wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS - B. SUNDA 9

Total questions: 40

Worksheet time: 59mins

Name
Class
Date
1.

Kampung Babakan Nyongclo atawa Kampung Salapan perenahna di wewengkon Desa Gempol …... Kabupaten Karawang

a)

Kacamatan Telagasari

b)

Kacamatan Neglasari

c)

Kacamatan Banyusari

d)

Kacamatan Gempol

2.

Pangna disebut Kampung Salapan lantaran …

a)

Di tempatan ku Salapan Desa

b)

Di tempatan ku Salapan Jiwa

c)

Di tempatan ku Salapan Kulawarga

d)

Di tempatan ku Salapan Imah

3.

Anu dimaksud Kampung Adat (tradisi) lantaran ...

a)

Mindeng ngalaksanakeun upacara adat

b)

Jadi salah sahiji objek wisata adat

c)

Wargana masih ngukuhan adat karuhun

d)

Imahna mangrupa imah panggung

4.

Urang kudu ngamumule budaya sorangan, supaya ...

a)

Budaya urang teu diaku ku budaya batur

b)

Nembongkeun nyaahna ka karuhun

c)

Nyaah ka nagara

d)

Teu aya nu mirosea

5.

Baheula mah di gigireun imah urang Sunda sok aya … nyaeta tempat neundeun pare

a)

Saung

b)

Leuit

c)

Lio

d)

Kobo

6.

Mana nu nuduhkeun model suhunan julang ngapak?

a)

b)

c)

d)

7.

Tangkal pare nu geus garing disebut ...

a)

Jarami

b)

Jukut

c)

Injuk

d)

Kiray

8.

Ma Unah keur nyapukeun kalakay, nyaeta …

a)

Daun anu geus garing

b)

Dahan anu geus garing

c)

Tangkal anu geus garing

d)

Akar anu geus garing

9.

Suhunan imah Pa Ujang mah potongan ... lantaran jiga parahu nangkub.

a)

Julang ngapak

b)

Parahu kumureb

c)

Suhunan jolopong

d)

Suhunan limasan

10.

Anu matak disebut Kampung … lantaran baheulana di dinya tempat nyieun kenteng jeung bata.

a)

Garduh

b)

Benteng

c)

Pagupon

d)

Lio

11.

Dani rek miara Japati nu matak ayeuna manehna rek nyieun heula ... keur kandangna.

a)

Paranje

b)

Pagupon

c)

Karapyak

d)

Karamba

12.

Nyarita di hareupeun balarea pikeun nepikeun perkara sacara lisan disebut ...

a)

Pengumuman

b)

Bewara

c)

Sawala

d)

Biantara

13.

Biantara biasana ngabogaan 3 bagian poko, nyaeta ...

a)

Bubuka, Eusi, jeung Panutup

b)

Eusi, Panutup, jeung Kacindekan

c)

Bubuka, Panutup, jeung Kacindekan

d)

Pedaran, Kacindekan, jeung Panutup

14.

Bagian bubuka dina biantara di luhur dituduhkeun ku nomer

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

15.

Bagian panutup dina biantara di luhur dituduhkeun ku nomer ...

a)

2

b)

3

c)

4

d)

5

16.

Bagian eusi dina biantara di luhur dituduhkeun ku nomer ...

a)

2

b)

3

c)

4

d)

5

17.

Pamungkas, moal seueur anu kapihatur, saninten buah saninten, dibantun ka parapatan, hapunten abdi hapunten, bilih aya kalepatan. Ungkara biantara di luhur anu dicondongkeun ngagunakeun mamanis basa kaasup kana …

a)

Paparikan

b)

Wawangsalan

c)

Paribasa

d)

Babasan

18.

Biantara anu ngagunakeun teks (naskah) disebut ...

a)

Teknik nalar

b)

Teknik nyatetkeun inti biantara

c)

Teknik maca

d)

Teknik ngapalkeun

19.

Novel teh kaasup dina wangun ...

a)

Lancaran

b)

Kauger

c)

Pedaran

d)

Esei

20.

Novel teh mangrupa carita ...

a)

Pangalaman

b)

Nyata

c)

Rekaan

d)

Kajadian

21.

Upama nilik kana caritana mah novel teh taya bedana jeung ...

a)

Carita pantun

b)

Carita pondok

c)

Carita rayat

d)

Carita pangalaman

22.

