NEW
Font size
WorksheetsPAT BAHASA SUNDA KELAS VI
Total questions: 30
Worksheet time: 23mins
Penyu téh nyaéta kuya laut. Nurutkeun para ilmuwan, penyu téh geus aya ti ahir jaman jura (145-208 juta taun kaliwat) rék saumur jeung dinosaurus. Sanajan salilana aya di jero cai, sakali waktu mumbul ngarénghap. Penyu napasna ku paru-paru. Penyu ngalalana kacida jauhna. Tempat nu jauhna 3.000 km bisa disorang salila 58 -73 poé. Penyu jalu salilana hirup di laut. Penyu bikang muru basisir nyelang rék ngendog.Teu tulus ngendog mun kacaangan atawa kagandéngan.
Nurutkeun wacana di luhur nu jadi jejerna dina paragrap eta nyaritakeun
tempatna penyu
umur penyu
kabeuki penyu
rupana penyu
Nurutkeun wacana di luhur yen penyu mah geus aya di ahir jaman jura, sato penyu napasna make ….
asang
kulit
paru – paru
sungut
Penyu bikang sok teu jadi ngendogna lamun ….
katiisan
kagandengan
katingali
A. kapoekan
Di dunya téh ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup, nyaéta penyu héjo, penyu sisik, penyu Kemp’s ridley, penyu lekang, penyu balingbing, penyu pipih, jeung penyu tempayan.Penyu balingbing téh penyu nu panggedéna. Panjang awakna 2,75 m, beuratna 600 -900 kg. Penyu lekang pangleutikna, beuratna ukur 50 kg. Anu pangmindengna kapanggih mah penyu héjo. Kabeukina tutuwuhan jeung sato laleutik.
Sato penyu aya tujuh rupa ari penyu nu panggedena nyaeta jenis penyu ….
hejo
sisik
lekang
balingbing
Di sakuriling basisir penyu nu mindeng kapanggih mah nyaeta ... sabab beuki tutuwuhan jeung sato leutik.
penyu lekang
penyu pipih
penyu hejo
penyu tempayan
Inohong nu kasohor dina widang garapanna teh nyiptakeun angklung jeung titilaras Sunda nyaeta ....
Nano S
Daeng Sutigna
. Udjo Ngalagena
Mang koko
Aam Amalia teh kasohor jadi ... Sunda.
pangarang novel
penari tari
wartawan koran
penyayi kawih
Jatnika ngajarkeun masarakat nyieun karajinan tina awi pikeun ... satempat
leuwih deukeut jeung masarakat
loba pagawena di tempat usahana
ngahasilkeun duit jang masarakat
ngamalkeun elmuna
Asep Sunandar Suryana kasohor jadi maestro kasenian wayang golek sabab ....
ti leuleutik resep kana wayang golek
turunan ti bapana jadi dalang kasohor
geus ngaronjatken ajen seni wayang golek
sok dikritik mun ngadalang ku bapana
Globalisasi tumuwuh alatan ku kamekaran ... nu canggih
industri
tehnologi
pangaweruh
budaya
Globalisasi bisa mangaruhan urang dina sikep jeung … sapopoe
cita – cita
tujuan
paripolah
gaya hirup
Salah sahiji cara ngamumule bahasa Sunda di antarana ....
nyarita di media sosial make bahasa Sunda
bahasa Sunda geus kaelehkein ku bahasa asing.
loba nu ngarasa era mun make bahasa Sunda
Basa Sunda kudu diapalkeun terus
Pangaruh positif tina globalisasi dina widang pariwisata di antarana ....
gaya hirup urang sarua jeung batur
loba nu nurutan kadaharan has Indonesia
loba turis asing daratang ka Indonesia
mode baju nu aralus jeung mahal nu dijual
Bagean imah panggung nu sok dipake sare nyaeta ….
pawon
golodog
tatapakan
pangkeng
Rohangan di imah panggung nu sok dipake neundeun beas atawa sayuran disebutna …
pawon
tepas
pangkeng
goah
Wangunan imah panggung nu aya di luhur handapeun suhunan disebutna ....
kolong
golodog
para
bangbarung
Pupuh nu jumlah padalisanna aya dalapan nyaeta ….
Magatru
Gurisa
Kinanti
Asmarandana
Pupuh magatru jumlah padalisanna aya …. padalisan
tilu
opat
lima
genep
Sora tungtung dina unggal padalisan disebutna ....
guruwilang
gurualok
gurulagu
gurukawih
Pupuh nu jumlah padalisanna aya genep padalisan nyaeta ….
Asmarandana
Mijil
Durma
Sinom
Pupuh Ladrang jumlah padalisanna aya … padalisan
tujuh
genep
lima
opat
Langkung ti payun urang ngucap syukur ka Gusti Nu Maha Suci nu tos masihan kasehatan kaurang sadayana dugi tiasa kempel dina acara ieu. Kahatur Ibu Kepala Sakola sareng Ibu, Bapa Guru nu dipikacinta ,Wilujeng enjing !
Ungkara di luhur kaasup bagean ... tina biantara.
panutup
salam pangbagea
eusi
bubuka
Sakieu nu tiasa kapihatur ku sim kuring, hapunten bilih aya kekecapan nu teu merenah kana manah.
Ungkara ieu kaasup bagean biantara nu disebut ….
panutup
eusi
bubuka
salam
Kadaharan nu aya dina gambar di beulah kenca dijieunna tina ….
tipung ketan
tipung tarigu
tipung beas
tipung aci
Kadaharan nu aya dina gambar di beulah kenca cara ngolahna ….
digodog
dibeuleum
diseupan
disangraydina
Kadaharan nu dijieunna tina kurupuk, siomay jeung batagor leutik, mie oge make bungbu cikur kudu lada deuih ngarah ngeunah nyaeta ….
lotek
kolek
seblak
rujak
Kadaharan nu aya dina gambar nu aya di beulah kenca teh rasana ….
amis jeung lada
pahang jeung lada
asin jeung lada
amis jeung asin
Heni ti leuleutik boga sikep laer gado
Babasan laer gado hartina ....
daekan dititah
sok puak – paok
babari ceurik
sok punta – penta ka batur
Wawan mah teu daek cicing di imah gawena ulin wae.
Babasan pikeun sikep Wawan nyaeta ….
kurung batok
panjang lengkah
murag bulu bitis
hampang birit
Babasan hejo tihang mah ngandung harti ….
resep pipindahan wae
teu boga kaera
loba pangalaman
babari ambek
