wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

KUIS B.SUNDA KELAS X

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Wanda carita fiksi anu ngandung ajen sajarah atawa aya hubunganana jeung sajarah disebut ...

a)

legenda

b)

mitos

c)

carita babad

d)

dongeng

e)

fabel

2.

Upama ditilik tina eusi caritana, carita babad kaasup kana golongan karya sastra dina jenis ...

a)

dongeng

b)

carpon

c)

novel

d)

sajak

e)

wawacan

3.

Carita babad lolobana/umumna ditulis dina wangun ...

a)

sisindiran

b)

sajak

c)

kakawihan

d)

wawacan

e)

narasi

4.

Nu kaasup kana struktur nu maneuh tina carita babad nyaeta ...

a)

judul

b)

eusi

c)

tema

d)

amanat

e)

kacindekan

5.

Bagian tina carita babad dina wangun wawacan anu eusina mangrupa sanduk-sanduk atawa menta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta menta pangampura kana kakurangan nu nulis disebut ...

a)

manggalasastra

b)

kolofon

c)

eusi

d)

panutup

e)

kacindekan

6.

Titimangsa tamat abdi nulis, nuju pasaran pon, kaleresan siang poe Senen, sasih Juli ping sapuluh yakin, salapan ratus muni, sareng lima estu.

Sempalan pupuh dina wawacan di luhur kaasup kana bagian ...

a)

alofon

b)

bubuka

c)

manggalasastra

d)

kacindekan

e)

kolofon

7.

1. Nuliskeun deui carita babad

2. Nyatet gagasan utama

3. Pariksa deui

4. Maca naskah asli

Susunan nu runtuy tina urutan di luhur upama urang rek ngaringkes hiji carita babad nyaeta ...

a)

1 - 2 - 3 - 4

b)

4 - 3 - 2 - 1

c)

4 - 2 - 1 - 3

d)

2 - 4 - 1 - 3

e)

4 - 2 - 3 - 1

8.

Upama ditilik tina eusi caritana nu ngandung unsur sajarah, loba carita babad anu nyaritakeun asal-usul hiji kajadian atawa asal-usul hiji tempat. Dina dongeng, carita anu eusina nyaritakeun asal-usul disebut ...

a)

parabel

b)

fabel

c)

sasakala

d)

mitos

e)

pamuk

9.

Anu kaasup kana conto carita Babad diantarana nyaeta nu disebutkeun di handap ieu, kajaba ...

a)

Babad Galuh

b)

Carios Lampahing Para Wali Kabeh

c)

Carita Perang Cina di Purwakarta

d)

Wawacan Sajarah Galuh

e)

Sasakala Situ Bagendit

10.

Kasmaran panganggit gending, basa Sunda lumayanan, kasar sakalangkang awon, kirang tindak tatakrama, ngarang kirang panalar, ngan bawining tina maksud, medarkeun pusaka rama.

Sempalan pupuh di luhur dina carita babad kaasup kana bagian ...

a)

alofon

b)

kolofon

c)

panutup

d)

eusi

e)

pamungkas