wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Biantara

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Hiji kagiatan nyarita dihareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut …..

a)

Dongeng

b)

Biantara

c)

Pupuh

d)

Pantun

e)

Carita Wayang

2.

Di handap ieu mangrupa sawatara tujuan biantara, iwal ti……

a)

Instruktif

b)

Informatif

c)

Insentif

d)

Simpatif

e)

Rekreatif

3.
Fungsi biantara nu tujuanana pikeun mangaruhan nu ngadangu, disebut fungsi…..
a)
Instruktif
b)
Informatif
c)
Insentif
d)
Simpatif
e)
Persuasif
4.
Fungsi biantara nu tujuanana pikeun maréntah , disebut fungsi…..
a)
Instruktif
b)
Informatif
c)
Insentif
d)
Simpatif
e)
Rekreatif
5.
Métode ngabiantara kalawan nyiapkeun gurat badag hungkul ideu poko biantara, disebut métode …..
a)
Presentasi
b)
Impromtu
c)
Talaran
d)
Manuskrip
e)
Ekstemporan
6.

Pamungkas biantara anu eusina kacindekkan jeung saran-saran disebut ....

a)

salam bubuka

b)

bubuka

c)

eusi

d)

panutup

e)

salam panutup

7.

pamingpin ieu di handap anu handal dina biantara atawa disebut orator ulung

a)
b)
c)
d)
e)
8.

Biantara anu eusina teh ngeunaan maksud atawa informasi anu rek ditepikeun

a)

Salam bubuka

b)

Bubuka

c)

Eusi

d)

Panutup

e)

Salam Panutup

9.

Puji sinareng sukur salawasna mung kagungan Gusti ALoh SWT, kalayan rahmat sareng inayahna urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok


Biantara di luhur kaasup kana bagian biantara

a)

Salam Bubuka

b)

Bubuka

c)

Eusi

d)

Panutup

e)

Salam Panutup

10.

Sim kuring ngawilujengkeun ka sakumna para wargi. mudah mudahan kagiatan ieu aya mangpaatna, sangkan basa sunda tetep nanjeur


Biantara di luhur kaasup kana

a)

Salam Bubuka

b)

Bubuka

c)

Eusi

d)

Panutup

e)

Salam Panutup

11.

Tema biantara nu luyu pikeun ditepikeun dina acara paturay tineung nya eta :

a)

miara kabersihan lingkungan

b)

ngalaksanakeun bakti sosial

c)

milih pergaulan nu sehat

d)

papisah lain hartina megatkeun silaturahmi

12.

...

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi bianta

d)

mamanis biantara

13.

1) ngucapkeun salam

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun sukur ka allah

4) medar tema nu rek ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

14.

Sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang keur biantara/pidato, iwal…...

a)

Sikep tenang jeung wajar ulah di jieun-jieun

b)

Eusi/ materi biantara kudu luyu jeng acara nu keur dilaksanakeun

c)

Tagog/penampilan kudu gaya

d)

Merhatikeun waktu nu disadiakeun ku panata acara

15.

1) ngadadak (Impromtu)

2) maca naskah ( manuskrip )

3) ngapalkeun teks ( memoriter )

4) nyatet nu penting - pentingna wungkul (ekstemporan )


nu kaasup kana teknik biantara, nyaeta…...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

kabehanna bener

16.

Jalma nu ahli biantara disebut …..

a)

orator

b)

hotib

c)

operator

d)

proklamator

17.

Kauntungan saupama urang biantara ngagunakeun teks, diantarana nyaeta…..

a)

Urang bisa leuwih percaya diri dihareupeun hadirin nu hadir

b)

Urang kudu mikirkeun materi nu rek ditepikeun

c)

Urang tampil sangakan ka puji ku batur

d)

Urang moal salah macakeun teks biantara

18.

Sawatara hal di handap ieu nyaeta fungsi biantara, iwal….

a)

Ngalancarkeun komunikasi

b)

Media komunikasi organisasi

c)

Nyiptakeun suasana kondusif jeung hubungan nu harmonis

d)

Nembongkeun nu kaparigeulan nu biantara

19.

1) Miboga tujuan

2) eusina ngandung bebeneran

3) cara nepikeunana disaluyukeun jeng pamiarsa/audience

4) nyiptakeun suasana efektif jeng pamiarsa/ audience

5) cara nepikeunana jelas serta matak ngirut

6) nggunakeun intonasi, artikulasi sarta volume sora nu jelas.


sawatara hal diluhur nyaeta mangrupa…...biantara

a)

sifat biantara

b)

Tujuan biantara

c)

ciri-ciri biantara

d)

fungsi biantara

20.

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara, diantarana saperti ieu dihandap iwal….

a)

nutup materi nu ditepikeun

b)

nghaturkeun nuhun ka na perhatian nu hadir

c)

medar topik/tema biantara

d)

mere salam panutup

21.

Anu kaasup salam dina Basa Sunda diantarana...

a)

wilujeng tuang

b)

wilujeng siang

c)

wilujeng bingah

d)

wilujeng tepang taun

22.

Biantara teh dina bahasa Indonesia mah disebutna...

a)

pantun

b)

puisi

c)

pidato

d)

karangan

23.

Lamun urang biantara dina waktu isuk-isuk kudu ngucapkeun salam...

a)

wilujeng sonten

b)

wilujeng siang

c)

wilujeng wengi

d)

wilujeng enjing

24.

1. Panutup

2. Salam bubuka

3. Bubuka

4. Salam panutup

5. Eusi


Susunan biantara anu merenah nyaeta...

a)

1-2-3-4-5

b)

2-1-4-3-5

c)

2-3-4-5-1

d)

2-3-5-4-1

25.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.


Eusi tina sempalan teks biantara di luhur nyaeta...

a)

urang kedah mandi rutin

b)

urang kedah miceun runtah dimana wae

c)

urang kedah ngalaksanakeun hirup sehat

d)

lamun urang batuk kudu nutupan pangambung