WorksheetsPAT BAHASA SUNDA XI TBSM 2021
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 0mins
Biantara téh nyaéta nyarita di hareupeun ….
kulawarga
kepala sekolah
Babaturan
Guru
Balarea
Dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung teu resmi, ieu di handap mana nu kaasup kana biantara teu resmi ….
biantara ngaresmikeun sakola anyar
biantara dina rapat DPR
biantara sukuran boga imah anyar
biantara kapala sakola jeung kolot siswa
biantara dina upacara
Métodeu/téknik dina nepikeun biantara ku cara nuliskeun poin-poin nu dianggap penting nyaéta….
ngapalkeun biantarana
impromtu
Ékstémporan
Persuasif
maca naskah biantara
Sadaya puji kagungan Gusti Nu Maha Suci. Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ngagolontor ka Jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad Saw.
Kalimah di luhur mangrupa bagian tina ….
salam bubuka
mukadimah
ngahaturkeun nuhun
eusi biantara
sanduk-sanduk
Bagian dina struktur biantara anu eusina ménta pangampura bisi aya kasalahan dina nyarita nyaéta ....
salam bubuka
mukadimah
ngahaturkeun nuhun
eusi biantara
sanduk-sanduk
Dina nyusun téks biantara eusina kudu mundel, naon harti tina kecap mundel téh….
loba mangpaat jeung loba pulunganeunana
luyu jeung aturan nyieun téks biantara
kudu loba maké kecap anu éndah dina biantara
merhatikeun kaédah-kaédah biantara
dumasar kana struktur biantara
Dina nyusun téks biantara, urang kudu bisa ngagunakeun jejer anu aktual. Naon ari nu dimaksud aktual téh? ....
eusina kudu bener-bener nyata
teu meunang ngarang ku sorangan
strukturna kudu bener
jejerna kudu luyu jeung situasi sarta kondisi kiwari
basa nu digunakeunna kudu kaharti
Dina nepikeun biantara urang kudu merhatikeun sora anu bedas sangkan kadéngé ku balaréa. Béntés dina nepikeun kecap jeung kalimah dina biantara, ulah loba ngarandeg dina nyarita. Éta pedaran téh kaasup kana ....
lentong (intonasi)
sora (artikulasi)
pasang peta
Wirahma
nada
Basa anu digunakeun dina biantara biasana diluyukeun jeung situasi jeung kondisi sabudeureun. Anu teu kaasup kana situasi jeung kondisi anu kudu diperhatikeun dina biantara téh nyaéta ….
saha anu ngahadiran éta acara
jenis acara anu dilaksanakeun
kalungguhan nu haladir
jumlah hadirin anu aya
kapentingan acara
Rupina cekap sakitu pamapag ti sim kuring, bilih aya langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun, mugi jembar pangampura. Paribasa bobo sapanon carang sapakan ngandung harti ….
aya nu dipikangéwa ku hadirin
sauyunan babarengan jeung baraya
teu puguh undak-usukna, teu puguh éntép seureuhna
dijéntrékeun maksud jeung tujuanna
hayoh mamatahan batur ari ka sorangan henteu
Karya sastra wangun puisi anu diwangun ku cangkang jeung eusi disebut ....
sisindiran
guguritan
Wawacan
pupuh
sajak
Sisindiran anu kecap-kecap awal padalisan cangkangna dipaké atawa dibalikan deui
dina padalisan eusi nepi ka siga masang atawa ngarakit disebut ….
paparikan
rarakitan
Wawangsalan
sésébréd
piwuruk
Cangkang dina sisindiran aya dina padalisan….
kahiji, katilu
kahiji, kadua
kadua, katilu
kadua, kaopat
katilu, kaopat
Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun ….
rarakitan
paparikan
Wawangsalan
Tatarucingan
piwuruk
Sisindiran anu diwangun ku dua padalisan sarta ngandung unsur tatarucingan disebut ….
rarakitan
paparikan
Wawangsalan
Guguritaan
wawacan
Tokyo ibu kotana,
tos tepang teras paanggang.
Eusi wawangsalan di luhur téh nyaéta ….
Beijing
Cina
India
Jepang
Thailand
Tas Juli méméh Séptémber,
putus gé teu panasaran.
Eusi wawangsalan di luhur téh nyaéta ….
Juni
Juli
Agustus
September
Oktober
Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nyaéta….
sapadana diwangun ku opat padalisan
unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang
padalisan kahiji jeung kadua disebutna cangkang
padalisan katilu jeung kaopat disebutna eusi
padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang
Nilik kana eusina sisindiran téh kabagi jadi tilu bagian, nyaéta….
piwuruk, piwejang, naséhat
piwuruk, naséhat, silih asih
piwuruk, naséhat, sésébréd
piwuruk, silih asih, sésébréd
silih asih, asmara, sésébréd
Sisindiran anu eusina ngandung piwuruk aya dina nomer ….
