WorksheetsREMIDIAL PH 1 BAHASA SUNDA
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Paguneman téh asalna tina kecap gunem, nu hartina nyarita...
Sorangan
kasar
Silihtempas
lemes
Dina bahasa Indonesia paguneman téh disebut percakapan. Ari dina bahasa Inggris mah paguneman téh sok disebut...
Dialogue
Monologue
Essay
Naration
Kagiatan paguneman téh ngalibetkeun dua urang atawa leuwih. Lamun dituliskeun, paguneman antara dua urang nu nyarita téh biasana dicirian ku tanda kekenteng. Kumaha lambang tina kekenteng téh?
(...?)
(....)
('...')
("...")
Kiwari paguneman teu kudu langsung paadu hareupeun waé. Kecap "halo" téh sok dikedalkeun lamun urang rék...
Nelepon
Paguneman
Ngawawarkeun
Ngawangkong
Dina paguneman aya tatakrama atawa aturan nu kudu diperhatikeun, iwal ti...
Urang teu meunang motong caritaan batur
Pasang peta kamana waé teu merhatikeun nu nyarita
Ulah nyigeung kana perasaan ka nu keur diajak nyarita
Sora kudu ngoncrang
Aturan sopan santun makéna basa dumasar kana kalungguhan, kaakraban , jeung hubungan antara peran panyatur, pamiarsa, tur nu dicaritakeun téh wangenan tina...
Tatakrama Basa
Tatakrama Paguneman
Undak Usuk
Sopan Santun Nyarita
Aya tilu wangun tatakrama basa Sunda, nyaéta...
Basa lemes, basa wajar (loma), jeung basa sapopoé
Basa lemes (hormat), basa loma, jeung basa sapopoé
Basa sapopoé, basa loma, basa kasar (cohag)
Basa lemes (hormat), basa wajar (loma), jeung basa kasar (cohag)
Basa lemes dipaké lamun urang nyarita ka batur saluhureun atawa can wawuh. Maké basa lemes téh dicirian ku ayana opat hal, nyaéta...
Lisan, pasemon, rengkuh, jeung peta
Pasemon, rengkuh, peta, jeung lentong
Kekecapan, pasemon, rengkuh, jeung lentong
Lisan, pasemon, jeung lentong hungkul
lemes
kasar
loma
hormat
Pék tuduhkeun ku hidep conto larapna tatakrama basa nu ngagunakeun ragam basa lemes keur sorangan!
Kuring indit ka sakola
Abdi mios ka sakola.
Bapa angkat ka kantor.
Bapa indit ka kantor.
