Cicing
32.
Dihandap ieu ciri pakeman basa, iwal...
a)
Susunan kecap-kecapna bisa dirobah
b)
Harti nu di kandungna mangrupa harti injeuman
c)
Ungkara basa anu husus tur mandiri (has)
d)
Kecap-kecapna teu bisa diganti atawa dilemeskeun
33.
Rupa-rupa pakeman basa, iwal ti...
a)
Rikat lancip
b)
Paribasa
c)
Uga
d)
Caturangga
34.
Salah sahiji jenis pakeman basa anu artina “runtuyan omongan anu eusina panyarék sangkan ulah milampah hiji pagawéan” disebut...
a)
Panyaraman
b)
Candrasangkala
c)
Babasan
d)
Paribasa
35.
Kalimah anu eusina ngawawadian jalma pikeun migawé pagawéan disebut...
a)
Kalimah pangwawadi
b)
Kalimah panggeuri
c)
Kalimah pangjurung
d)
Kalimah pangharepan
36.
Dina nyusun pedaran kudu merhatikeun sababaraha unsur anu disingget PUSAT B, arti A dina unsur pedaran nyaéta...
a)
Ayana, kaayaan
b)
Aktual
c)
Ayeuna
d)
Angkara
37.
“Cing pangmeulikeun baso ka mang uju”, kalimah digigir teh mangrupa conto ti...
a)
Kalimah panitah
b)
Kalimah pangajak
c)
Kalimah pangharepan
d)
Kalimah panyarek
38.
“Kecap atawa gundukan kecap anu ngandung harti injeuman”, mangrupa arti tina...
a)
Babasan
b)
Paribasa
c)
Cacandran
d)
Candrasangkala
39.
“Ungkara kalimah anu ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa”, mangrupa arti tina...
a)
Babasan
b)
Paribasa
c)
Cacandran
d)
Candrasangkala
40.
“Panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun, diucapkeun ka karuhun urang jauh saacan kajadian”, mangrupa arti tina...
a)
Babasan
b)
Paribasa
c)
Cacandran
d)
Candrasangkala