(1) jeung (2)
(1) jeung (3)
(2) jeung (3)
(2) jeung (4)
(1) jeung (4)
Istilah séjén tina panumbu catur téh nyaéta ....
panata acara
moderator
Narasumber
Sekretaris
Pamilon
Tugas utama panumbu catur dina diskusi téh minangka ....
panglengkep
panengah
Pamilon
Pananya
Pamaca
Dina kagiatan naon panumbu catur ngalaksanakeun tugasna?
ulang taun
kasenian
Diskusi
Pemilu
olahraga
Salasahiji tugas panumbu catur saméméh lumangsungna diskusi nyaéta ....
ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
teu kudu ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
henteu jadi panengah lamun aya konflik
teu méré kasempetan ka pamilon pikeun nanya
teu kudu ngatur lumangsungna diskusi
Panumbu catur téh kudu nyaho kana waktu nu disadiakeun pikeun diskusi,
sangkan ....
diskusi lila waktuna
diskusi réa konflikna
diskusi réa nu nanya
diskusi bérés dina waktuna
diskusi teu saluyu jeung téma
Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. Muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagalakalepatan. Wassalamualaikum wr.wb.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
bubuka
ngawanohkeun narasumber
méré kasempetetan nanya
pedaran singget diskusi
panutup
ssalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng
sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur
nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring
kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongn panumbu catur dina bagian ....
bubuka
ngawanohkeun narasumber
méré kasempetetan nanya
Pedaran singget diskusi
panutup
Tugas panata acara mah béda jeung panumbu catur, sabab panata acara mah ....
mingpin sakabéh runtuyan acara
ngatur lumangsungna diskusi
jadi panengah dina diskusi
méré kasempetan nanya ka pamilon
méré pedaran singget kagiatan diskusi
Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang
kaséhatan lingkungan, badé ngabahas matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan
jeung Kaséhatan Lingkungan’.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
bubuka
ngawanohkeun narasumber
méré kasempetetan nanya
pedaran singget diskusi
panutup
Tah, ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran
kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, mangga dipasihan waktu kanggo
ngadugikeun pertanyaan ka narasumber.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
bubuka
ngawanohkeun narasumber
méré kasempetetan nanya
pedaran singget diskusi
panutup
Carita anu d wangun ku kaitung pondok sarta mangrupa carita
rékaan (fiksi) dina wangun lancaran (naratif) disebut ...
Sisindiran
Carita Pondok
Dongeng
Sisindiran
Babad
Naon wae anu kaasup unsur intrinsik dina Carpon ...
Tema, alur , palaku, latar
Tem jeng alur
Alur, intonasi, nada, lirik
Palaku jeng latar
Artikulasi, nada, lirik
Srog Wa Alkasan ka hareup. Nu rék kaliwatan daréngdék méréan pijalaneun.
Gék sila mendeko hareupeun nu keur ngocomang. Geus ngahuleng sakeudeung,
ngarérét ka lawang dapur.
Dina téks di luhur, aya kecap ngocomang, anu hartina nyaéta ....
ngomong sorangan
teu daék cicing
ngalamun waé
rewog dahar
ulin waé
Istilah carita pondok atawa sok disingget carpon téh karya sastra sampeuran. Disebut sampeuran téh lantaran ....
pangaruh ti sastra Éropah
geus aya ti baheula
kakara aya sabada merdéka
pangaruh ti sastra Amérika
sumebarna tinulis
Dina carita pangarang téh miboga kereteg nu hayang ditepikeun ka nu maca. Éta
hal téh biasana sok disebut ....
téma
alur
Latar
Puseur sawangan
Palaku
Salian ti sumebar sacara tinulis, carpon ogé miboga ciri ....
anonim
unsurna réalis atawa enya-enya bisa kajadian
faktual
galurna ngarancabang
tokohna réa
Alur atawa plot téh runtuyan peristiwa-peristiwa anu silih sinambung, nepi ka
ngawangun runtuyan carita anu gembleng. Umumna alur téh dibagi kana tilu
jenis, di antaran nyaéta ....
konflik
klimaks
antiklimak
maju
alur waktu
Carpon jeung dongéng téh béda. Salah sahiji unsur pangbéda antara carpon
jeung dongéng téh nyaéta ....
dongéng mah aya pangarangna, ari carpon mah euweuh
dongéng mah réalis, ari carpon pamohalan
carpon mah réalis, ari dongéng mah pamohalan
dongéng mah leuwih panjang batan carpon
carpon mah palakuna réa, dongéng mah palakuna saeutik
Buku kumpulan carpon anu munggaran dina basa Sunda téh judulna “Dogdog
Pangréwong” karangan G.S., terbit taun 1930. Ari carpon anu munggaran ditulis
judulna "Hibat" jeung "Santri Gagal" karya Moehamad Moesa.
Carpon munggaran anu ditulis dina sastra Sunda téh judulna ....
"Dogdog Pangréwong"
"Hibat"
"Hujan Munggaran"
"Néangan"
"Dongéng Énténg ti Pasantrén"
Kumpulan carita pondok anu munggaran téh judulna Dogdog Pangréwong. Éta
buku téh dikarang ku ....
Ayatrohaédi
Tjaraka
R.A.F
G.S
Tini Kartini
