WorksheetsPTS BAHASA SUNDA KELAS 9
Total questions: 40
Worksheet time: 40mins
Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.“ẻta tẻh buku ẻnggal?” Tanya manẻhna.“Muhun!”“Iraha mẻsẻrna? teu wartos-wartos!”“Pamasihan.”latar tina sempalan novẻl Prasasti nu Ngancik dina Ati di luhur nya ẻta….
perpustakaan
rohang tamu
toko buku
hareupeun imah
Unsur intrinsik novẻl ngawengku….
tẻma, rasa, nada, amanat
tẻma, palaku, latar, rasa
tẻma, palaku, latar, nada
tẻma, palaku, latar, galur, amanat
Salah sahiji nu ngabédakeun carpon jeung novél nya éta…
Carpon mah panjang, novél mah pondok
Carpon mah puisi, novél mah prosa
Carpon mah galurna basajan, novél mah galurna loba jeung kompléks
Palaku dina carpon mah digambarkeunna kompléks, dina novél mah basajan
Unsur dina carita nu mangrupa pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca sok disebut….
Amanat
Palaku
Latar tempat
Tema
Ieu di handap mangrupa wangenan novel ...
Carita rékaan anu ngandung unsur pamohalan
Carita rékaan anu singget dina wangun ugeran
Carita heubeul panjang anu ngagunakeun patokan pupuh
Carita rékaan anu panjang dina wangun basa lancaran
Baca sempalan novel di handap
Basa dititah motokopi téh, ngadadak uing hayang kahampangan. Kasampak deukeut WC aya lalaki ngajanteng duaan, langsung nyampeurkeun ka uing. Nu hiji maké kacamata, nu hiji deui rada pendék. Duanana maké baju kantoran, maké dasi sagala.
“Diran, nya! Hayu ngiring heula sakedap!” cék nu saurang.(Sempalan tina novel Rasiah Kodeu Binér, karangan Dadan Sutisna)
Sudut pandang caritaan diluhur, pangarang maké kecap “uing”. Anu hartina pangarang sorangan jadi palaku utamana dina eta carita, palaku utama nu maké kecap uing téh biasa disebut sudat pandang jalma .....
kahiji
kadua
katilu
kaopat
Novel barudak nya éta novel anu diajukeun pikeun bacaan barudak, masalah anu dicaritakeunana raket patalina jeung kahirupan barudak. Nu teu kaasup kana novel barudak nya éta ....
Patepung di Bandung, karya Taufik Fatturohman
Béntang Lapang, karya RAF
Si Pasér, Samsoedi
Kabayan jadi lebé, karya Ahmad Bakri
Baca sempalan novel di handap
Uing diturunkeun tina mobil, dibawa ka lebah warnét. Manéhna ngadagoan di lawang, teu milu asup. Uing bingung kudu kumaha. Da tadi gé nyebut di warnét sotéh téh panlantaran geumpeur. Sangeus ngahuleng sakedapan, uing nyampeurkeunka awéwé nu keur tunggu warnét.
“Téh, badé ngeprint!”
“Mangga. Ngeprint naon, mana file-na?”
“Teu nyandak, badé ngetik heula.”
“Di komputer itu atuh badé ngeprint mah.”
“Da moal lami, Téh. Punten wé pangetikkeun wé.”
“Seueur?”
“Henteu….mung dua angka!”
Uing tuluy nitah ngetik angka 1 jeung 0, susunanana sakainget, nepi ka pinuh sakaca. Henteu lila, da disalin-témpél, jadi ngetik salambar téh henteu samenit-menit acan. Sanggeus diprint, uing ménta amplop. Béh teu kaciri keretas anyar, ku uing keretas téh dirames heula nepi ka risek. geus kitu diamplopan. Duit keur motokopi téa dipaké mayar. bakat ku rusuh, nepi ka poho teu ménta pamulanganana. Uing dibawa deui kana mobil.
“Sok buka heula amplopna!” Amplop dibuka ku nu tadi nganteur ka warnét.
“Ieu lain?” “Enya sigana mah, da ceuk Bu Ening gé suratna téh eusina ukur angka 1 jeung 0”
“Kumaha ieu téh macana? Mani matak jangar nénjona.”
“Teuing atuh da urang mah lain ahlina.”
“Hayu atuh bisi kaburu peuting!” “Éta budak turunkeun heula! Geus teu butuh ayeuna mah!”
(Sempalan tina novel Rasiah Kodeu Binér, karangan Dadan Sutisna)
Tujuan penjahat dina éta carita téh nyaéta ….
Nyulik Emod sangkan meunang duit tebusan
Neangan amplop nu eusina kodeu
Rék nulungan jang Wandi
Dititah ku bapana Diran
Saenyana, drama dina basa Sunda téh geus nyampak mangrupa téater rayat atawa sok disebut drama tradisional, antarana baé dina wangun pagelaran ....
kacapi suling
ketuk tilu
tanjidor
sandiwara
omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut ....
