WorksheetsDrama Gending Karesmen
Total questions: 30
Worksheet time: 20mins
Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut ....
épilog
dialog
monolog
prolog
Wahyu Wibisana kagolong pangarang naskah drama anu kuat dina basa Sunda mah, sarta geus loba ngahasilkeun naskah drama anu dipanggungkeun salila taun 1960-an nepi ka taun 1990-an, antarana baé anu kawentar téh drama ....
Siliwangi Maharaja Pajajaran
Statsion Para Arwah
Pasaran
Tonggérét Banén
Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh ....
antagonis
protagonis
piguran
aktor
"Urang ka lapang olah raga ayeuna, yu!" ceuk Ajat
Kalimah di luhur nyaeta mangrupa kalimah...
kalimah langsung
kalimah teu langsung
kalimah panyeluk
kalimah salam
Saenyana, drama dina basa Sunda téh geus nyampak mangrupa téater rayat atawa sok disebut drama tradisional, antarana baé dina wangun pagelaran ....
kacapi suling
ketuk tilu
sandiwara
tanjidor
Drama anu caritana campuran antara lulucon jeung kasedihan nu kaalaman ku tokoh-tokohna disebut ....
tragédi
komédi
sandiwara
komédi-tragédi
Pintonan anu ngawengku adegan-adegan jeung obrolan antara pamaenna disebut, iwal...
sandiwara
pagelaran
pintonan
nyanyian
ngomomg sorangan dina drama disebut...
dialog
prolog
monolog
epilog
narasi carita diakhir (panutup) dina drama, disebut....
epilog
prolog
monolog
dialog
jalma-jalma nu dicaritakeun jeung loba nyandak peran dina carita, dina drama disebut...
tema
latar
galur
tokoh
pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku pangarang lewat carita, dina drama disebut...
tema
latar
amanat
tokoh
drama sunda anu dialog-dialogna ditembangkeun disebut...
drama sababak
gending karesmén
drama
sandiwara
sacara umum Gending karesmen ditulis dina wanda...
tembang
pupuh
kawih
lagu
"Udin! silaing dititah nyieun ondangan ku dewek, dimana silaing nyieun ondangan ieu?" sempalan kalimah di gigir dina drama disebut...
monolog
prolog
dialog
epilog
galur caritana ngagambarkeun katunggaraan, kasedih, kaprihatinan palaku, disebut drama...
tragedi
komedi
tragedi komedi
sinetron
Runtuyan carita anu dibentuk ku tahapan-tahapan kajadian nu aya nepi ka ngabentuk hiji carita, dina drama disebut...
tema
latar
galur
tokoh
sagala katerangan atawa petunjuk anu aya kaitanna jeung waktu, ruang, suasana jeung situasi kajadian hiji peristiwa dina hiji carita, dina drama disebut....
tema
latar
galur
tokoh
kalimah anu nuduhkeun ucapan langsung, biasana mangrupa cutatan nu diwatesanan ku lentong atawa tanda baca disebut kalimah...
aktif
pasif
langsung
teu langsung
Judul carita "Sangkuriang" dina gending karesmén angkatan taun 1960-1970, ditulis ku ....
Koko Koswara
R.T.A. Sunarya
Nano S
R. Hidayat Suryalaga
Judul carita "Lutung Kasarung" dina gending karesmen angkatan taun 1960-1970, ditulis ku ....
Koko Koswara
D. Suriasaputra
Nano S
RD. Kartabrata
Judul carita "Si Kabayan" dina gending karesmén angkatan taun 1960-1970, ditulis ku ....
Koko Koswara
Sayudi
Nano S
RD. Kartabrata
Kesenian drama khas drama anu dialog-dialogna dinyanyikeun tur diiringan karawitan, disebut ....
Longsér
Calung
Gending karesmén
Sandiwara
Naon hartina gending téh ....
tarian
alat atau waditra kasenian
sagala jenis rupa lagu
latar
Naon hartina karesmén teh ....
Kaindahan anu dihasilkeun tinu waditra atawa gamelan
Sora nyanyian anu dikaluarkeun ku para palaku
Tarian anu dilakukeun ku para palaku
Amanat anu disampaikeun ku narator
Zaman baheula gending karesmén sering dipentaskeun dina acara ....
kawinan
pésta kebon
sunatan
upacara adat
Zaman kiwari gending karesmén sok dipentaskeun disalah sahiji tempat di Bandung, nyaeta ....
Saung Udjo
Satadion Siliwangi
Taman Pahlawan
Alun-alun Bandung
Naskah drama Gending Karesmen anu judulna "Galunggung Ngadeg", karya saha ....
R.T.A. Sunarya
Koko Koswara
Wahyu Wibisana
R. Ading Afandi
Gending Karesmén populerna dina taun ....
1950 - 1958
1960 -1970
1970 - 1980
1990 - 2020
Drama anu paguneman palakuna digurit dina wangun tembang atawa kawih, disebut ....
Sandiwara
Gending Karesmén
Longsér
Kabaret
Anu kaasup garapan sastra dina drama nyaéta ....
dekorasi
jejer
naskah drama
palaku carita
