wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

evaluasi pembelajaran

Total questions: 20

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

1. Manusa bakal luhur darajatna dina pandangan Alloh lamun….

a)

loba elmu

b)

loba harta

c)

luhur pangkat

d)

gede kawani

2.

Akibat jalma lamun teu boga elmu nyaeta….

a)

hirup moal aya hartina

b)

teu boga wibawa

c)

miskin harta

d)

dihina kupapada jalma

3.

Nu ditepikeun ku khotib dina paragraph kadua tina hutbah di luhur nyaeta….

a)

ngawilujengkeun

b)

wasiat takwa

c)

menta dihampura

d)

maca hadits

4.

Nurutkeun hutbah di luhur, kudu kumaha lamun urang hayang loba elmu….

a)

teu kudu sakola

b)

sering meuli koran

c)

daek hadir ka majlis elmu

d)

sering maca status facebook

5.

Hotib nepikeun wasiat takwa tur nasehat pikeun ngaronjatkeun kaimanan, ayana dina bagean….

a)

bubuka hutbah

b)

eusi hutbah

c)

panutup hutbah

d)

amanat hutbah

6.

Ieu dihandap aya kalimah anu ngandung istilah kaagamaan, nyaeta….

a)

Mang Soleh keur macul di sawah

b)

Jalma takwa bakal asup kana sawarga

c)

Iraha rek digawe ka arab teh?

d)

Mun panggih engke disalamkeun

7.

Ieu di handap kekecapan anu asalna tina bahasa arab, iwal ….

a)

naraka

b)

surga

c)

puasa

d)

solat

8.

Langit angkeub, mega mani hideung, ……rek hujan gede.

a)

percaya

b)

pertela

c)

pertanda

d)

perbawa

9.

Sing…..atuh nyarita teh, ngarah kaharti ku batur!

a)

percaya

b)

pertela

c)

pertanda

d)

perbawa

10.

Imah mang Udira mah nu itu, ….. ka jalan gede

a)

nyahulu

b)

nyahirah

c)

nyanghareup

d)

sanghareup

11.

surat anu ditulisna ku salasaurang jalma tur dikirimna ka jalma lianna disebut surat….

a)

resmi

b)

pribadi

c)

uleman

d)

dines

12.

surat anu dikirimkeun tihiji jawatan atawa instansi ka hiji jalma atawa ka jawatan/instansi deui di sebut surat…..

a)

resmi

b)

pribadi

c)

uleman

d)

dines

13.

Bagean surat anu netelakeun ka saha jeung ka mana

ditujulkeunana surat disebut….

a)

alamat surat

b)

bubuka surat

c)

titimangsa surat

d)

panutup surat

14.

Nuliskeun titimangsa surat anu bener teh….

a)

Bandung, 20 Januari 18

b)

Bandung 11 Januari 18

c)

Bandung, 16 Juli 2018

d)

Bandung: 21 Juni 2018

15.

Sakitu serat anu tiasa kasanggakeun, kana samukawis perhatosanana simkuring ngahaturkeun sewu nuhun.

Di luhur teh sempalan tina surat bagean….

a)

bubuka

b)

eusi

c)

titimangsa

d)

panutup

16.

Urang teh kudu hade kanu jadi indung, sabab induh teh sumber kamulyaan nu jadi anak. Ceuk paribasa oge…..

a)

Mipit kudu amit ngala kudu bebeja

b)

Mihape hayam ka heulang

c)

Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat

d)

Buruk-buruk papan jati

17.

Ujang ulah….ngaheulakeun legeg, roroyalan siga nu geus boga pangala wae!

a)

Agul ku payung butut

b)

Ranggah memeh tandukan

c)

Batok bulu eusi madu

d)

Pacikrak ngalawan merak

18.

Boga duit sautak saeutik teh tabungkeun, sing bisa….atuh ulah jajan bae.

a)

Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

b)

Ngeureut nendeun

c)

Mipit kudu amit ngala kudu bebeja

d)

Neukteuk curuk dina tuur

19.

Sajak teh salah sahiji karya sastra Sunda dina wangun…

a)

Lancaran

b)

Drama

c)

prosa

d)

ugeran

20.

Waktu gelarna sajak dina kasusastraan Sunda teh nyaeta….

a)

Jaman Walanda

b)

Samemeh Merdeka

c)

Jaman Jepang

d)

Sabada Merdeka