épilog
prolog
monolog
dialog
Wahyu Wibisana kagolong pangarang naskah drama anu kuat dina basa Sunda mah, sarta geus loba ngahasilkeun naskah drama anu dipanggungkeun salila taun 1960-an nepi ka taun 1990-an, antarana baé anu kawentar téh drama ....
Siliwangi Maharaja Pajajaran
Statsion Para Arwah
Tonggérét Banén
Pasaran
Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh ....
protagonis
aktor
antagonis
piguran
Drama anu caritana campuran antara lulucon jeung kasedihan nu kaalaman ku tokoh-tokohna disebut ....
sandiwara
komédi-tragédi
komédi
tragédi
Conto drama tragédi kawentar anu ditulis ku dramawan Inggris anu kasohor, William Shakespeare, nyaéta ....
Roméo jeung Juliét
Rama jeung Sinta
Tunangan
Nganti-nganti Godot
Mana runtuyan struktur manggungkeun drama anu merenah?
manggung, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, nyusun naskah
nyusun naskah, latihan, nangtukeun sutradara jeung aktor/aktris, latihan
nyadiakeun naskah drama, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, manggung
nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, nulis naskah, latihan, manggung
Drama Sunda anu dialog-dialogna diréka maké tembang atawa lagu siga opera di Eropa disebut ....
gending karesmén
sandiwara rayat
tunil
tarling
Drama tradisional anu séting panggungna ngagunakeun pakarangan terbuka, maké oncor nu ditancebkeun maké tihang awi, sarta waktu magelaran pamaénna bisa interaksi langsung jeung nu nongton disebut ....
ubrug
banjet
sandiwara
longsér
Naon anu dimaksud jejer di drama teh....
ide poko carita
nerangkeun tempat
rangkayan carita
amanat
Rangkayan carita dina hiji carita drama disebut ....
jejer
galur
nerangkeun waktu
amanat
Nerangkeun waktu, tempat jeung suasana di sebut ....
galur
latar
tema
amanat
Pesen moral keur nu apresiasi drama atawa anu nonton drama disebut ....
amanat
galur
jejer
latar
Aktris atawa aktor anu maenkeun peran naskah drama dina hiji pamentasan disebut ....
galur
palaku
amanat
jejer
Jalma anu ngatur para palaku dini hiji pagelaran drama disebut ....
latar
palaku
amanat
sutradara
Ajip Rosidi pernah nulis carita drama anu judulna ....
Masyitoh
Tukang Asahan
Sirung Pajajaran
Tonggeret Banen
Carita atawa lakon diwujudkeun dina paguneman, maksudna pikeun dipintonkeun disebut ....
monolog
dialog
drama
epilog
Nerangkeun hiji carita akhir dina drama disebut ....
prolog
epilog
dialog
monolog
Nu ngabedakeun novel jeung carpon nyaeta....
Novel ngabogaan latar tempat
Carpon boga galur
Carpon ngabogaan latar waktu
Palaku dina novel leuwih loba
Novel munggaran dina kasusatraan sunda nyaeta....
Baruang kanu ngora
Babalik Pikir
Sudagar Batik
Rasiah kodeo Biner
Asupna novel kana sastra Sunda téh mangrupa pangaruh Barat ngaliwatan basa...
Walanda
Indonesia
Arab
Inggris
dihandap ieu mangrupakeun kecap gaganti pananya, iwal...
saha
iraha
kitu
kamana
Tema nyaeta......
Amanat nu hayang ditepikeun ku pangarang
Jalma nu ngalalakon dina carita
Jalan carita
Poko pasualan nu hayang ditepikeun ku pangarang
Patempatan jeung waktu anu kasabitsabit dina carita nyaeta....
Latar
Palaku
Galur
Tema
Anu ngabagi- bagi kajadian dina drama nyaeta...
Latar
Babak jeung adegan
Dialog
Prolog
Drama teh gabungan dina sakabeh seni lantaran.....
Dina kostumna make seni
Dina gaurna mangrupa seni
Dina midangkeunna ngagabungkeun sakabeh unsur seni
Dina caritana ngomongkeun seni
Drama kaasup seni....
Peran
Musik
Suara
Tari
jentrekeun, naon nu dimaksud 'kecap barang"?
jieun 2 kalimah tina kecap nu nuduhkeun tutuwuhan!
jentrekeun, naon nu dimaksad kecap rundayan? jieun masing-masing conto kecap rundayan make rarangken hareup ba-, per-, ting/pating-
jieun 2 conto kalimah teu langsung
jentrekeun, naon nu dimaksad konotatif? jieun 2 conto kalimahna