Novel Guha Karang Legok Pari teh karangan …

a)

Taufik Faturohman

b)

Godi Suwarna

c)

Tatang Sumarsono

d)

Hidayat Soesanto

23.

Asupna novel kana sastra Sunda teh mangrupa pangaruh barat ngaliwatan basa …

a)

Walanda

b)

Inggris

c)

Indonesia

d)

Arab

24.

Wacana di luhur mangrupa sempalan tina novel Patepung di Bandung karangan ...

a)

D.K. Ardiwinata

b)

Taufik Faturohman

c)

Hidayat Soesanto

d)

Tatang Sumarsono

25.

Palaku utama dina eta novel nyaeta ...

a)

Kang Odong

b)

Mang Mahmud

c)

Si Kondi

d)

Asep Dodoy

26.

Pasipatan palaku utama dina eta novel nyaeta ...

a)

Jahat

b)

Hayang nyilakakeun batur

c)

Resep nulungan batur

d)

Sabar

27.

Kondi teh budak lembur, budak Pagerageung asalna ti Kabupaten ...

a)

Tasikmalaya

b)

Bandung

c)

Ciamis

d)

Jakarta

28.

Kondi diajak digawe di Bandung ku Mang Mahmud dititah ...

a)

Jadi kuli bangunan

b)

Nungguan kios beas

c)

Neangan lanceukna

d)

Nungguan toko

29.

Naon nu ngalantarankeun indung bapana Si Kondi pipisahan teh, lantaran

a)

Bapana gering ripuh

b)

Bapana tukang kuli bangunan

c)

Mindeng pasea

d)

Meunang musibah

30.

Naon sababna Kang Odong di bui, lantaran ...

a)

Pasea jeung bapa terena

b)

Parebut dagangan

c)

Ngajual imah kolotna

d)

Ngabongkar toko

31.

Carita rekaan (fiksi) ukuranna panjang, kajadianna sambung- sinambung, latarna leuwih jembar sarta palakuna loba disebut ...

a)

Wawacan

b)

Carpon

c)

Novel

d)

Drama

32.

Tina sempalan novel di luhur, saha palaku utama dina novel Si Paser teh?

a)

Eson

b)

Bapana

c)

Pa Lurah

d)

Juru Tulis

33.

Naon sababna sato leuweung saperti mencek teu meunang diingu?

a)

Sabab bisi nyilakakeun sato sejenna nu aya di lembur

b)

Sabab eta sato hirupna kudu di leuweung

c)

Sabab eta sato kaasup anu ditangtayungan ku pamarentah

d)

Sabab eta sato bisi nyilakakeun masarakatna

34.

Naon sababna Eson teu mikeun Si Paser dileupaskeun ka leuweung ...

a)

Sabab bisi dikakalakeun ku sato sejen

b)

Sabab geus nyaaheun pisan ka Si Paser

c)

Sabab bisi kalaparan di leuweung

d)

Sabab bisi tigebrus deui kana lombang

35.

Kumaha ahirna eta mencek teh ...

a)

Dibikeun ka Eson

b)

Diingu ku juru tulis

c)

Dileupaskeun deui ka leuweung

d)

Dipasrahkeun, minangka hadiah ka kebon binatang

36.

Jelema anu someah tur hade budi parangina sok disebut …

a)

Alus budi

b)

Budi Parangi

c)

Ngabudi ucing

d)

Amis budi

37.

“Kade, ulah nepi nepi ka jati kasilih ku … “

a)

Jengkol

b)

Jeungjing

c)

Junti

d)

Peti

38.

Ceuk kolot mah lamun budak sok pasea jeung dulur teh matak ...

a)

Pajauh imah

b)

Pajauh Sawah

c)

Pajauh Huma

d)

Pajauh jeung dulur

39.

Anu kaasup kana paribasa panyaram lampah salah nyaeta ...

a)

Cul dogdog tinggal igel

b)

Bisa ka bala ka bale

c)

Batok bulu eusi madu

d)

Hulu gundul dihihidan

40.

Ungkara basa anu kekecapanana geus matok, puguh entep seureuhna, sarta miboga harti nu beda jeung harti kecap asalna, disebut ...

a)

Gaya Basa

b)

Pakeman Basa (Idiom)

c)

Pilihan Basa

d)

Rakitan Basa