wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SOAL US B.SUNDA

Total questions: 40

Worksheet time: 2hrs 0mins

Name
Class
Date
1.

Di handap ieu nu teu kaasup kana kecap barang nyaêta ….

a)

Kulkas

b)

Panto

c)

Pasar

d)

Pacul

2.

… sababna kamari hidep teu sakola ?


Kecap pananya diluhur kuduna nyaêta ….

a)

Iraha

b)

naha

c)

naon

d)

kumaha

3.

Basa hormat biasana dipakê pikeun ka ….

a)

sahandapeun

b)

saluhureun

c)

papada jalma

d)

papada urang

4.

Sakanyaho Mida ,anu dagang surabi têh biasana pasusubuh ,nu dagangna ogê awêwê,jeung rata-rata geus kolot deuih .Ari dagangna nagog di sisi jalan .Anu mareulina ngariung,dariuk dina bangku panjang bari siduru hareupeun hawu.Kitu dina bayangan Mida ngeunaan tukang surabi têh .Têu bêda jeung Dami Dami ogê ngabayangkeun kitu.


Kalimah pananya nu merenah pikeun bacaan di luhur nyaêta ….

a)

Iraha umumna anu sok dagang surabi têh ?

b)

Saha anu meuli surabi harita têh ?

c)

Ari dagangna biasana di mana ?

d)

Ku naon beut siduru hareupeun hawu ?

5.

Nu teu kaasup kana kecap pagawéan di handap ieu nyaéta. . . .

a)

neangan

b)

meuli

c)

beresih

d)

mikeun

6.

Warung sangu nu pantes tur gêdê sok disebut ….

a)

warung torja

b)

restoran

c)

kios sangu

d)

warung nasi

7.

Tauco kaasup kadaharan has daêrah ….

a)

Cianjur

b)

Karawang

c)

Soreang

d)

Sukabumi

8.

Ulah sok jajan sambarangan bisi …

a)

melak bibit panyakit

b)

karasa nyeri dina awak

c)

nyeri beuteung

d)

katerap panyakit

9.

Nepangkeun wasta sim kuring Dami Sundarani.


Ari Wasta têhsarua hartina jeung ….

a)

ngaran

b)

ngenalkeun

c)

ngageroan

d)

mulangkeun

10.

Nyarita hareupeun balêrêa sok disebut ….

a)

wanian

b)

biantara

c)

pangumuman

d)

ngumumkeun

11.

Dongêng asal muasal hiji tempat ,barang atawa sasatoan sok disebut …..

a)

mitos

b)

sasakala

c)

legenda

d)

fabel

12.

Jarak imah Rudi ka sakola tēh … matak Rudi mah unggal poē ogē leumpang

Titik-titik di luhur kuduna dieusian ku .....

a)

pangjangkungna

b)

pangbageurna

c)

panggancangna

d)

pangdeukeutna

13.

Bagian surat nu ngagambarkeun yen surat teh geus rengse.disebut …

a)

bubuka

b)

eusi surat

c)

inti

d)

panutup

14.

kasakit kalikiben mah karasana dina ….

a)

beuteung

b)

sirah

c)

suku

d)

dada

15.

Titin, . . . ari maneh bet ceurik?

a)

kunaon

b)

dimana

c)

saha

d)

iraha

16.

Alhamdulillah, dina dinten ieu urang sadayana tiasa patepang lawung, paamprok jonghok. Kiwari cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah paturai tineung.


Paragrap di luhur kaasup bagian . . . pidato

a)

salam

b)

bubuka

c)

eusi

d)

panutup

17.

Sing getol nginum jajamu

Nu gunana nguatkeun urat

Sing getol neangan elmu

Nu gunana dunya akherat


Disawang tina eusina rarakitan di luhur eusina . . . .

a)

silih asih

b)

seserebet

c)

piwuruk

d)

lulucon

18.

Jang Deden mah mani pikaresepeun, keur getol teh bageur deuih.


Antonim tina kecap getol nyaeta . . . .

a)

bodo

b)

kedul

c)

rajin

d)

tanginas

19.

Biantara dina basa Indonesia sarua hartina jeung . . . .

a)

Diskusi

b)

Rapat

c)

Upacara

d)

Pidato

20.

Dihandap ieu anu kaasup biantara resmi nyaéta . . . .

a)

Upacara

b)

Ulang taun

c)

Riungan dulur

d)

Acara hiburan

21.

