wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS BAHASA SUNDA KELAS 9 SEMESTER 1 22/23

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Rupina cekap sakieu wae pisanggem ti simkuring, hapunten nu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah”. Eta kekecapan teh mangrupi .... tina biantara.

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Kacindekan

d)

Panutup

2.

Dina danget ieu tos samistina sim kuring umajak ka sadayana. Yu, urang sasarengan ronjatkeun deui ajén budaya Sunda anu luhung, ngalangkungan rupaning kagiatan kasundaan! Urang ramékeun deui tatar Parahiyangan ku masarakat nu nyunda. Masarakat nu campur gaulna ngagunakeun basa Sunda. Masarakat nu ngahibur dirina ku seni Sunda. Mugia baé di jaman kasajagatan kiwari, Sunda salawasna nanjun


Eusi sempalan naskah biantara di luhur nya éta ....

a)

ajén budaya Sunda nu sumebar téh kacida luhungna

b)

masarakat Sunda sakuduna geus nyunda sagala rupana

c)

di tatar Parahiyangan masarakatna geus nyunda

d)

ajakan ka masarakat Sunda sangkan ngaronjatkeun ajén budaya Sunda

3.

Dina danget ieu tos samistina sim kuring umajak ka sadayana. Yu, urang sasarengan ronjatkeun deui ajén budaya Sunda anu luhung, ngalangkungan rupaning kagiatan kasundaan! Urang ramékeun deui tatar Parahiyangan ku masarakat nu nyunda. Masarakat nu campur gaulna ngagunakeun basa Sunda. Masarakat nu ngahibur dirina ku seni Sunda. Mugia baé di jaman kasajagatan kiwari, Sunda salawasna nanjung.


Harepan nu bisa kagambar tina naskah biantara di luhur nya éta ....

a)

Sunda salawasna nanjung di alam kasagatan

b)

masarakat Sunda babarenagn ngaronjatkeun ajén budaya Sunda

c)

masarakat ngaramékeun Ki Sunda ku rupa-rupa kagiatan kasundaan

d)

ngaramékeun tatar Parahiyangan ku masarakat nu nyunda

4.

Katilu, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’ana ti sadayana. Mugia baé mungkurna ti ieu sakola, tiasa neraskeun léngkah ka sakola nu langkung luhur. Kalihna ti éta, pamugi baé sadaya cita-cita miwah harepan nu dipikaangen ku simkuring saparakanca tiasa kahontal kalawan nyugemakeun.

Kaopat, husus ka adi-adi, teruskeun sagala hanca perjuangan lenceuk-lanceuk hidep. Sakur ucapan jeung réngkak paripolah nu hadéna kudu dijadikeun tuladeun sedengkeun nu kurang hadéna dijadikeun pieunteungeun.

Amanat nu hayang ditepikeun ku anu biantara ka adi-adi kelasna dina sempalan naskah biantara di luhur nya éta .....

a)

miharep cita-cita nu dipikaangen ku adi kelasna bisa kahontal

b)

ngadu’akeun adi kelasna sangkan sakola anu leuwih luhur

c)

sangkan paripolah hadé dijadikeun picontoeun ku adi kelasna

d)

sangkan paripolah anu kurang hadé dijadikeun tuladeun ku adi kelasna

5.

Katilu, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’ana ti sadayana. Mugia baé mungkurna ti ieu sakola, tiasa neraskeun léngkah ka sakola nu langkung luhur. Kalihna ti éta, pamugi baé sadaya cita-cita miwah harepan nu dipikaangen ku simkuring saparakanca tiasa kahontal kalawan nyugemakeun.

Kaopat, husus ka adi-adi, teruskeun sagala hanca perjuangan lenceuk-lanceuk hidep. Sakur ucapan jeung réngkak paripolah nu hadéna kudu dijadikeun tuladeun sedengkeun nu kurang hadéna dijadikeun pieunteungeun.


Dihandap ieu anu kudu diperhatikeun dina nepikan biantara, nya eta...

a)

Teteg dina nyaritana

b)

Loba seuri waktu nyarita

c)

Roman anu baeud

d)

Bubuka mah teu penting teuing.

6.

Dihandap ieu anu lain mangrupa unsur TAGOG dina biantara ..

a)

Teteg nyaritana

b)

Alus eusina

c)

Gerak awakna merenah

d)

Ngandung kalimah pangajak

7.

Metodeu biantara dina prak-prakna tara make naskah, nu rek diomongkeuna dirarancang heulakalaan taliti, nya eta metodeu...

a)

Impromtu

b)

Ngapalkeun

c)

Naskah

d)

Ekstemporan

8.

Kecap nu dimaksud pambagea randegan dina biantara, aya dina kalimah...

a)

“Puji sareng sukur urang sanggakan ka Allah SWT

b)

“Bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipihormat”

c)

“Dina kasempatan ieu simkuring ngawakilan rerencangan sadaya .....”

d)

“Assalamu’alaikum warrohmatullahi wabarokatu

9.

Tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna kenteng dina puncak suhunan, disebut...

a)

Lalangit

b)

Suhunan

c)

Wuwung

d)

Jandela

10.

Wangunan tempat digawena panday (tukang nyieun parabot tina beusi), nya eta ...

a)

Bale

b)

Karapyak

c)

Gosali

d)

Pagupo

11.

Dina wangunan tradisional aya istilah pagupon, nya eta ...

a)

Kandang hayam

b)

Kandang japati

c)

Kamar leutik

d)

Kandang kuda

12.

Novel Sunda mimiti gelar dina awal abad ...

a)

20

b)

19

c)

18

d)

17

13.

Dina kasusastra Sunda novel nu judulna “Baruang ka nu Ngarora”mimiti medar dina taun ...

a)

1914

b)

1926

c)

1928

d)

1940

14.

Pokok pasualan carita anu hayang ditepikeun ku pangarang kanu maca, kaasupkanu unsur novel ...

a)

TEMA

b)

PALAKU

c)

AMANAT

d)

LATAR

15.

Novel kaasup kana karya sastra moderen, anu lahirna dina sastra Sunda sabada dunya kasusastraan di urang kapangaruhan ku kasusastraan Barat, pangpangna nagara ....

a)

Inggris, Walanda, Perancis

b)

Inggris, Perancis, Jerman

c)

Walanda, Perancis, Jerman

d)

Inggris, Walanda, Jerman

16.

Maranéhna dianteur ku Pa Oding pikeun nepungan Aki, kokolot di éta lembur. Tuluy Maranéhna ngawanohkeun diri anu diwakilan ku Emod. Sanggeus kitu Aki nyaritakeun ngeunaan hajat lembur jeung ngadongéngkeun ngeunaan Leuweung Tutupan anu teu meunang disaba ku jelema.

Galur carita sempalan novel diluhur judulna ......

a)

Misteri Haur Geulis

b)

Nganti-Nganti Dawuh

c)

Rasiah Geulang Rantay

d)

Sri Panggung

17.

Pikeun barudak mah bulan puasa mangsa katukang téh ngadatangkeun kabagjaan nu tan wates wangen. Anu jadi alesanana, sakola peré. Kitu deui ngaji, sarua peré. Anu biasana ti mimiti Asar nepi ka Subuh idek liher di masjid, salila bulan puasa mah euweuh kagiatan, iwal ti solat berjamaah, tarawéh, jeung tadarus.

Pasosoré anu biasana ngabring ka masjid, salila bulan puasa mah diganti ku kagiatan ngabuburit. Loba pisan kamonésan anu dipilampah salila ngabuburit téh, di antarana ucing-ucingan, galah, pocés, ngadu panggal, susumputan, jeung hahayaman. Ieu kagiatan téh eureun lamun layung ti belah kulon mimiti némbongan. Hartina, marebot anu aya di masjid jami dina waktu anu moal lila deui baris méré tangara ku cara nakol kohkol. Éta tangara téh méré iber ka sakumna nu puasa sangkan geuwat baruka.

..............................


Bulan puasa téh pikeun barudak mah ngadatangkeun kabagjaan anu tan wates wangen. Ieu hal téh dibalukarkeun .....

a)

salila bulan puasa bisa tadarusan

b)

salila bulan puasa aya kagiatan tarawéh

c)

salila bulan puasa kagiatan sakola peré

d)

salila bulan puasa bisa ngadulag saban wanci

18.

Pikeun barudak mah bulan puasa mangsa katukang téh ngadatangkeun kabagjaan nu tan wates wangen. Anu jadi alesanana, sakola peré. Kitu deui ngaji, sarua peré. Anu biasana ti mimiti Asar nepi ka Subuh idek liher di masjid, salila bulan puasa mah euweuh kagiatan, iwal ti solat berjamaah, tarawéh, jeung tadarus.

Pasosoré anu biasana ngabring ka masjid, salila bulan puasa mah diganti ku kagiatan ngabuburit. Loba pisan kamonésan anu dipilampah salila ngabuburit téh, di antarana ucing-ucingan, galah, pocés, ngadu panggal, susumputan, jeung hahayaman. Ieu kagiatan téh eureun lamun layung ti belah kulon mimiti némbongan. Hartina, marebot anu aya di masjid jami dina waktu anu moal lila deui baris méré tangara ku cara nakol kohkol. Éta tangara téh méré iber ka sakumna nu puasa sangkan geuwat baruka.


Salila bulan puasa, pasosoré umumna barudak ....

A. C. B. D.

a)

ngabring ka masjid

b)

tadarus di masjid

c)

idek liheur di masjid

d)

ngabuburit

19.
a)

jolopong

b)

parahu kumureb

c)

julang ngapak

d)

capit bunting

20.

Potongan suhunan imah anu teu maké wuwung, kaasup kana suhunan imah ....

a)

jolopong

b)

parahu kumureb

c)

badak heuay

d)

tagog anjing

21.

