wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda

Total questions: 16

Worksheet time: 32mins

Name
Class
Date
1.

"Kuring mawa buku ka sakola". Lemesna tina kecap "mawa" keur sorangan nyaéta...

a)

Bawa

b)

Bantun

c)

Nyandak

d)

Nyokot

e)

Mawa

2.

Di handap ieu diantara léngkah-léngkah ngawawancara, iwal ti...

a)

Nangtukeun narasumber

b)

Nangtukeun topik/téma wawancara

c)

Nyieeun jangji jeung narasumber

d)

Nangtukeun tujuan wawancara

e)

Ngabéwarakeun.hasil wawancara

3.

Kagiatan tanya jawab antara hiji jalma jeung jalma lian anu tujuanana hayang ngagali informasi saloba-lobana, jeung biasana nu saurang ukur nanya, nu saurang deyi saukur ngajawab disebut...

a)

Ngobrol

b)

Diskusi

c)

Pidato

d)

Wawancara

e)

Ngawangkong

4.

1. Nyusun laporan wawancara.

2. Ngalaksanakeun wawancara luyu jeung jangji saméméhna.

3. Maheutkeun jangji jeung narasumber keur ngawawancara.

4. Nyusun daftar pertanyaan nu rék ditepikeun

5. Nangtukeun narasumber jeungvmaluruh biodatana.

6.

Neuleuman masalah nu rék dipaké bahan wawancara.

Ngarumuskeun topik jeung tujuan wawancara.


Runtuyan anu bener tina léngkah-léngkah wawancara di luhur anu bener nyaéta...

a)

1-2-3-7-6-5-4

b)

1-2-4-3-5-6-7

c)

1-2-3-4-5-6-7

d)

7-6-5-4-3-2-1

e)

7-5-6-1-2-3-4

5.

Ungkara dina basa Sunda anu leuwih merenah pikeun ngaganti unsur serepan "kemasan" nyaéta....

a)

Kamasan

b)

Wadah

c)

Dangdanan

d)

Tagog

e)

Bungkusna

6.

Ungkara dina basa Sunda anu leuwih merenah pikeun ngaganti unsur serepan "ngabeat" nyaéta....

a)

Nénjrag

b)

Rancag

c)

Ampeg

d)

Gancang

e)

Boyot

7.

Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka Gustinu Maha Suci.

Kecap anu kudu diganti upama urang ngabebenah kalimah di luhur ku basa Sunda anu merenah nyaéta...

a)

Puji

b)

Sukur

c)

Panjatkeun

d)

Sinareng

e)

Gusti

8.

Luyu jeung jangji, wawancara dilaksanakeun di kampus YPPT, jalan Nusaindah Tarogong Garut.


Léngkah wawancara di luhur kaasup kana....

a)

Ngarumuskeun topik

b)

Nangtukeun narasumber

c)

Nyusun daftar pertanyaan

d)

Maheutkeun jangji jeung narasumber

e)

Ngalaksanakeun wawancara

9.

Ngumpulkeun rupa-rupa informasi ngeunaan sajarah jeung mékarna pupuh raéhan, dina léngkah-léngkah wawancara, kaasup kana....

a)

Ngarumuskeun topik jeung tujuan wawancara

b)

Nangtukeun narasumber

c)

Nyusun daftar pertanyaan

d)

Maheutkeun jangji jeung

e)

Ngalaksanakeun wawancara

10.

Carita babad umumna ditulis dina naskah mangrupa...

a)

Buku

b)

Manuskrip

c)

Modul

d)

Lks

e)

Kliping

11.

Carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula di salah sahiji daérah, biasana ti mimiti ngabedah (muka) éta wewengkon, disebut....

a)

Dongéng

b)

Sasakala

c)

Carita babad

d)

Sajarah

e)

Silsilah

12.

Anu teu kaasup conto carita Babad, nyaéta...

a)

Babad Panjalu

b)

Sasakala Situ Bagendit

c)

Babad Limbangan

d)

Babad Sumedang

e)

Babad Galuh

13.

Mun urang resep ngomongkeun batur, ... sok jadi bengkah silaturahmi.


Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta...

a)

Kilangbara

b)

Tampolana

c)

Tanwandé

d)

Anapon

e)

Uyuhan

14.

... bisa sakola ogé, da bapana ukur tukang béca

a)

Uyuhan

b)

Hanas

c)

Palangsiang

d)

Kawantu

e)

Kilangbara

15.

Aksara kaganga sok disebut ogé...

a)

Aksara latén

b)

Aksara Jawa

c)

Aksara Sunda

d)

Aksara Jepang

e)

Aksara Cina

16.

Kagiatan tanya jawab antara hiji jalma jeung jalma lian anu tujuanana hayang ngagali informasi saloba-lobana, jeung biasana nu saurang ukur nanya, nu saurang deyi saukur ngajawab disebut...

a)

Ngobrol

b)

Diskusi

c)

Pidato

d)

Wawancara

e)

Ngawangkong