Métode atawa tehnik biantara langsung tanpa nyiapkeun téks disebut . . . .

a)

Métode nalar

b)

Métode maca naskah

c)

Métode impromtu

d)

Métode catetan inti biantara

22.

Sakitu biantar ti abdi ngawakilan rerencangan sadaya, kirang sareng langkungna neda dihapunteun ku sadaya. Hatur nuhun.


Kalimah di luhur kaasup kana bagean bintara . . . .

a)

Kalimah bubuka

b)

Eusi biantara

c)

Kalimah panutup

d)

Salam panutup

23.

Ayeuna saleresna urang sadaya bakal papisah, ti sakola anu dipicinta ku urang sadaya. Mugia naon anu diajarkeun ku Bapak sareng Ibu Guru, tiasa diamalkeun ku urang sadaya kanggé hal anu positif, sareng aya manfaatna. Mugia amal ibadah Bapak sareng Ibu Guru anu tos ikhlas ngajar urang sadaya dugi kapinter, kénging balesan ti Allah SWT.


Kalimah di luhur kaasup kana bagéan biantara . . . .

a)

Kalimah bubuka

b)

Eusi biantara

c)

Salam panutup

d)

Kalimah panutup

24.

Bagian bubuka biantara nyaéta nepikeun .....

a)

Ucapan hatur nuhun

b)

Ucapan du'a

c)

Muji sukur ka Gusti Allah SWT

d)

Menta hampura

25.

Dongeng anu ngaran tokohna Prabu Sempur nyaritakeun . . . .

a)

Sasakala Prabu Sempur

b)

Sasakala lauk badag

c)

Sasakala lauk emas

d)

Sasakala ujing jeung anjing

26.

Tujuan Prabu sempur ngalalana, nyaeta . . . .

a)

Neangan jimat

b)

Neangan élmu

c)

Neangan lauk emas

d)

Neangan ingon-ingon

27.

Prabu sempur nitah ucing jeung anjing mawa jimat ka . . . .

a)

Pasar

b)

Walungan

c)

Leuweung

d)

Tukang kamasan

28.

Orator nyaéta jalma nu ahli dina biantara.

a)

BENER

b)

SALAH

29.

Hadirin hormateun simkuring, dina danget ieu simkuring bade ngadugikeun sababaraha perkawis.


Kalimah di luhur kaasup bagian bubuka dina biantara.

a)

BENER

b)

SALAH

30.

Basa nu digunakeun dina biantara ilaharna ngagunakeun basa sunda lemes.

a)

BENER

b)

SALAH

31.

Tehnik nalar nyaéta téhnik biantara anu ngagunakeun téks (naskah) nu geus disadiakeun

a)

BENER

b)

SALAH

32.

Dongéng “Sasakala Lauk Emas” nyaritakeun asal muasalna Prabu Sempur.

a)

BENER

b)

SALAH

33.

Di handap ieu lain mangrupa ciri-ciri anu aya dina biantara resmi, nyaeta . . . .

a)

Biantara direspon ku unggeuk

b)

Biantara direspon ku ngajukeun pananya

c)

Biantara direspon ku ngagodeg

d)

Biantara direspon ku keprok

34.

Tugas tantara nyaeta . . . .

a)

Ngabela nagara

b)

Ngarawat pasien

c)

Ngawuruk murid

d)

Ngabangun imah

35.

Paribasa nu hartina ngabandingkeun jelema nu gawèna gètrèng, pasèa wae

Nyaeta . . . .

a)

Kawas gaang katincak

b)

Kawas beubeulah tèrong

c)

Kawas kapuk kaibunan

d)

Kawas ucing jeung anjing

36.

Penyu napas maké . . . .

a)

Kulit

b)

Insang

c)

Trakea

d)

Paru-paru

37.

Penyu anu katelah pangbadagna nyaéta . . . .

a)

Penyu sisik

b)

Penyu héjo

c)

Penyu balingbing

d)

Penyu tempayan

38.

Budak téh meni . . . gampang pisan mun dititah.

Babasan keur ngalengkepan kalimah nyaéta . . . .

a)

Amis budi

b)

Amis daging

c)

Beurat birit

d)

Hampang birit

39.

Neng Tati mah tara dibaturan da budakna épés méér.

Babasan épés méér hartina . . . .

a)

Gampang ceurik

b)

Gampang dititah

c)

Gampang ambek

d)

Gampang saré

40.

Naon nu dimaksud “lemah cai” . . . .

a)

Tanah Sunda

b)

Tanah Kalahiran

c)

Cai anu lemah

d)

Kalemahan cai