Potongan suhunan imah anu tungtung suhunanana maké awi atawa kai dicagakkeun. Nya éta potongan imah ...

a)

Julang ngapak

b)

Jolopong

c)

Badak heuay

d)

Capit gunting

22.

Potongan wangunan saung anu ampir sarua jeung potongan badag heuay, nya éta ...

a)

jolopong

b)

parahu kumureb

c)

badak heuay

d)

tagog anjing

23.

Potongan wangunan imah anu bagian tukang jeung hareupna maké sorondoy, nya éta ...

a)

Julang ngapak

b)

Jolopong

c)

Badak heuay

d)

Capit gunting

24.

Metodeu anu make catetan-catetan mangrupa gurat badag atawa rangkay omongan anu rek ditepikeun dina biantara, kaasupkana metodeu ...

a)

Impromtu

b)

Naskah

c)

Ekstemporan

d)

Ngapalkeun

25.

Kecap Geulis + .... → gumeulis, maké rarangkén tengah ...

a)

eu

b)

me

c)

um

d)

is

26.

Adegan wangunan anu biasana ditémpélkeun ka imah utama, diadegkeunana dihareup,salegana buruan atawadi buruan pipir imah, disebut...

a)

Bédéng

b)

Karapyak

c)

Balé

d)

Saung ranggon

27.

“Barudak silih rérét, anu pangmindengna di rérét téh Emod. Pédah capétang nyarita ku basa Sunda meureun. Emod surti kana maksud babaturanana”. Watek palaku dina sempalan novel Misteri Haur Geulis, kagambar yén Emod ...

a)

Pikaseurieun

b)

Pikaéraeun

c)

Wanteran/ beuki ngomong

d)

Pikasediheun

28.

Enjing-enjing pun bapa ........ ka kantor

a)

Miang

b)

Angkat

c)

Indit

d)

Mios

29.

1. Pa Dida :“Punten, dupi rorompok téh di mana?

2. Pa Endin :”Rorompok mah di Cimahpar”

3. Pa Dida :”Gening tebih. Dupi mios sok tabuh sabaraha?

4. Pa Endin : “Numawi sok rada nyubuh angkat teh bilih kasiangan.”

Numutkeun tatakrama basa, ungkara nu bener aya din nomer ...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

30.

Enjing-enjing pun bapa ....... ka kantor.

a)

Miang

b)

Angkat

c)

Indit

d)

Mios

31.

Ngasupkeun ubar kana awak supaya teu terak ku panyakit, disebut ...

a)

Inpus

b)

Opname

c)

Transfuse

d)

Imunisasi

32.

Kasakit lantaran infeksi dina ramo handapeun kuku, disebut ...

a)

Hapur

b)

Cenang

c)

Hileudeun

d)

Rorombeheun

33.

Ungkara ieu di handap nu cara ngagunakeun tanda koma nu bener nya eta ....

a)

Adina, badeur tapi lanceukna bageur

b)

Adina badeur tapi, lanceukna bageur

c)

Adina, badeur, tapi lanceukna bageur

d)

Adina badeur, tapi lanceukna bageur

34.

........., kuring ngaku salah. Kecap nu mérénah pikeun ngalengkepan kalimah tadi nu luyu jeung tatakrama basa Sunda, nyaéta...

a)

Neda sihapunten

b)

Hampura

c)

punten

d)

Maaf

35.

Bu Indah : “Kunaon kamari teu datang?

Sandra : “Punten pisan, abdi téh...

a)

Poho

b)

Lali

c)

Hilap

d)

Teu leungit

36.

Kalimah paréntah anu eusina pangajak, nyaéta...

a)

Pareuman lampu téh, Din, serab!

b)

Ning, urang ngarujak bonténg, yu!

c)

Hadéna mah manéhna gancang ménta dihampura

d)

Saéna angkat ka Bogor téh dinten énjing

37.

Kalimah paréntah nu eusina nyaram, nyaéta...

a)

Ning, urang ngarujak bonténg, yu!

b)

Pareuman lampu téh, Din, serab!

c)

Ulah lulumpatan baé jang, bisi labuh!

d)

Saéna angkat ka Bogor téh dinten énjing

38.

Kalimah paréntah nu eusina nitah, nyaéta...

a)

Ning, urang ngarujak bonténg, yu!

b)

Pareuman lampu téh, Din, serab!

c)

Ulah lulumpatan baé jang, bisi labuh!

d)

Saéna angkat ka Bogor téh dinten énjing

39.

Dina babagian imah émpér hareup, bagian panghareupna imah panggung nu digeblagkeun, sisina tara ditutupan ku bilik, nya éta ...

a)

Tepas

b)

Pangkéng

c)

Patengahan

d)

Golodog

40.

Kai balok anu disambung-sambung sarta malang sapanjang imah, pikeun nahan susuhunan. Dina istilah suhunan imah disebutna ...

a)

Wuwung

b)

Pamikul

c)

Kuda-kuda

d)

Lalangit